Mohon tunggu...
Rifki Feriandi
Rifki Feriandi Mohon Tunggu... Relawan - Open minded, easy going,

telat daki.... telat jalan-jalan.... tapi enjoy the life sajah...

Selanjutnya

Tutup

Puisi

Neng Iti, Dik Siti, Nyi Uti (Saukur Carita Pondok)

22 Februari 2011   06:00 Diperbarui: 26 Juni 2015   08:23 440
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Bagikan ide kreativitasmu dalam bentuk konten di Kompasiana | Sumber gambar: Freepik

Leungit panyakit anyar, jol musuh gerot: nyeri huntu. Padahal mah geus beak opat tutunggul huntu nu jiga mutu – geraham cek batur mah. Ayeuna aya deui liang leutik sagede liang cocopet, ngan orokaya mun nginum citiis teh, nyanyautan adug lajer. Asa mendingan dibere bolong gede huntu teh.

Nu ayeuna nu keur dialaman nu pangparna mah. Teu sapira awalna, ngan saukur nyeri sirah. Ngan nyerina lain eun-eunan, jiga ditakol palu gede ti hareup jeung ti tukang. Karasana teh jiga urang lumpat tarik, sirah tidagor nubruk tiang listrik. Nu biasana mah leungit mun dibawa sare, ieu mah nambah parna. Sirah teh jiga bal rek bitu.

“Sepertinya Bapak terkena tekanan darah tinggi. Tekanannya tinggi Pak”, cek dokter di Puskesmas.
“Kutan. Padahal saya mah jarang makan daging”, cekeng teh.
“Bukan sakit maag Pak. Tapi tekanan darah Bapak tinggi”, cek Bu Dokter meni galak.
Ih, aya ku saliwang eta dokter.

Mun ditalungtik mah aya riwayat tekanan darah tinggi kuring teh, matak sok teu dianggap nyeri sirah mah, geus biasa. Can deuih ditambah ku lintuh bayuhyuh, atuh we kolesterolna naek. Parasaan mah geus lila teu dahar kadu jeung jeroan. Naha alatan keur loba pikiran kituh, setres istilahna mah.

Teu cara biasa, di luar asa jempling kacida, jiga gaang katincak. Euweuh sora anjing sora anjing acan. Ditempo ti jandela, asa poek mongkleng buta rata, euweuh bentang hiji-hiji acan kacirina teh. Ret panon ngareret ka sabudeureun kamar. Euweuh tingalieun, panto keur nutup, jandela melenge saeutik, mere rohangan keur angin niupan hordeng. Jigana mun keur cageur mah karasa tiis, ayeuna mah boro-boro karasa, panas-tiris we nu aya. Ret deui ka sakuriling, deuh asa nyangsaya, euweuh nu nyaho kuring keur gering parna. Kumaha mun aya naon-naon ka diri kuring? Kumaha mun ayeuna nyawa kuring dicabut ku Nu Kawasa? Jigana karek katimuna sababaraha poe kahareup. Eta ge alatan kaangseu bau mayit. Astagfirullah Gusti, sim kuring nyanggakeun diri ka Anjeun.

Geus jam dua welas liwat lima menit. Kuring keukeh teu bisa sare. Sirah asa terus ngagolak. Awak teu walakaya pisan, leuleus pisan jiga nu dipupul bayu. Panon peureum saheulaan. Beunta deui. Awak nyanggeyeng kenca katuhu. Sakapeung beunta bari teu neuleu, pikiran teuing ka mana ku nyerina ieu hulu. Peureum deui. Beunta deui. Sakapeung rohangan caang katempo jiga nu rada moekan. Kitu jeung kitu wae. Teu kaitung sabara lila kituna teh, teu pati ditaliti da ieu sirah jiga rek bitu. Ngan ngarasa alam dunya karasa poek pisan. Lain caang moekan, tapi ieu mah poek bener-bener poek.

Sajongjonan mah teu kapikiran teuing, kaelehkeun ku ngagolakna sirah. Lila-lila aya kasieun di jero hate. ‘Duh Gusti, ieu uing lolong ayeuna’. Kasieun teh bukti, ku teu kaciri nanaon, teu katenjo indung suku – indung suku acan. Kasieun nambahan waktu kolebat aya nu meuntas na pikiran, kajadian sabulan katukang. Harita aya beja yen A Encep, tatangga sakampung gigireun imah, keuna stroke. Nya tanda nu munggaran na teh nyaeta lolong. Ayeuna ieu tanda geus aya di diri kuring. Komo deuih waktu inget tanda nu kaduana nyaeta bijil getih tina panon, nu ayeuna karasa pisan. Enyaan aya nu bijil tina panon, lain cimata da ieu mah rada kentel karasana teh. Hate ratug hayang mastikeun bener nu kaluar teh getih lain cimata. Ngan orokaya, panon geus teu bisa nempo. Teu nanaon teu nempo ge, keukeuh uing hayang mastikeun getih atawa cimata nu ayeuna nyurucud teh. Najan dipaksa, leungeun teu bisa cengkat saeutik-eutik acan. Ulah waka nyeka nu kaluar ti panon, ngangkat leungeun wae teu bisa. Kaalaman geuning kasakit jiga A Entang nu lumpuh teu walakaya teh.

Bener ieu mah, karasa rek paeh teh. Geus panon lolong, getihan, ayeuna deui lumpuh. Tinggal hiji deui ka paeh teh, ngan teuing sabaraha lila. A Encep mah majarna teh ngan butuh dua poe ka ngantunna. Gusti, sok atuh geura-geura candak nyawa sim kuring. Langkung enggal langkung sae, Gusti. Ulah jiga kieu diganggayong. Sieun.

Saeutik-saeutik panca indera hiji hiji tuna. Sirah geus bitu jigana, panenjo geus pegat, geutih geus bolokot, pangrasa geus baal, pangreungeu saeutik-saeutik ngurangan. Allahu Akbar… Allah… Allah …

Dianteuran ku sora manuk suit uncuing nu ngadak-ngadak hawar-hawar kadenge di luar.

Les …

HALAMAN :
  1. 1
  2. 2
  3. 3
  4. 4
Mohon tunggu...

Lihat Konten Puisi Selengkapnya
Lihat Puisi Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun