Anu aya di dinya silih pelong. Asa kurang nyambung jigana.
" Naha karah ngadon sing polohok, hayo atuh pulasara layonna!" Ceuk kuwu Jumena deui.
" Pa Kuwu… teu acan puguh saha anu perlaya téh Si Oban atanapi sanés. Da nembé haréwos angin ieu ogé!" Si Kemed nyeletuk.
" Hoorr, naha atuh Pa Rw maké nyarios sapertos tadi ka abdi?"
" Heueuh.. RW jeung Kuwu saruana ieu mah, nu hiji pikun anu hiji deui salah tampa!" Mang Ujang ngomong, laun.
" Kieu atuh, tepangan Mang Ohi!" Ceuk Kuwu Jumena. " Hayu urang ka rormpok Mang Ohi!"
Brul anu araya di éta tempat muru imah Mang Ohi. Hujan geus rada meueusan henteu ngagebrét teuing. Ceu Eha keur ngabangingik ceurik, nyuuh kana sofa.
" Ceu, sing sabar nya da can puguh, boa Si Oban boa batur anu perlaya téh!" Si Kemed ngupahan. " Mana si Ohi?"
" Keur ka sakola Kang Ohi mah. Rék kompérmasi cenah!" Tembal Ceu Eha alum, sedih.
" Atuh urang antosan baé dugi ka Si Ohi mulih!" Ceuk Kuwu Jumena.
Imah Si Ohi pinuh ku jelema. Nepi ka téras-térasna. Sawaréhna ngupahan jeung ngabébénjokeun Ceu Eha. Ceu Eha ogé nyabar-nyabarkeun manéh baé. Nepi ka sajam ti harita aya anu cocorowokan.