Mohon tunggu...
Rifki Feriandi
Rifki Feriandi Mohon Tunggu... Relawan - Open minded, easy going,

telat daki.... telat jalan-jalan.... tapi enjoy the life sajah...

Selanjutnya

Tutup

Puisi

Neng Iti, Dik Siti, Nyi Uti (Saukur Carita Pondok)

22 Februari 2011   06:00 Diperbarui: 26 Juni 2015   08:23 440
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Bagikan ide kreativitasmu dalam bentuk konten di Kompasiana | Sumber gambar: Freepik

#memperingati hari berbahasa ibu yang jatuh tanggal 21 februari

Mangtaun-taun ngabujang, karek ayeuna handeueulna teu langsung kawin jeung si Eha. Gara-garana loba teuing ‘pertimbangan’ kuringna, jadi we direbut batur. Leuwih nyeri karasana, sabab ‘batur’ di dieu teh nya sobat dalit kuring, Somad.

Enya eta ge heueuh hirup nyorangan teh karasa hampang, teu beurat. Rek indit ka mana-mana ge teu ripuh, teu kudu mikiran saha nu ngilu – anak pamajikan. Rek ka ditu jug, rek ka die jig, ka sabrang ka Palembang kuma karep kuring. Mabur jiga manuk meber jangjang. Hirup nyorangan ge karasa “ekonomis”, teu kudu ngaluarkan banda nu gede, cukup jang saukur saurangeun wae. Mun keur usum kantong kempes, gampang atuh jadi bujangan mah. Ngeclok ka warung ieu, nginjem ka warung itu. Teu kudu era, da jadi bujangan ieu.

Ngan orokaya, hirup nyorangan teh sok karasa ripuh oge ketah. Nanaon kudu digawe ku sorangan. Nyeuseuh-nyetrika ku sorangan wae. Mun karasa keur haroream mah, sok ngahaja nyeuseuh-nyatrika disaminggukeun. Liwat ti saminggu, kapaksa we make baju – komo calana jero mah – side A side B.

Nincak malem Minggu karasa leuwih nyeri. Nyileuk we nyorangan. Nyeta sok kabayang popotongan uing, Nyi Eha nu keur ocon jeung salakina – Somad. Komo dina usun tiris kieu mah, jigana teh uplek di kamarna duaan. Teu kudu diomongkeun urusan nu aya di palangkakan mah bisi kasebut porno. Ari kuring, unggal peuting nyorangan wae, ukur guguling nu digugulung. Panon molotot teu bisa sare, euweuh nu ngelus sirah. Mun keukeuh teu bisa sare, pikiran ngalayang ka mana-mana, breh we deukeut ka nu disebut fantasi. Astaghfirullah.

Ayeuna ieu kuring di nagri batur, nyingkur beh wetanneun Palembang. Teu ngahaja teu sing nyiar kipayah sakitu jauhna. Ngan ukur nuturkeun indung suku, kamana jung nya eta nu di tuju. Nu disebut nyingkur teh bener nyingkur, sapetak imah nu dikontrak rada anggang ka ditu ka dieu. Di dieu pisan ayeuna kuring nambru teu walakaya, na dipan dikasuran nu ipis kapukna.

Matak naon atuh baheula teh Ema jeung Abah teh maksakeun kuring kawin ka Neng Iti, tilu taun liwat ti kawinna Si Eha. Kuring moal jiga kieu ayeuna. Dasar kuring lalaki balaga deuih harita make jeung nembal:
‘Ema teh pami ngajodokeun abdi, cing atuh pilarian nu rada geulis meueusan. Jeung eta deuih, namina meni Iti. Kumaha engke mun diheureuykeun babaturan, malah ditambah-tambahan sahurup ditukang’.
‘Astaghfirullah. Na ari maneh Ujang, ngomong teh teu dipikir heula” cek Ema, paromanna pias.
“Neng Iti teh nu sakitu binangkitna. Bageur tur soleh. Nya heug. Kumaha nyaneh wae. Ulah kaduhung engke jaga, tina alatan omongan maneh nu sompral teu dipikir heula’, saur Ema cirambayan.

Meureun ieu kitu supata ti Ema, ngabujang terus nepi ka kolot. Naha sangsara ayeuna taya nu ngariksa diri nu keur parna ku kasakit teh alatan Ema nyurucud cisoca. Boa-boa bener cisoca indung nu peurih batin disakseni ku Gusti.

Duh hapunten Ema, kuring ngaraheutkeun manah Ema kapungkur. Mun aya keneh dikieuna, Ema tangtos aya digigireun. Kuring nyeri huntu, Ema ngarendos bawang bodas, ditamplokkeun na salempay, dibeungkeutkeun na leungeun kenca. Kuring gering panas, Ema bongkar lomari ngaluarkeun anduk leutik Good Morning nu geus ipis, dikeueum saheulaanan dina cai panas, terus dikompreskeun. Kuring ngagibrig panas tiris, Ema bulen sabadan-badan kuring ku simbut belang-belang poleng bodas hideung. Ayeuna saha atuh nu kersa ngariksa Ujang.

Ripuh. Umur opat puluh, nyorang hirup nyorangan, nyaba jauh meuntas sagara, karasa bener tunggara pisan. Jeung ieu deuih, panyakit anyar teh bet teu puguh-puguh mucunghul. Dipiheulaan ku lieur jiga tungkeb bumi alam, maralik sakabeh nu aya di hareupeun. Luhur jadi handap, handap jadi luhur. Ngagoleang awak ka kenca ka katuhu lir ibarat parahu dioyagkeun ombak. Lenglengan karasana. Hayang ongkek tapi weleh teu bisa. Eta nu disebut Vertigo cenah.

Asa jiga jurig Vertigo teh, datang teu katingal tarang, mulang teu katempo punduk. Teu puguh alatan naon panyakit teh datang, ujug-ujug leungit we teu pupuguh.

Leungit panyakit anyar, jol musuh gerot: nyeri huntu. Padahal mah geus beak opat tutunggul huntu nu jiga mutu – geraham cek batur mah. Ayeuna aya deui liang leutik sagede liang cocopet, ngan orokaya mun nginum citiis teh, nyanyautan adug lajer. Asa mendingan dibere bolong gede huntu teh.

Nu ayeuna nu keur dialaman nu pangparna mah. Teu sapira awalna, ngan saukur nyeri sirah. Ngan nyerina lain eun-eunan, jiga ditakol palu gede ti hareup jeung ti tukang. Karasana teh jiga urang lumpat tarik, sirah tidagor nubruk tiang listrik. Nu biasana mah leungit mun dibawa sare, ieu mah nambah parna. Sirah teh jiga bal rek bitu.

“Sepertinya Bapak terkena tekanan darah tinggi. Tekanannya tinggi Pak”, cek dokter di Puskesmas.
“Kutan. Padahal saya mah jarang makan daging”, cekeng teh.
“Bukan sakit maag Pak. Tapi tekanan darah Bapak tinggi”, cek Bu Dokter meni galak.
Ih, aya ku saliwang eta dokter.

Mun ditalungtik mah aya riwayat tekanan darah tinggi kuring teh, matak sok teu dianggap nyeri sirah mah, geus biasa. Can deuih ditambah ku lintuh bayuhyuh, atuh we kolesterolna naek. Parasaan mah geus lila teu dahar kadu jeung jeroan. Naha alatan keur loba pikiran kituh, setres istilahna mah.

Teu cara biasa, di luar asa jempling kacida, jiga gaang katincak. Euweuh sora anjing sora anjing acan. Ditempo ti jandela, asa poek mongkleng buta rata, euweuh bentang hiji-hiji acan kacirina teh. Ret panon ngareret ka sabudeureun kamar. Euweuh tingalieun, panto keur nutup, jandela melenge saeutik, mere rohangan keur angin niupan hordeng. Jigana mun keur cageur mah karasa tiis, ayeuna mah boro-boro karasa, panas-tiris we nu aya. Ret deui ka sakuriling, deuh asa nyangsaya, euweuh nu nyaho kuring keur gering parna. Kumaha mun aya naon-naon ka diri kuring? Kumaha mun ayeuna nyawa kuring dicabut ku Nu Kawasa? Jigana karek katimuna sababaraha poe kahareup. Eta ge alatan kaangseu bau mayit. Astagfirullah Gusti, sim kuring nyanggakeun diri ka Anjeun.

Geus jam dua welas liwat lima menit. Kuring keukeh teu bisa sare. Sirah asa terus ngagolak. Awak teu walakaya pisan, leuleus pisan jiga nu dipupul bayu. Panon peureum saheulaan. Beunta deui. Awak nyanggeyeng kenca katuhu. Sakapeung beunta bari teu neuleu, pikiran teuing ka mana ku nyerina ieu hulu. Peureum deui. Beunta deui. Sakapeung rohangan caang katempo jiga nu rada moekan. Kitu jeung kitu wae. Teu kaitung sabara lila kituna teh, teu pati ditaliti da ieu sirah jiga rek bitu. Ngan ngarasa alam dunya karasa poek pisan. Lain caang moekan, tapi ieu mah poek bener-bener poek.

Sajongjonan mah teu kapikiran teuing, kaelehkeun ku ngagolakna sirah. Lila-lila aya kasieun di jero hate. ‘Duh Gusti, ieu uing lolong ayeuna’. Kasieun teh bukti, ku teu kaciri nanaon, teu katenjo indung suku – indung suku acan. Kasieun nambahan waktu kolebat aya nu meuntas na pikiran, kajadian sabulan katukang. Harita aya beja yen A Encep, tatangga sakampung gigireun imah, keuna stroke. Nya tanda nu munggaran na teh nyaeta lolong. Ayeuna ieu tanda geus aya di diri kuring. Komo deuih waktu inget tanda nu kaduana nyaeta bijil getih tina panon, nu ayeuna karasa pisan. Enyaan aya nu bijil tina panon, lain cimata da ieu mah rada kentel karasana teh. Hate ratug hayang mastikeun bener nu kaluar teh getih lain cimata. Ngan orokaya, panon geus teu bisa nempo. Teu nanaon teu nempo ge, keukeuh uing hayang mastikeun getih atawa cimata nu ayeuna nyurucud teh. Najan dipaksa, leungeun teu bisa cengkat saeutik-eutik acan. Ulah waka nyeka nu kaluar ti panon, ngangkat leungeun wae teu bisa. Kaalaman geuning kasakit jiga A Entang nu lumpuh teu walakaya teh.

Bener ieu mah, karasa rek paeh teh. Geus panon lolong, getihan, ayeuna deui lumpuh. Tinggal hiji deui ka paeh teh, ngan teuing sabaraha lila. A Encep mah majarna teh ngan butuh dua poe ka ngantunna. Gusti, sok atuh geura-geura candak nyawa sim kuring. Langkung enggal langkung sae, Gusti. Ulah jiga kieu diganggayong. Sieun.

Saeutik-saeutik panca indera hiji hiji tuna. Sirah geus bitu jigana, panenjo geus pegat, geutih geus bolokot, pangrasa geus baal, pangreungeu saeutik-saeutik ngurangan. Allahu Akbar… Allah… Allah …

Dianteuran ku sora manuk suit uncuing nu ngadak-ngadak hawar-hawar kadenge di luar.

Les …

—*****—

Awak jiga nu hampang, ngapung di sakurilingeun kamar nu teu sapira gedena. Ti luhur kaciri awak nu ngajirim na kasur ngalempreh. Bengeut na kasur sepa pisan. Hordeng gugupayan katebak angin nu rada ngagelebug. Ngan tetep, simpe deui di luar imah. Ngan sakitu. Poek deui.

—*****—

Satitik cahaya kaciri di lebah ditu. Jiga cahaya tina torowongan leutik. Na ari gebray teh ngadadak, sakabeh di sakurilingeun katempo. ‘Kuring cageur, teu lolong’. Ngan asa caraang jeung BARODAS, serab. Euleuh, ieu meureun nu disebut alam kubur teh. Ih, sieun nataku, sakeudeung deui jigana malekat Munkar Nakir datang pikeun tatanya.

Kurunyung aya wanoja geulis, ngelek baskom borontok dieusi cai. Geulis eta wanoja teh. Disidik-sidik naha asa nambleg Neng Iti baheula, ngan ieu mah leuwih geulis jeung bleh saumur. Ieu kituh nu disebut widadari sawarga teh.

Si geulis teh nurunkeun anduk ipis nu disolendangkeun dina taktakna. Katempo merekna teh Swan Brand. Aeh, na jiga nu Ema baheula. Terus weh manehna teh nganclomkeum andukna, ditetelkeun, dikompreskeun na taar. Bener ieu mah jiga Ema. Euh, kuring geus nempo Ema gening di ieu kubur. Ngan…ke…ke…., naha di jero kubur aya anduk merek Swan Brand. Boa-boa ieu masih di dunya.

Panonn si Geulis nu cureuleuk mencrong. Imutna nu manis ngembang na biwirna. Deuh, meni geulis yeuh widadari. Sud, nyusut cimata nu ngembang di kolopak panon kuring. Aeh, gening cimataan. Bener, ieu mah lain jero kubur. Ret ujung panon ka kenca, ka katuhu. Aya bayangan dua mangkeluk ti kajauhan, nu saeutik saeutik ngadeukeutan. Lain, lain Malekat Munkar Nakir. Maenya malekat direncangan istri geulis, sanes Muhrim. Pamali pan.

Hawar-hawar dua mangkeluk eta nyarita. Kuring geus ngaharepkeun ditanya: ‘Man rabbuka?’, ‘Man kitabuka?’, jiga nu diajarkeum ku Mama Haji baheula. Ngan caritaanana ngabuktikeun yen kuring masih hirup.

‘Gimana, sudah siumankah?’, ceuk eta hiji mangkeluk, nu lila lila kaciri jirimna, kolot,disorban, asa-asa apal. Nanyanya teh ditujukeun ka si mojang.
‘Belum sadar betul Pap?’, ceuk eta widadari teh. Naha asa apal oge kana sorana nu halimpu teh. Ngan saha nya.
‘Pak Ujang! Pak Ujang!’, ceuk si kolot teh ngageroan bari ngagibrig-gibrigkeun awak kuring.
‘Hhhh…, saha ta teh? Aya di mana yeuh kuring?’
‘Bisa dengar saya Pak Ujang?’ ceuk eta lalaki deui, teu nembalan pananya kuring. Sirah kuring muter saeutik, nyidik-nyidik eta lalaki. Breh manehna ge imut.
Teu karasa kuring nyegruk.
‘Pak Haji? Ini Pak Haji?’, cek kuring
‘Iya betuk Pak Ujang. Saya Haji Syukri’,
Segruk deui kuring ceurik. Mun eta tetela Pak Haji Syukri, nu ngontrakkeun ieu imah, eta artina uing hirup keneh. Artina kuring can paeh, jeung lain di alam kubur. Ret deui panon ka sakuriling. Enya tetela, kuring masih keneh aya di kamar kuring sorangan.

Kuring kerung saeutik. Mun kuring lain di alam kubur, na saha eta widadari nu ngelek baskom teh. Ret dieu ka eta awewe nu ayeuna diuk digigireun Haji Syukri. Teg weh, panon paamprok deuleu jeung manehna. Tetelo eh tetela, meh sarimbag jeung Neng Iti. Deuh, sabaraha taun babarengan jeung manehna teh, karek ayeuna nempo geulisna anakna Pak Haji Syukri teh. “Bolohon maneh mah Ujang, kamana wae maneh salila ieu: cek gerentes hate. Seredet hate ayeuna nyeblak nenjo imutna. Gening Neng Siti eta teh, atawa Dik Siti kuduna kuring ngagerona teh.

‘Saya di mana nih’, cek kuring ka Dik Siti, padahal nyaho yen kuring masih di imah sorangan. Sora kuring masih leuleus.
‘Sudah jangan terlalu banyak bicara. Pak Ujang masih lemas. Pak Ujang masih ada di rumah’, cek manehna bari nyabak taar. Tep kulitna nu mulus lir sutera antel. Gek manehna diuk na sisi ranjang. Rawu, sirah kuring dirawu ku manehna, di deukeutkeun kana dadana. Ku kitu na mah wajar, da manehna teh suster di klinik.
Aya nu ngagedur saeutik di dada kuring. Euh, mun kieu mah kuring geura cageur atuh, dirawat ku si geulis.
‘Minum dulu, biar ada tenaga’, yeh meni halimpu eta sora. Suruput citeh amis diteguk. Asa aya tanaga anyar ayeuna mah. Tanaga ku amisna citeh haneut, oge ku amisna gelenyu imut nu geulis.
‘Apa yang terjadi Pak Haji?’ Cek kuring nanya ka Haji Syukri.
‘Panjang ceritanya. Sudah, istirahat saja. Biar Siti nanti sering ke sini, ngerawat kamu.’ Kitu cenah.
“Horseii..”, cekeng teh na hate.

Sanajan Pak Haji Syukri teh nu boga ieu tempat, ngan dumukna di imah lain, saratus meter ti imah kontrakan. Matakna ka Dik Siti teh teu pati deukeut dumeh jarang patepung. Ti saprak harita, Dik Siti rutin datang, awalna dibarengan ku bapana, ukur ngahaja neang jeung ngarawat kuring. Lila-lila datang sorangan ngahaja nganteuran rantang.

Ti saprak harita hirup teh asa leuwih nikmat. Mun henteu manehna nu kadieu, kuring nu ngahaja ulin ka imahna. Euwueh nanaon eta ge, ngan saukur ngobrol. Ngobrol ngaler ngidul nu dimimitian ku caritana basa nimu kuring teu ngahephep sapoe. Kuring ngan bisa seuri mesem basa Dik Siti nyaritakeun yen poean kuring pingsan teh, kuring lain buta. Harita teh, kampung kuring keur kakeunaan giliran ‘pemadaman bergilir’ ti PLN. Ditambah bulan kolot harita teh, euweuh bulan, euweuh bentang. Estuning poek. Meureun kuringna wae nu ras-rasan kana sagala beja ti kampung harita teh.

Beuki lila, asa karasa aya nu ngancik na hate kuring. Nu jadi bahan kabetah di ieu imah, jadi bahan kakangen unggal poe. Widadari geulis, nu ngaranna teu jauh ti pijodoeun kuring nu teu kungsi jadi – alatan Ema jeung Abah teu maksa tea. Neng Iti, nu ieu nah teu nanaon ditambahan hiji hurup, da hurupna ge ditambahan di hareup, lain di tukang.

—*****—

‘Pak Ujang’, ceuk si Nyai ngadelek ogo. Kuring harita keur nutupkeun panto kamar. Aya nu ngagedur di jero dada. Napas kuring renghap ranjug. Heuheuy, kaalaman gening duaan di jero kamar.
‘Pak Ujang’, ceuk si Nyai deui, diuk di sisi ranjang. Sukuna ucang angge, nempokeun bitisna nu bodas nyacas nu teu kahaja kasingsatkeun.
‘Ada apa sayang’, cek kuring. Meh we asa jiga dina sinetron. Asa hayang sarontokeun ngeukeup manehna teh. Manehna kaciri tungkul, ngome-ngome tungtung baju. Naha nya teu Sunda, teu Palembang, teu Batak, teu Madura, awewe nu keur geumpeur mah sarua, sok nyonyoo tungtung baju.
‘Ada apa Mamah, Papah di sini’, cek kuring deui ngadeukeutan manehna.
‘Papah, eu….eu….’, cek manehna geumpeur keneh wae, komo munggaran nyaur Papah mah. Asa leuwih halimpu sorana teh, dibarengan ku haroshos ambekanana.
‘Mamah pengen apa sayang’, gek kuring diuk di gigireunana. Dielus rambutna nu panjang. Najan manehna lain urang Sunda, ngan mun diteuteup anteb, geulisna bawa ngajadi éndahna bawa ti kudrat. Dedeg sampé rupa hadé. Gadona endog sapotong, beungeutna ngadaun seureuh, irungna kuwungkuwungan, tarangna teja mentrangan. Diteuteup ti hareup sieup disawang ti tukang lenjang.(Eta basa, endah pisan geuning).
‘Mamah mau maen doktor-doktoran’, ceuk kuring nyium tarangna.
‘Ah, Papah’, pura-pura era, pipina ngadadak semu beureum. Jeletot manehna nyiwit.
‘Ade kecil juga pengen main dokter-dokteran nih’, cek kuring deui mawa leungeunna nu hampang kana palang…. palang…. – ah teu tega nyebutna.

Peuting eta, nu kadenge ngan gudubrag gudubrug, jeung reat reotna ranjang.

“Pek kaditu Somad, beakeun tah Si Eha. Kuring ikhlas. Kuring ge bisa ocon ayeuna mah, malah oconna ge ka widadari. Lain ocon wae, ayeuna mah kuring ge geus bisa ngamangpaatkeun nu aya di palangkakan kuring kalayan idin ti Gusti. Halal ieu mah.
Mangga lajengkeun Neng Iti, akang moal kaduhung anjeun jatukrami sarena Kang Rahmat ge. Ikhlas akang mah. Moal deui-deui ngabanding-bandingkeun wanoja sejen ka anjeun. Ema, nyanggakeun ieu tuang minantu nu breh bageurna jiga Ema. Mung ayeuna Ema ningalina ti dunya nu lain”, cekeng teh na hate.

Harita teh masih keneh Rayagung, bulan kawin cenah, meneran bulan Desember bulan panutup taun. Ping dua belas teh minangka mungkas carita kuring jadi bujangan, ngotretkeun carita munggaran sahirup sahati jeung si Nyai, widadari nu ku kuring teu weleh dipinyaah. Kuring tamplokkeun rasa cinta, jiga laguna Michael Buble – I love you under my skin.

Hawar-hawar kadenge sora lagu Darso nu judulna Nyi Uti.

Dimunggaran ku asih can laas ka Neng Iti, dianteuran lagu Nyi Uti, kuring
ngadahup ka Dik Siti. Ah, endah dunya teh…

Cag, urang tunda di hanjuang siang, urang teundeun di handeuleum sieum,
paranti nyokot ninggalkeun.

30 November 2009

Minangka carita Sunda munggaran. Manawi katampi.

Ide carita tina lagu ‘Bujangan’ Bang Haji Rhoma.

HALAMAN :
  1. 1
  2. 2
  3. 3
  4. 4
Mohon tunggu...

Lihat Konten Puisi Selengkapnya
Lihat Puisi Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun