Mohon tunggu...
Ika Septi
Ika Septi Mohon Tunggu... Lainnya - Lainnya

Penyuka musik, buku, kuliner, dan film.

Selanjutnya

Tutup

Cerpen Pilihan

Cerpen Sunda : Mang Dodo jeung Misina Ngarekrut Mang Tayong

12 Mei 2024   14:45 Diperbarui: 16 Juni 2024   06:32 455
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Sumber : www.marca.com

"Alaaaaah euy, saha ieu sih nu nelpon urang wae.  Teu nyaho kitu urang teh keur sibuk neangan tempat selpi keur bahan poto propil epbe, hih."  Mang Dodo kukurilingan neangan spot nu alus bari keuheul, tuluy nyokot hengpon 6G limitit edisyen na nu dibuleng kaen ihram bodas nyacas.

"Tingali heula atuh, Do, bisi penting. Maneh mah hayoh weh pamer poto religi di medsos, da moal matak dikanyaah ku mitoha atuuh, Dooo."  Mang Salahahahihi babaturan mengbal Mang Dodo nu boga motto "agami nu dicepeng tapi selpi nomer hiji" eta teh heug mamatahan bari sibuk slupat-slepet ngepot meh bisa dipoto di deukeut Hajar Aswad.

"Heuh, Si Pa Dadang!  Rek naon sih, hoream!" Mang Dodo ningali ka layar hengponna bari samutut.


"Eeh, ulah kitu, Do. Geura waler bisi we Si Pa Dadang jadi ngajodokeun maneh ka budak na nu geulis tea.  Panon hideung, irung mancung, pipi koneng, Euis Bandung.  Heuheuy deeuuhh." Mang Salahahahihi nyakikik siga kuda kajepit bari selpi pose beungeut meri.

Raray Mang Dodo ngadadak buricak burinong.  Dasar pleiboi cap tilu cimol eh duren!

"Slamekom, Pa Hajiiii!" Mang Dodo ngucap salam.
"Wlekomsalam we-er we-be, Do." Waler Pa Dadang.
"Rupina aya naon nya, Pa.  Asa rareuwas kieu abi teh ditilpun ku Pa CEO anu kasohor dunya-aherat." Mang Dodo seuri tapi ngadak-ngadak kerung pas ningali aya ibu-ibu keur gegerelengan naek koper nu aya rodaan.  Ah, pasti ibu-ibu ti Wakandos.

"Itih, dunya aherat, meni kituuu Dodo maaahh." Ceuleukeuteuk Pa Dadang seuri.
" Kieu, Do,  hampura sateuacan na nya, bapa teh bade nyuhunkeun tulung ka Dodo.  Tadina bapa teh teu raos nyarios ka Dodo namung saur neng Euis, Dodo mah bageur pasti kersa nulungan bapa."
Ngadenge ngaran "Euis", Mang Dodo langsung sumanget.

"Mangga, Pa.  Serahkeun we ka abi.  Bade nyuhunkeun tulung naon wae, abi mah sanggem asal abi tiasa nepangan Neng Euis anu geulis satatar Sunda tea."
"Aasyiiap, dalapan genep, gampil eta mah, Do. Bisa dikondisikeun." Pa Dadang nyagakgak seuri, mirip pisan jeung seurina Iskak babaturana Ateng.

Tuluy, bari cingogo Mang Dodo ngadengekeun CEO tilas kasebelasan na di wewengkon gigireun Wakanda ngecap kaditu-kadieu samentawis manehna hayoh weh unggeuk-unggeukan sarasa ngadengekeun laguna Mamang Doel Sumbang anu keur piral tea ......Aiiiiii.....

****
Mang Dodo sibuk ngabenerkeun kumis palsuna anu nyieun biwirna merang ararateul.  Poe ieu manehna cosplay jadi Kang Adjat Sudrajat, pamaen bal idola Pa Dadang.  

Kang Adjat jawara Persib |sumber : www.datatempo.com
Kang Adjat jawara Persib |sumber : www.datatempo.com
Mang Dodo sieun jadi sasaran paparazzi mun datang ka stadion Mia Khalifa eh Abdullah bin Khalifa nu keur ngagelar pertandingan sepak bola antara Wakandos jeung nagarina Mang Kim Somen nu disebut Republik Joseon tangpa nyamur.

Sobatna Mang Nani Hernandesi eta boga tugas nu lumayan abot ti Pa Dadang nyaeta kudu ngarayu palatih timnas Wakandos nu karirna keur aya di awang-awang meh daek pindah ka tim na Pa Dadang nu elehan, eh, hihihi.

Minggon kamari palatih klab mengbal na Pa Dadang dipecat, sapaket jeung dokterna anu statusna aspal.  Pa Dadang kacolongan padahal geus cangcaya ka palatih na nu ngarekomendasikeun jelma eta, nu ceuk cenah propesina dokter padahal kanyataanna dukun pelet.

"Boa-boa urang ge dipelet nya, Do, ku si palatih jeung doktor eta." Pa Dadang mere alesan da embung disebut "SDM rendah IQ 78" ku Mang Dodo kusabab teu cek en ricek heula waktos narima duo keong racun eta.

Mang Dodo ngan nyerengeh teu bisa ngecap nanaon deui.

"Do, omat, geura ciduk eta Si Taecyeon, bisi kapieuheulaan ku tim lain."
"Tayong, Pa.  Taecyeon mah Si Ok atuh, rapper-na 2PM."

Taaah ieu Oppa Taecyon anu kasep tur lucu sadunya perdrakoran|sumber : www.liputan6.com
Taaah ieu Oppa Taecyon anu kasep tur lucu sadunya perdrakoran|sumber : www.liputan6.com
"Euhh enya eta lah Si Ta...yo ... Hei Tayooo." Pa Dadang nembang.

"Har kalahkah nembang si bapa teh.  Yeuh, Pa Hajiiii, Tayo mah beus bulao."
"Ieu mah Tayong, Hyung Tayong.  Pami saur Neng Euis mah, Tayong Oppa." Mang Dodo langsung kabayang-bayang imut Euis anu galenyu kareueut nu nyieun geugeut.

"Nyaaa, si eta lah pokokna.  Sagala cara nya, Do, nu penting sakses."
"Kumaha Dodo weh carana."
"Kaleum weh, di pesak bapa masih aya sesa ngajual skinker 3,000 T deui, gampil lah soal bayaran mah.  Tawaran weh heula 271 T nya, Do.  Embung eleh bapa mah ti juragan tatambangan nu sohor tea.  Lain na agul, pamajikan bapa oge pan ngaranna Sandra, Sandra Bulog, bapana juragan beas. Matak bapa bisa beunghar ge da aya mitoha nu beunghar tur bageur, juragan beas nu kahontal sa-wewengkon gigireun Wakanda."  Pa Dadang seuri bari gugulitikan sawah-kebon, sawah kebon heug ngunclung ka walungan, palid.

***
Stadion Abdullah bin Khalifa eundeur waktos timnas Wakanda ahirna bisa ngelehkeun kasabelasan papan luhur ti republik Joseon.  

Mang Dodo milu eundeur kusabab aya nu ngadadak nyipok damisna.
"Euleuh, Kang Adjat, awis tepang. Kamana wae ateuh, eneng teh sono pisan ka akang."
Mang Dodo kerung bari ngusap damisna anu jol aya tjap biwir beureum euceuy.
"Kang Adjat meni hilap ka abi, ieu Hetty, kaaangg, Hetty Koes Plus Bersudarah eh Hetty Koes Ending Surending."
"Aaahhhhhhh, geuningan Ceu Hehet." Mang Dodo karek inget mun Kang Adjat teh pernah aya hubungan waswiswusweswos sareng Ceu Hehet eta.
"Ah, pami apal Kang Adjat kadieu mah, Neng Hetty palay lah diajak bareng ti Wakanda."

(((Urang nu teu palay))) Mang Dodo ngahikhik jero hate.

"Aduh punten nya, Ceu Hehet, abi aya priyogi heula.  Sanes kirang sono, ieu aya tugas nagara kedah ayeuna pisan dieksekusina.  Mangga ah, dikantun heula." Mang Dodo berecet lumpat, samentawis di tukangna sora Ceu Hetty ngajerewet panjang-pondok teu rela ditinggalkeun ku mantan idola hatena.

Mang Dodo luak-lieuk neangan Mang Tayong, nu diteangan keur cingogo bari cosplay ngabako di sisi lapang.

"Annyeonghaseyo, hyuuung." Mang Dodo nyampeurkeun palatih nu keur gumasep di sisieun gawang.
"Nugu? saha?" Mang Tayong kerung.
"Abi, Dodo.  Maenya hilap ah si hyung mah." Mang Dodo ngaleupas kumisna, balik ka satelan mimiti alias jadi Mang Dodo nu saweuteuhna.
"Aahhh, Mang Dodo geuningan, kumaha, damang?" Mang Tayong nyerengeh.
"Pangesto, hyung."
"Masih di Al-Nasssssrrrr?"
"Masih atuuuuuh."
"Betah, geuningan?"
"Ah nyaeta betah atuh, hyung.  Arab ayeuna na mah benten.  Basa kamari ge abi tiasa ningal ben memetalan, aya Criptopsy jeung bandna abah Hetfield.  Pami ben na Kang Chris Martin mah abi teu ningal da tiketna seep."
"Waaah, boa edan, Do.  Eta nagari nu konserpatip pisan, bisa kitu ayeuna." Mang Tayong gogodeg siga keur tripping.
"Nyaa, duka atuh nya, hyung.  Sok geura taros keun weh ka Pangeran MBS ateuuhh."

"Tapi resep sih, kamari ge abi ningal juru tembang ti nagara na hidep, naon eta teh grupna ujang Jungkook tea?"
"BTS!" Ceuk Mang Tayong bari nyokot golok cinta alias sisir ti pesak lancingan nana, der nyisiran jukut di hareupna.
"Sumuhun eta, BTS sareng blekurupuk eh blekping.  Mantab surantab pokokna mah." Mang Dodo ngacungkeun jempolna.


"Republik Joseon teaaa atuh pikiraneun." Ceuk Mang Tayong bangga.
"Hidep mah nasionalis sajati nya, hyung, padahal pan mangkukna tos dialungan endog sareng guguling ku warga ditu." Mang Dodo nyerengeh.
"Aah eta mah biasa, Do.  Gwenchanayo...gwenchanayo."

Mang Dodo seuri terus ngarenghap, mulai masang kuda-kuda jadi jurkam na Pa Dadang.

"Hyung, jadi kieu, abi teh teu sakaba-kaba manggihan hidep di tempat ieu tapi aya alesan nana.  CEO mantan kasabelasan abi di wewengkon gigireun Wakanda nitah  nawaran hidep janten palatih di ditu."
"Oh, Pa Dadang bade gentos palatih deui?"
"Ku kitu na.  Palatih nu kamari tos dipecat kusabab tos ngawadulan anjeun na, mana janten elehan deui eta klap maengbal teh, rujit pisan iihh." Ceuk Mang Dodo bari biwirna ugal-egol siga leumpang entog.

"Yeuh, hyung, tenaaang we, soal gajih mah bakal langkung ageung batan di timnas.  Pa Dadang pan Crazy Rich tea, usaha skinker jeung mie na geus katelah di mana-mana.  Liwat tah skinker jeung ramyeon made in Joseon mah."

Mang Dodo ningalikeun surat kontrak anu eusina nominal gaji nu bakal dibere ka Mang Tayong mun anjeunna daek jadi palatih klabna.

Mang Tayong ningali angka nu rea pisan enol na. Panon na peureum-beunta, teu cangcaya.

"Di ditu, hidep bakal hirup enak pokokna mah." Mang Dodo nyengir, inget carita Mang Nani anu geus nyieun manehna gabung jeung klapna Pa Dadang bareto tea.

"Bla .... blaaa ... blaaaa.... blubuk ... blubuk ...blubuk." Mang Dodo ngabusa-busa nepika bahe kamamana salila 2 kali 45 menit.

"Jadi kumaha, hyung? Satuju?"  Mang Dodo nyodorkeun surat kontrak nu geus dibere meterei sapuluh rebu.

Mang Tayong gagaro, gigisrik, gugusruk, gugutrut, elekesekeng, bari ningali ka surat kontrak nu dicekel Mang Dodo.

"Ah, moal Do, ah."

"Waeyooooooooooooo?" Mang Dodo reuwas, teu nyangka ku jawaban Mang Tayong, jadi weh nanyana make basa Korehong.  

"Euhh, salah sahijina kusabab di ditu teh pangaos sembako hayoh weh nerekel siga hileud bulu na tangkal."

"Eta pangaos beas sareng sabangsana hayoh weh hargana di awang-awang alias teu turun-turun."
"Teras nya, maenya aya minyak goreng nu merekna "minyak urang" na bungkusna diserat opat belas rebu namung diicalna janten tujuh belas rebu!"
"Atuh kedahna ulah disebat "minyak urang" mun kitu mah.  Sebat weh "minyak maneh" da teu berpihak ka urang-urang."
"Eta gula bodas, ojol-ojol leungit ti pasaran.  Tah pas aya deui pangaosna tos robih janten langkung awis."

Mang Dodo ngabalieur.

"Seur hal-hal anu pikareuseupeun...peureub.  Seueur jalmi teu sieun silih paehan, tawuran, judol, pinjol, korupsi di mamana, seueur  calo, kang parkir liar, sugak-sogok boh di dunya pendidikan boh dunia usaha, leuweung janten lahan sawit, geng motor, banjir, kipk diselewengkeun, pilkadal basilat, seueur nu teu toleran, miceun runtah di mana wae, masih aya hukum nu mintul ka luhur tapi seukeut ka handap, jalan barolong, lampu jalan paraeh, kurikulum sakola gentos wae, teu encan deui soal becuk nu kamari rame tea.  Ah, jangar, Doooo."

"Haaar itu geura, terang ti mana ai mamang eh hyunghyung teh soal nu karitu patut?"
"Ah eta mah sadayana ge tos janten rahasia umum atuh, Do.  Hidep ge tos ngaraoskeun, lin?  Matak hidep langsung indit ka Al-Naaasssrrrr." Mang Tayong barakatak seuri teu eureun-eureun.

Mang Dodo samutut.

****

"Kumaha, Do, hasilna? Laksana pan? Bakal jadi minantu Pa Dadang atuh didinya teh." Mang Salahahahihi panasaran.
"Beuuhh, laksana ti mana horeng. Mang Tayong nolak atah-atah, alesan na panjang pisan siga eusi skripsi."
"Heuheuheu, nya geus bisa ditebak, pasti gagal atuh.  Maneh IPK ngan 2,3 wawanian jadi jurkamna Pa Dadang."
"Aissshhhh, Salaaaaaaaahhhhhh, sekiiyaaaaaaa!!!!" Mang Dodo ngagorowok bari ngalungkeun tarompah emasna.

****

HALAMAN :
  1. 1
  2. 2
  3. 3
  4. 4
  5. 5
Mohon tunggu...

Lihat Konten Cerpen Selengkapnya
Lihat Cerpen Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun