Mohon tunggu...
Mift
Mift Mohon Tunggu... Lainnya - Profile

A simple man searching for a light of a candle in absolute darkness.

Selanjutnya

Tutup

Cerpen

Mulung Muncang Mangsa Hujan

7 November 2021   09:27 Diperbarui: 7 November 2021   09:42 642
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Cerpen. Sumber ilustrasi: Unsplash

Berebet Si Eno lumpat ka lebah kaler. "Hayu urang mulung muncang, euy. Meungpeung keur hujan. Loba geura.", cenah manehna nyorowok.

Kuring, Si Ade jeung adina, Si Uja, katut Si Dindin nuturkeun bari ti babaranting paheua heula muru ka kebon Bi Anah.

Nu disebut kebon teh da kitu we teu pati niat pepelakan sigana teh Bi Anah mah. Kebon teh ngan dipinuhan ku ganyol, taleus jeung sababaraha tangkal cau jeung dadap. Sesana tempuyung, babadotan, korejat, baluntas, daun sendok, eurih, teki,  jeung rea-rea deui.Di sabudeureun kebon ditanceban gagang sampeu minangka pager anu osok diundeur pucukna ku jang lalab seupan. 

Pas ditengh-tengah, ngajengleng tangkal muncang nu kacida  gede jeung luhurna. Aya meureun satangkeupan tilu jelema kolot mah gede na teh. 

Tapi duka teuing ukuran nu sabenerna mah da tacan kawenehan aya nu ngukur. Eta tangkal muncang teh  pangluhurna kadua sanggeus tangkal lame di astana di pasir lebah kaler bogana Haji Samsudin.

Eta dua tangal kai teh mangrupakeun patokan jang barudak harita di lembur nu kalolobaanana jarambah. Lamun ulin kajauhna tur eta dua tangkal kai masih keneh katingali, hartina jarak ka imah can pati jauh. Lamun tangkal muncang geu teuleum, sarta ngan tangkal lame hungkul nu katingali eta hartina jarak ka imah geus cukup jauh. Lamun tangkal lame oge geus teu kaciri eta hartina kudu ati-ati bisi  nyasab sabab jarak ka imah geus jauh pisan.

Eta dua tangkal teh  euweuh nu bisa ngayonan luhur jeung gedena di desa kuring harita. Di desa-desa sabudeureunana oge anu jadi tempat pangulinan asana euweuh nu ngungkulan ka eta dua tanggal. Aya eta oge di  hiji desa belah kaler aya tangkal kai gede di tengah-tengah astana nu disebut "Astana Sembah". Gede, gedena mah, ngan teu pati luhur. Teuing tangkal naon eta teh da kuring can pernah ngalanto ka eta tempat kusabab eta tempat kawentar sanget. Ngan osok mirengkeun we ti jauhna. Cenah mah eta kuburan  panjang deuket tangkal gede teh nyaeta tempat dikurebkeunana Pangersa "Eyang Sembah",  sababaraha ratus atawa rewu taun ka tukang. Duka teuing saha Eyang Sembah teh tur kumaha sajarah nu sabenerna, mah.

Pas anjog ka kebon, Si Nandang, jeung Si Usep incuna Bi Anah nu boga kebon, katut Kang Hadi geus nyampak didinya. Disebut Kang hadi teh ku sabab manehna mah geus gede, ngan ulin na osok jeung barudak sahandapeunana. 

Kusabab eta maneahna osok disebut oge "Raja Budak". Da umurna oge atuh leuwih kolot ti lanceuk langsung kuring. Tapi ketah sanajan manehna geus SMP kelas tilu oge, kuring jeung babaturan tara iyeuh make nyebut Akang ka manehna teh sanajan kuring jeung babaturan mah saumuran, masih keneh kelas 4 SD ka handap. 

Nu rada gede teh si Eno. Eta ge karek kelas 6 SD. Jeung Kang Hadi mah biasa we disebut ngaran teh da asa ka babaturan meureun, sanajan lamun ditingali tina umur jeung awak mah jauh mela melu. 

Mimiti ngaakangkeun teh, mun teu salah, basa manehna geus kelas 2 SMA harita teh da geu kaciri dewasana. Jeung arang langka ulin jeung barudak deui mun lain maen langlayangan mah. Da maen langlayangan mah lain barudak wae ketah. Kolot oge sok ngeureuyeuh mulut, ngulur, jeung nyasar langlayangan batur. Ngan ari kolot mah tara pirajeunan ngudag-ngudag langlayangan nu leupas. Bagean bebenyit eta mah.

Si Nandang jeung si Usep geus ranggeum ku muncang. Saku calanana oge meni merekis. Si Ade ngasruk nyuay-nyuaykeun jujukutan jeung saliara di jero kebon bari matana seukeut ngimeutan unggal jengkal taneuh ngarah teu kaliwat mun aya muncang nu keur gogoleran. Ayeuna masing masing sibuk kokotetengan neangan muncang murag.

Hujan beuki ngagebret. Susukan gigireun sawah seah caina. Angin nyeor ti belah kulon, ti lebah sawah Pa Guru Maman. Daun muncang dina dahan jeung regang katebak angin pating saleor. Jeleger! Kadenge ti jomantara sora guludug disusul gelap ngampar ngajelegur alahbatan sora bom atum matak eunder jajantung. Dina kaayaan kitu, gepluk,gepluk sora muncang mururagan. Gubrag, aya dahan peunggas, gorobas, ninggang dapuran taleus. Koleang, hiji deui ngoleang kana pager gagang sampeu nepi ka narangkarak kusabab ditiban dahan na kawilang gede.

Kuring saparakanca teu iyueh aya kasieun. Nu aya malah lalumpatan terus mulungan muncang dina lemah, terus muru dahan nu murag.  Bret, bret, bret, muncang dina dahan nu ragrag teh di rabutan. Pas ngaranggeum sababaraha muncang ngora di dua leungeun, teh asa menang naon mah. Bagja kaliwat saking siga meunang emas nu luhur ajena.

Kabeh muncang meunang mulung teh dikumpulkeun dina taneuh ditilaman ku daun ganyol. Aya meureun kana dua puluh siki mah.

Hujan mimiti ngaleutikan. Teu aya katembong muncang deui dina lemah. Kuring jeung kabeh babaturan ngahodhod kabulusan. Beuteung mimiti ngusial lapar.

Si Eno nyokot hiji muncang ngora terus dibabetkeun kana batu deukeut tangkal bintinu. Muncang ancur mancawura terus duparulung ku nu lian. Kuring teu kabagean, ngan kop we nyokot hiji terus nurutan si eno eta muncang teh ditenggorkeun kana batu handapeun tangkal jambe satakerna terus muncang nu ancur teh diparulungan. Sanggeus meunang potongan muncang, ngan habek we didahar. Ngan kitu jeung kitu we. Kabeh ngenyoh muncang ngora nu amis tur pelem. Duka sabarahiji muncang nu jadi eusi peujit kuring sarerea.

Awak mimiti noroktok katirisan bakat ku lila teuing huhujanan. Sirah karasa rada lieur. Asana mah acan dahar ti isuk-isuk. Beuteung kosong terus dihantem muncang ngora atah sanggeus huhujanan.

"Kunaon, Din?", ceuk Kang Hadi bari ningali beungeut kuring nu nahan rasa lieur.

"Lieur euy.", jawab kuring. "Rek balik, ah!" Kuring neruskeun, teu kuat ku sirah nu lenglengan.

Tungtungna mah kabeh baralik da poe geus maju ka sore deuih. Jam opatan harita teh, ngan geus mimiti maju ka poek pedah usum hujan meureun. Bari rumangieung kuring leumpang tukangeun si Dindin jeung si Nandang anu masing masing ngeukeuweuk sababaraha siki muncang dina leungeuna. Bari leumpang teh maranehna nyepakan cileuncang jeung cai hujan anu ngamalir.Tukangeun kuring aya Kang Hadi nuturkeun. Hanteu mawa muncang manehna mah.

Bari leumpang kuring tungkul nitenan sesa-sesa cihujan ngalir luar leor siga oray ka kidulkeun mapay - mapay kamalir  saparat jajalan nu batuna rarantul sagede-gede hui boled jeung aya oge nu sagede cengkir kalapa. Si Usep, S Ade, jeung Si Uja mah geus tiheula nepi ka imahna sewang-sewangan da teu jauh  imahna ti kebon teh. Sedengkeun Si Eno geus mengkol tiheula ka katuhu bari rebo ku muncang dikandungkeun dina beuteung ku baju kaosna.

Bareng jeung ngalirna cihujan  ahirna kuring nepi ka tungtung gang nu brasna ka Imah kuring.

"Yu, ah!", ceuk kuring ka Kang Hadi bari leok kuring mengkol ka katuhu laju ka imah. Kang Hadi ngan unggeuk. Nu sejena terus leumpang muru saimahna-saimahna. Kuring  terus leumpang rumangieung labas ka tukangeun imah. Untung di tepas teu aya Ema atawa lanceuk kuring jadi kuring salamet teu aya nu mireungeuheun kuring nu geus huhujanan.

Nepi ka tukangeun imah terus ka kamar cai rek terus mandi. Muncang tilu siki dina pesak calana dikaluarkeun terus diwadahan kana ember. Ana breh teh bak cai kosong. Terus kuring nimba. Meunang dua tilu ember sirah asa beuki lieur. Nimba teu diteruskeun. Gebrus weh mandi. Sirah diguyur ku cai sumur nu kakara ditimba. Haneut karasana. Tapi ieu sirah can cageur keneh wae, malah beuki nataku. Jeung ayeuna mah dibarung ku beuteung ngusial sebel. Beuki lila beuki parna.

Kuring nganggeuskeun mandi gagancangan. Duka beresih duka henteu. Tapi ieu sirah beuki leng-lengan, jeung beuteung ngusial, siga nu rek ngajuru ceuk nu bohong tea mah.

Beres mandi kuring  buru-buru dianduk meunang ngaronjang tina sasampayan luareun hawu samemeh mandi. Pas beres mandi tur rek muru panto imah, Ema ngurunyung ti jero imah jeung salah sahiji lanceuk kuring nu awewe.

Demi nigali kuring nu pupuringisan, ema naros kakuring, "Kunaon, eta, sepa kitu beungeut teh?"

Kuring pupuringisan teh kusabab kahiji memang sirah keur lier jeung beuteung kukusialan, kadua kuring sieung diseuseulan ku Ema kusabab tas huhujanan.

Encan oge kuring ngajawab, lanceuk kuring nyambung Ema, "Geus huhujanan tah, Ma. Tuh baju jeung calanana nambru di kamar cai!"

Sirah kuring tambah puyeng, tur ti jero beuteung karasa nyelek nataku naek ka luhur. Teu ngawaler pertarosan Ema, kuring muru panto terus asup ka dapur. Nepi ka dapur, kuring nyician cai jang nginum. Encan oge cai diuyup, ti jero beuteung karasa aya nu nyelek kana tikiro. Orolo, baham kuring ngaluarkeun eusi na. Orolo, deui nu kadua kalina.

Dina pelur semen di dapur, nu sabagean geus marekplekan jeung barolong, aya nu ngabayabah bodas siga bubur teu disamara'an. Singhoreng muncang nu tadi dihabek di kebon Bi Anah teh kaluar deui kabaeh.

Ema reuwaseun ningali kuring utah uger teh. Terus kuring dituyun ka kamar. Sanggeus baham diberesihan jeung dibaju jeung dicalana kuring ngagoler dina kasur lepet, teras awak dibalur ku obat angin (PPO) ku Ema. Tos beres disimbutan ku sarung. Teu kungsi lila lanceuk kuring norojol ka kamar bari bari mawa cai sa gelas.

"Yeuh eueut heula ngarah haneut patuanganana," ceuk lanceuk kuring leuleuy bari ngasongkeun gelas eusi cai teh panas.

Sanggeus eusi beuteung kaluar, jeung beuteung dieusian cai teh panas sisusul ku sapiring sangu sangray basajan diuyahan  jeung goreng tahu dikecapan meunang ngecer ti warung Bi Titi, sirah teh  karasa harampang jeung beuteung mimiti  eureun ngusialna.

Ema mimiti nalek, "Geu timana maneh teh, atuh?"

Ku kuring dicaritakeun naon nu tas dipilampah tadi beurang nepi ka sore cikeneh.

"Paingan atuh aya muncang dina ember di kamar cai." saur Ema.

Ahirna ema ngagelendut mapatahan. Entong deui-deui ngadaharan muncang atah, cenah. Wereu, majar teh! Entong sok huhujanan bisi gering, entong ieu mah, entong itu mah ...

"Anggur mah mun keur ulin kaparengkeun hujan, buru balik ka imah, ieu mah kalahkah huhujanan bari poho dahar beurang. Jadi we salatri geuningan, tah!" wuwuh Ema bari anjeuna ngusapan sirah kuring.

Karaos haneutna usapan panangan  ema, anu sadidinten teu weleh dianggo  "Kerja keras" ngurus rumah tangga, nyeuseuh raksukan Bapa sareng paraputra, mirun seuneu sareng masak, nyumponan kaperluan rumahtangga, nyakolakeun sareng ngawuruk ngaos paraputra, ngurus "keuangan" rumah tangga tina gajih guru SD Bapa nu teu sabaraha. Estu ku kasabaran anjeuna, sadayana tiasa kageroh.

 Usapan kanyaah Ema dina mastaka karasa nyaliara kana sakujur awak nu ahirna ngancik dina ati sanubari. Tina ati nyebar deui  ngahaneutan sakujur awak nu tadi beurang noroktok kabulusan, sagala nu dirasa kabeh nyinglar. Nu nyesa ngan rasa tumaninah dina iuhna payung kanyaah indung.

Endah kanyaah Ema, sarta tumaninahna kaayaan di kamar nu diiuhan piasih  indung sanajan kaayaan  basajan pisan, tos  mepende jeung nganteur kuring ka alam impian. Impian ka hareup jaga mun geus gede!

............................................................................................................................

Hapunten Ema, abdi ngan tiasa ngaririweh ema waktos ema jumeneng keneh.  Rumaos abdi basangkal, osok ngalawan, sareng ngajaheutkeun hate  Ema. Alit ku alitna, ageung ku ageungna, abdi ngan tiasa nyesahkeun hungkul ka Ema teh. Hapunten abdi Ema abdi teu kantos ngabagjakeun ka ema. Hapunten abdi upami ayeuna abdi henteu janten sapertos nu didipiharep  ku Ema. Kanyaah sareng perjuangan Ema kanggo para putra sadayana estu disuhun dina emun-emunan ku abdi sareng putra-putra ema nu sanes, bari teu tiasa abdi sadaya ngabalesna.

Kanggo Abdi sareng para putra, Ema teh mangrupikeun pahlawan anu sajati, anu janten kakiatan kanggo abdi sadaya dina ngambah sagara kahirupan. Haturnuhun, dina kaayaan anu serua basajan Ema atos tiasa ngadidik sareng ngaping para-putra sadayana. Anging Allah anu tiasa ngabalaes kana sadaya kasaean Ema.

Robbighfirli waliwalidayya warhamhuma kama robbayani soghiro!

"Wahai Tuhanku, ampunilah aku dan kedua orang tuaku (Ibu dan Bapakku), sayangilah mereka seperti mereka menyayangiku di waktu kecil."

"Wahai jiwa yang tenang! Kembalilah kepada Tuhanmu dengan hati yang rida dan diridai-Nya. Maka masuklah ke dalam golongan hamba-hamba-Ku, dan masuklah ke dalam surga-Ku." (Q.S. Al-Fajr [89]: 27-30)

HALAMAN :
  1. 1
  2. 2
  3. 3
  4. 4
  5. 5
Mohon tunggu...

Lihat Konten Cerpen Selengkapnya
Lihat Cerpen Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun