Mohon tunggu...
Kang Warsa
Kang Warsa Mohon Tunggu... Administrasi - Sering menulis budaya, filsafat, dan kasundaan

Sering menulis budaya, filsafat, dan kasundaan

Selanjutnya

Tutup

Cerpen

Carpon: Aki Misja

26 November 2013   17:45 Diperbarui: 24 Juni 2015   04:39 286
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Bagikan ide kreativitasmu dalam bentuk konten di Kompasiana | Sumber gambar: Freepik

Kampung Cihérang pasosoré. Panonpoé sakeudeung deui tunggang gunung. Gunung di Beulah Kiduleun lembur kaciri bulao semu pias, usum geus teu tangtu, kamari hujan ayeuna halodo. Para patani mah katénjo semu marahmay, geus asup usum gedé paré, aya harepan, sugan jeung sugan ku panén usum ieu mah waragad tatanén bisa katutup kucara ngajual paré. Moal ka tangkulak ngajualna ogé, da pamaréntah geus jangji ka para patani rék meulian paré hasil tatanén, malahan geus diwangun Rice-Building, tempat keur nampa para patani anu ngajula paré hasil panén di puseur Kabupatén.

Anu sholawatan, barzanji, jeung pupujian geus réang di masigit. Lalay sing geleber kaluar tina panyumputanna. Nya, béda antara manusa jeung lalay, rék dina cara hirup ogé dina cara puak-paokna. Lalay mah dina maok jambu batu samahina, teu dirabut jeung tangkal-tangkalna. Béda jeung manusa, sabulan ka tukang tangkal Manggu Haji Sukri béak buahna aya anu maok. "Ku lalay badot gedé hulu dipaokna!" Ceuk Haji Sukri, kamari. Lain dikorowot kawas lalay, tapi dipucuk nepi ka béak teu ngari buah manggu téh. " Jigana, kahayangna mah dirabut jeung tangkal-tangkalna!" Haji Sukri masih keuheul katénjona.

Barudak geus sariap-siap rék ka pangajian. Kabeneran geus saminggu lilana, Kyai ngora anu masantrén di Pasantrén Panjalu keur aya di lembur. Sok rada haneuteun ari aya kyai ngora mah. Ngukur kana sumangetna béda jeung kyai anu geus rada kolot. Bisa ngaping ngajaring barudak teu bolon henteu anu geus manjing nonoman. Dua poé katukang ngayakeun pangajian rumaja anu geus ampir lima usum panén peré, kari-kari meunang pangrojong ti salah saurang calég, ceunah ari ngabiayaan keur opieun pangajian barudak baé mah rék maksakeun. Ngan… heueuh ngaranna ogé urang politik sok maké ngan.. Nya para rumaja ogé antukna maké téori "ngan atawa asal", asal sagala rupa kagiatan pamuda diwaragadan wé. " Milih mah ku maha engké!" Ceuk salah saurang pemuda anu rada meueusan.

Ti saprak aya jalan anyar, lain gedé jeung leucir kusabab dihotmix wungkul, ongkoh asa beuki ramé baé kampung Cihérang téh. Para pamuda jeung barudak anu meujeuhna dedegler unggal Saptu peuting ngaradon ruang-riung di éta jalan. Lain pamuda Cihérang wungkul ari kitu téa mah, teu dimana-mendi tumplek ngaramékeun jalan anyar. Heueuh ngaranna ogé rumaja, meujeuhna tumuwuh tulang ranguna, teu kaop aya anu nénjokeun sok langsung maén habek baé. Gelut jeung paraséa geus lain hal anu anéh deui unggal Saptu peuting.

" Éléh ku lalay!" Ceuk Si Kemed di Warung Mang Ujang saba'da solat Magrib.

" Saha?" Ceuk Aki Uko. Katénjo atok-atokan, maksakeun manéh ngadahar ciréng.

" Jelema!"

" Asa karék ngadéngé aya jelema éléh ku lalay?" Beulah katuhu Aki Uko, Mang Santa milu mairan. " Tinggal dikepruk ku sapu nyéré ogé paéh!" Manéhna nambahan.

" Éta lalay dina kopéah siaaa, Santa!" Ceuk Si Kemed ka Mang Santa. Anu ditunjuk ngagurubug bari ngalungkeun kopéah. Kepluk kopéah murag kana katél anu keur ngagoréng Géhu. Mang Ujang molotot. " Jual wé Ujang éta goréng kopéah téh, laku geura kana ceban mah!" Si Kemed rada seuri.

" Bedus téh !" Mang Santa jamotrot. " Angkat ujang, éta kopéah déwék!!!"

Kopéah dina katél diangkat ku Mang Ujang. Mang Ujang masih jamedud, Saumur nyunyuhun hulu asa karék ngalaman ngangkat goréng kopéah dina katél.

" Anjiiirrrr mani tutung kieu goréng kopéah!" Aki Uko nyeceléh.

" Tuh nya, dibobodo aya lalay dina kopéah ogé, manéh langsung ngagurubug, Santa!" Ceuk Si Kemed.

Mang Santa nyeumpal kopéah anu baseuh ku minyak. Bari jamotrot.

" Reuwas déwék, lain éléh ku lalay!"

" Jadi éléh ku lalay gening jelema téh!" Si Kemed ngomong deui. " Kieu maksud déwék mah. Asa can pernah ka caritakeun aya lalay tawuran, nya? Sugan kusabab parebut paokeun jambu kulutuk, aya kitu lalay anu tawuran. Atawa teu silih tanya nepi ka samingguna?"

" Ngaranna ogé lalay sia téh. Sato itu mah, ari urang mah manusa.. Tong ngabandingkeun sato jeung manusa atuh!" Mang Santa katénjo masih neuteuli.

" Heueuh, naha atuh lamun urang ngaku manusa maké éléh kalaluan téh ku lalay… enya ogé sato tapi tara tawuran.!"

" Émang saha sia téh anu tawuran? Da déwék mah ti barang bral ka alam dunya aya can pernah paraséa, paloba-loba omong, komo nepi ka kudu silih teunggeul jeung batur mah!" Témbal Mang Santa.

" Heuheu, tong morongos atuh…!" Ceuk Si Kemed kalem.

" Bener,Si Santa mah tara paraséa ti leutik ogé, Kemed!" Ceuk Mang Ujang. " Kuring saksina, Wallahi!"

" Teu kudu sumpah sagala, asa teu penting barina ogé!" Abah Uko ngomong.

" Arilaing can apal? Barudak sakola tawuran di dayeuh." Ceuk Si Kemed. " Aya anu maot sagala! Teu kapalang opat urang dikecemplung ka walungan rék nyalametkeun diri pédah dibeberik ku balad ti sakola séjén!"

" Kutan?"

" Baca Koran! Tuh Kuwu Juwena geus nyieun mading ayeuna mah di balédésa!"

" Waregah indit ka baledésana ogé, tara diongkosan ku Si Kuwu!" Ceuk Aki Uko.

" Terus kumaha?"

" Ah henteu kukumaha, kitu wé. Manéh boga budak pan? Tah papatahan ulah nepi ka tawuran..!"

" Wah budak déwék mah bageur sia téh. Boro-boro tawuran, kaluar ti imah ogé jarang!" Ceuk Mang Santa.

***

Isukna , dina Wanci tunggang gunung, aéh.. panonpoé ogé teu katénjo da keur meujeuhna ngagebrét hujan. Aya iber ti masigit, Haji Sukri ngabéwarakeun lamun Jang Oban budak Si Ohi perlaya kusabab pipilieun tawuran. Cenah layonna palid di susukan Cisuda. Atuh éar salembur. Jalan ramé, anu maké payung, mantel, jeung ditudung. Beubeunyit mah ngadon kukucuprakan dina kakalén bari huhujanan.

" Nu bener?!"

" Geus dipaluruh ka Sakolana?"

" Geus ditanyakeun ka pihak sakola, lamun anu jadi korban téh Jang Oban?"

" Teuing atuh, naha maké nanya ka déwék. Da déwék mah lain guru di Sakolana!"

" Kudu asak sasar, tong langsung nyangka lamun Jang Oban perlaya tuluy palid ka wahangan!"

" Jug wé ku sia tanyakeun ka kulisi ari daék mah!"

" Mana Bapana, Si Ohi!"

Kitu kira-kira raména urang Cihérang, padahal hujan masih ngagebrét.

Teu lila torojol Kuwu Jumena dituturkeun ku Hansip Ika jeung hansip Adut ka éta tempat. Dipayung hideung.

" Kumaha atuh ieu téh, para sadérék?!" Ceuk Kuwu Jumena.

" Si Oban perlaya, Pa Kuwu!" RW Apud anu ngomong.

" Tuh, nya dasar RW Apud, can puguh ogé geus wani ngomong lamun Si Oban perlaya!" Haréwos Si Kemed ka Mang Santa.

" Innaa lillaahi… teu sangki, padahal anom kénéh. Tétéla yuswa mah teu sepuh teu murangkalih, nya?" Ceuk Kuwu Jumena bari menerkeun kacamata. " Tos diumumkeun atuh di masjid?"

Anu aya di dinya silih pelong. Asa kurang nyambung jigana.

" Naha karah ngadon sing polohok, hayo atuh pulasara layonna!" Ceuk kuwu Jumena deui.

" Pa Kuwu… teu acan puguh saha anu perlaya téh Si Oban atanapi sanés. Da nembé haréwos angin ieu ogé!" Si Kemed nyeletuk.

" Hoorr, naha atuh Pa Rw maké nyarios sapertos tadi ka abdi?"

" Heueuh.. RW jeung Kuwu saruana ieu mah, nu hiji pikun anu hiji deui salah tampa!" Mang Ujang ngomong, laun.

" Kieu atuh, tepangan Mang Ohi!" Ceuk Kuwu Jumena. " Hayu urang ka rormpok Mang Ohi!"

Brul anu araya di éta tempat muru imah Mang Ohi. Hujan geus rada meueusan henteu ngagebrét teuing. Ceu Eha keur ngabangingik ceurik, nyuuh kana sofa.

" Ceu, sing sabar nya da can puguh, boa Si Oban boa batur anu perlaya téh!" Si Kemed ngupahan. " Mana si Ohi?"

" Keur ka sakola Kang Ohi mah. Rék kompérmasi cenah!" Tembal Ceu Eha alum, sedih.

" Atuh urang antosan baé dugi ka Si Ohi mulih!" Ceuk Kuwu Jumena.

Imah Si Ohi pinuh ku jelema. Nepi ka téras-térasna. Sawaréhna ngupahan jeung ngabébénjokeun Ceu Eha. Ceu Eha ogé nyabar-nyabarkeun manéh baé. Nepi ka sajam ti harita aya anu cocorowokan.

" Aki Misja tikecemplung… paliddd ka Cisuda!" Corowokna ti kajauhan. " Aki Misja palidddd….!!!!"

Éta jalma nepi ka imah Si Ohi, rénghap ranjug awahing ku capé.

" Sok ngarénghap heula, Kunang!"

" Aya naon, Kunang?!"

Nu ditanya masih rénghap-ranjug. Bari tutunjuk.

" Aya naon, Cep Kunang?!"

" Aki Misja palidddd….. !"

" Di mana?"

" Cisuda!"

" Aduh, mangkaning keur meujeuhna caah nakeran!"

" Hayu urang ka ditu!!!" Ceuk RW Apud.

" Ka mana, Pa RW?!" Ceuk Mang Santa.

" Képrét siah ku déwék, pertanyaan téh mani teu berbobot!" RW Apud molotot.

" Hihihi.. hakan siah!" Si Kemed ngaharéwos ka Mang Santa.

Brul kabéh muru ka Wahangan Cisuda. Nu di imah Si Ohi kari awéwé. Wanci geus sareupna. Poék. Tétéla hujan téh badag lain lumayan. Paré anu keur meujeuhna gedé téh kakeueum ku cai ampir tilu parapatna.

" Kadé sing waspada, caina badag…. !"

" Lebah mana galengan téh, teu katénjo…!"

" Beulah dieu, euy… ieu galengan anu brasna ka Cisuda mah!"

" kadé ah… kadé… bilih carilaka!"

Teu nolih kana cai anu gedé. Kabéh laleumpang dina galengan anu pinuh ku cai semet cangkéng. Bari sing jorowok.

" Akiii Aki Misjaaaaaaaaaaa!" Sora awuhan. Pacampur jeung sora hujan.

" Akiiiii…. Akiii misja…..!"

Wanci beuki nyéréd ka sareupna. Sanajan hujan geus root. Susukan Cisuda masih ngagulidag ku caah. Kabéh mapay-mapay sisi susukan. Nepi ka ngong kadéngé adzan magrib.

" Akiiiiii Misjaaaa…. Misjaaaaa!"

Geus pegat harepan. Aki Misja keukeuh teu kapanggih.

" Kumaha atuh Pa Kuwu?"

" Aruih hela wé, urang laporkeun kanu berwajib…!"

Bral baralik. Cai di sawah geus rada saat. Orokaya paré ruksak. Geus bener-bener poék.

Hawar-hawar aya anu ngagorowok ti Beulah kidul.

" Dieu….. Beulah dieuuuuuuu!!!!"

Kabéh ngarandeg. Bisi salah dédéngéan, bisi sora jurig anu nipu.

" Beulah dieu, bantuannnnnn, tulungannnnn!"

Rob kabéh paheula-heula ka Beulah kidul. Teu nolih tincakeun. Aya anu tigebrus ka sawah sagala.

" Heyyy… Beulah mana?!!!"

" Beulah dieuuuuu…. Dieuuu… gancang tulungannnnn! Bantuannnn!" Kadéngé peura.

Beulah kidul katénjo semu ngelemeng, hiji jalma keur gupak di tengah sawah rawa. Kabéh paheula-heula nulungan.

" Aki Misjaaaaaaaaaaa!" Ceuk anu pangheulana nepi ka tengah sawah rawa.

Nu séjén ogé pipilueun turun ka sawah.

Aki Misja katénjo, sanajan poék, keur mayang hiji budak. Ku urang Cihérang dibantuan digotong kaasup Aki Misjana dipayang ku urang Cihérang. Kabéh leumpang gagancangan muru lembur.

Budak leutik dibéré nafas buatan. Orolooo… oroloooo Utah cai. Aki Misja ngalelempréh.

" Budak uingggggg!" Ceuk Mang Santa bari ngagulang gapér budak. Budak beunta lalaunan.

Kabéh melong ka Aki Misja. Hayang nanya kumaha jujutanna, ngan katénjona asa can waktunya ditanya da jelemana ogé masih kénéh capéeun.

" Si Oban kumaha?"

Urang lembur aya anu ka imah Si Ohi aya anu baralik . Rék solat magrib hela.

Wanci sareureuh budak Si Ohi balik.

" Horr geuning éta jeung Si Oban?" Ceuk Si Kemed.

" Teu kunanaon gening budak téh?!"

" Ceunah perlaya kusabab tawuran…?!"

" Ah, dasar wé Si Tutang tah rada weureu, nginfokeun hal anu palsu!"

" Ka mana ceunah Si Oban téh nepi ka pikamelangeun batur?"

" Kapanggih-panggih keur ngadon maén PS di dayeuh….!" Ceuk Si Ohi bari gogodeg.

" Lamun nyaho kieu, aing mendingan molorrr!" Ceuk Aki Uko.

Bral kabéh bubar.

***

Ramé ngaromongkeun, Aki Misja mangrupa hiji pahlawan anu geus nyalametkeun budak. Unggal gang ramé ngawangkongkeun kumaha hébatna Aki Misja, bisa ngalawan caah wahangan Cisuda anu katelah sanget jeung pikasieuneunna.

HALAMAN :
  1. 1
  2. 2
  3. 3
  4. 4
  5. 5
  6. 6
  7. 7
  8. 8
  9. 9
  10. 10
Mohon tunggu...

Lihat Konten Cerpen Selengkapnya
Lihat Cerpen Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun