"Yeuh eueut heula ngarah haneut patuanganana," ceuk lanceuk kuring leuleuy bari ngasongkeun gelas eusi cai teh panas.
Sanggeus eusi beuteung kaluar, jeung beuteung dieusian cai teh panas sisusul ku sapiring sangu sangray basajan diuyahan  jeung goreng tahu dikecapan meunang ngecer ti warung Bi Titi, sirah teh  karasa harampang jeung beuteung mimiti  eureun ngusialna.
Ema mimiti nalek, "Geu timana maneh teh, atuh?"
Ku kuring dicaritakeun naon nu tas dipilampah tadi beurang nepi ka sore cikeneh.
"Paingan atuh aya muncang dina ember di kamar cai." saur Ema.
Ahirna ema ngagelendut mapatahan. Entong deui-deui ngadaharan muncang atah, cenah. Wereu, majar teh! Entong sok huhujanan bisi gering, entong ieu mah, entong itu mah ...
"Anggur mah mun keur ulin kaparengkeun hujan, buru balik ka imah, ieu mah kalahkah huhujanan bari poho dahar beurang. Jadi we salatri geuningan, tah!" wuwuh Ema bari anjeuna ngusapan sirah kuring.
Karaos haneutna usapan panangan  ema, anu sadidinten teu weleh dianggo  "Kerja keras" ngurus rumah tangga, nyeuseuh raksukan Bapa sareng paraputra, mirun seuneu sareng masak, nyumponan kaperluan rumahtangga, nyakolakeun sareng ngawuruk ngaos paraputra, ngurus "keuangan" rumah tangga tina gajih guru SD Bapa nu teu sabaraha. Estu ku kasabaran anjeuna, sadayana tiasa kageroh.
 Usapan kanyaah Ema dina mastaka karasa nyaliara kana sakujur awak nu ahirna ngancik dina ati sanubari. Tina ati nyebar deui  ngahaneutan sakujur awak nu tadi beurang noroktok kabulusan, sagala nu dirasa kabeh nyinglar. Nu nyesa ngan rasa tumaninah dina iuhna payung kanyaah indung.
Endah kanyaah Ema, sarta tumaninahna kaayaan di kamar nu diiuhan piasih  indung sanajan kaayaan  basajan pisan, tos  mepende jeung nganteur kuring ka alam impian. Impian ka hareup jaga mun geus gede!
............................................................................................................................