Alloh S.W.T. Ngadawuh:
يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ وَلْتَنظُرْ نَفْسٌ مَّا قَدَّمَتْ لِغَدٍ وَاتَّقُوا اللَّهَ إِنَّ اللَّهَ خَبِيرٌ بِمَا تَعْمَلُونَ (ألحشر: 18)
“Yeuh jalma-jalma nu ariman ! masing taqwa ka Alloh sarta saban jalma kudu nengetan naon-naon anu geus ditataharkeun pikeun jaga; jeung masing taqwa ka Alloh, lantaran saéstuna Alloh Maha Uninga kana saniskara anu ku maranéh dipilampah” (Al-Hasyr : 18)
Sunan Gunung Djati-Kataqwaan mangrupakeun alat ukur Alloh swt dina nganiléy hiji jalma ngeunaan mulya henteuna hiji hamba di payuneun Manten-Na. Kataqwaan mangrupakeun hiji wasiyat Alloh swt oge wasiyat para Nabi sareng Rasul ka Umatna. Kataqwaan hiji bekel nu panghadé-panghadéna pikeun hiji jalma dina raraga tatahar nyanghareupan kahirupan abadi jaga di akhérat. Ogé kataqwaan mangrupakeun hiji konci pikeun muka lawang karidhoan Manten-Na. Tur kataqwaan téh nu kacida diwanti-wantina ku Kanjeng Nabi Muhammad saw. ka umatna.
Kacarioskeun dina hiji katerangan aya nu Namina Shohabat Abu Dzar ra. anu sajarah kahirupan anjeunna tos seueur di sebat-sebat dina mangpirang-pirang kitab. Anjeunna lebet ka Islam nalika Rosululloh saw. masih aya di Nagri Makkah teuacan hijrah ka Yatsrib (Madinah). Kantos Rosululloh saw. miwarang ka Shohabat Abu Dzar ra. pikeun mulang ka kaumna, tapi Abu Dzar ra mugen, malah nguatkeun tekad pikeun salamina sasarengan sareng Rosululloh saw. Bari mutuskeun moal mulang ka tengah-tengah kaumna. Ku hal kitu, ogé ku ningali kuatna tekad ti Shohabat Abu Dzar ra. Maka kanjeng Nabi Muhammad saw. Ngadawuh:
عَنْ أَبِيْ ذَرٍّ جُنْدُبِ بْنِ جُنَادَةَ وَأَبِيْ عَبْدِالرَّحْمَنِ مُعَاذِ بْنِ جَبَلٍ رَضِيَ اللهُ عَنْهُمَا عَنْ رَسُوْلِ اللهِ صَلَّى الله ُعَلَيْهِ وَسَلَّمَ قَالَ ” اِتَّقِ اللهَ حَيْثُمَا كُنْتَ , وَأَتْبِعِ السَّيِّئَةَ الْحَسَنَةَ تَمْحُهَا وَخَالِقِ النَّاسَ بِخُلُقٍ حَسَنٍ (رَوَاه التِّرْمِذِيْ , وَقَالَ : حَدِيْثٌ حَسَنٌ وَفِيْ بَعْضِ النُّسَخِ : حَسَنٌ صَحِيْحٌ)
Ti Abu Dzar Jundub bin Junadah sareng Abu ‘Abdurrahman, Mu’adz bin Jabal radhiyallahu ‘anhuma, ti Rasululloh Shallallahu ‘alaihi wa Sallam, Anjeunna Ngadawuh: : “Masing taqwa ka Alloh di mana baé anjeun ayana jeung prak tuturkeun hiji pagawéan dosa téh ku pagawéan kahadean, tanwande éta pagawéan kahadean téh bakal ngaleburkeun pagawéan dosa, jeung prak campur gaul jeung manusa kalayan akhlak nu hadé”.(H.R. At-Tirmidzi, anjeunna nyarios: Ieu Hadits téh hasan, dina lafadz nu sanés anjeuna nyarios ieu hadits téh darajatna hasan bari shohéh).
Imam Abdurrahman As-Sa’di ra. nyarios, yén Hadits ieu téh kacida agungna. Sabab, dina Hadits ieu, Rosululloh saw. Ngumpulkeun antara hak Alloh swt. jeung hak para hamba Alloh swt. Anapon hak Alloh swt nu jadi kawajiban para hamba pikeun ngalaksanakeunana, nyaéta kudu nancebkeun rasa taqwa ka Alloh swt. dina dirina si éta hamba, kalayan taqwa anu sabener-benerna. Maranéhna kudu sieun kana bebendon sareng siksaan Alloh swt. ku cara maranéhna ngajauhan sagala bentuk pagawéan nu dilarang ku Alloh swt. Taqwa ogé mangrupakeun wasiyat Alloh swt. ka kaum-kaum baheula tug dugi ka umatna Kanjeng Nabi Muhammad saw. Salian éta ogé, taqwa téh mangrupakeun wasiyatna para Nabi sareng Rosul ka umatna. Sabab, satiap Rosul pasti bakal nyarita ka umatna: “Ibadah anjeun kabéh ka Alloh, jeung masing taqwa anjeun kabéh ka Manten-Na.
Dina Matan (eusi) hadits di luhur ngauningakeun tilu pesen Kanjeng Nabi saw. Khususna ka Abu Dzar ra. umumna ka urang sadayana. Tilu hal éta téh nyaéta:
Nu Kahiji, ” اِتَّقِ اللهَ حَيْثُمَا كُنْتَ” (Masing taqwa ka Alloh di mana baé anjeun ayana), Imam An-Nawawy ra. Ngajelaskeun yén maksud tina: “Masing taqwa ka Alloh di mana baé anjeun ayana”, nyaéta takwa ka Alloh dina tingkah kaayaan urang keur aya dimana baé, hartina boh nalika urang keur sosorangan, ogé keur ramé dihareupeun jalma loba. Salah sahiji hal nu bisa ngabantu urang nancebkeun rasa taqwa ka Alloh swt., nyaéta ku jalan urang numuwuhkeun kasadaran yén salamina Alloh swt. ningali tur nengetan ogé ngawaskeun ka urang sadayana dina sagala kaayaan. Sakumaha Dawuhan Alloh swt dina Qur’an Surat Al-Mujadillah ayat 7:
….مَا يَكُونُ مِن نَّجْوَى ثَلَاثَةٍ إِلَّا هُوَ رَابِعُهُمْ …(ألمجادلة: 7)
“….Teu aya nu lian saurang ogé ti antara tilu jalma anu haharéwosan, anging Manten-Na (Alloh) anu kaopatna ….” (Al-Mujadilah: 7).
Salajengna Imam An-Nawawy ra. sasauran, yén kecap taqwa téh ngalimpudan kana sagala bentuk tingkah pagawéan dina raraga ngalaksanakeun sagala paréntah Alloh swt. jeung ngajauhan sagala bentuk hal nu dilarang ku Manten-Na.
Syaikh Al-Utsaimin ra. nyarios, yén kalimat ”” اِتَّقِ الله (masing taraqwa ka Alloh) tina dawuhan Kanjeng Nabi Muhammad saw. Mangrupakeun bentuk kalimat Fi’il Amar tina kecap “أَلتَّقْوَى ”. nu mibanda maksud pikeun ngalakukeun cara dina raraga urang ngajaga diri tina bebendon ogé siksaan Alloh swt. Ku cara urang ngalaksanakeun sagala paréntah Alloh swt. Ogé ngajauhan sagala nu dilarang ku Manten-Na. Ieu pisan nu disebut taqwa, tur ieu pisan harti nu sayakti ngeunaan harti jeung makna taqwa nu diguar ku para Ulama.
Kalimat , ” اِتَّقِ اللهَ حَيْثُمَا كُنْتَ” (Masing taqwa ka Alloh di mana baé anjeun ayana) Syaikh Al-Utsaimin ra. maparin koméntar, yén taqwa téh kudu dipaké dimana baé urang ayana. Ku kituna, ulah nepi ka taqwa téh, wungkul keur ditingali ku jalma loba atawa dina kaayaan urang aya dina riungan jalma wungkul, tapi dina kaayaan urang keur sosorangan ogé kataqwaan téh tetep kudu dipaké. Sabab, Alloh swt. Ningali urang dimana baé urang ayana.
Imam Asy-Syafi’i ra. nyarios: “Aya tilu hal nu kaasup kana lampah mulia dipayuneun Alloh swt. Nyaéta nu kahiji Béréhan (dermawan) najan dina kaayaan keur sarwa kakurangan, nu kadua wara’ (ngajaga diri tina dosa/lampah ati-ati dina nebihan maksiyat ka Gusti Alloh) dina kaayaan sosorangan, jeung nu katilu, nayéta ngomong nu haq (bener) dihareupeun jalma nu bisa dipiharep bantuanana jeung nu dipikasérab kalungguhanna ku kalolobaana jalma (pajabat)”.
Nu kadua, tina pesen eusining Hadits di luhur téh nyaéta: وَأَتْبِعِ السَّيِّئَةَ الْحَسَنَةَ تَمْحُهَا (jeung prak tuturkeun hiji pagawéan dosa téh ku pagawéan kahadéan, tanwandé éta pagawéan kahadéan téh bakal ngaleburkeun pagawéan dosa).Imam An-Nawawy ra. Ngajelaskeun, yén maksud tina kalimat diluhur téh, nyaéta dimana urang (boh sadar atawa teu sadar) ngalakukeun hiji kamaksiyatan (lampah dosa), maka urang kudu gagancangan tobat ka Alloh swt. Tegesna, neneda panghapunten ka Alloh swt. Sanggeus kitu laksanakeun hiji pagawéan amal sholéh nu bisa ngalebur atawa ngagugurkeun kana pagawéan maksiyat (lampah dosa) nu geus dilakukeun.
Salajengna Imam An-Nawawy ngajelaskeun deui, yén lahiriyah Hadits ieu nuduhkeun kana itungan hiji kahadéan éta wungkul ngaleburkeun atawa ngagugurkeun hiji kagoréngan (dosa), sok sanajan hiji kahadéan téh bakal ditikel-tikel pahalana ku Alloh swt. tur ku ditikel-tikelna éta pahala mun seug ningali lahiriyah Hadits éta, saolah-olah teu bisa ngagugurkeun kagoréngan atawa dosa. Tapi sabenerna henteu kitu, sabab mun seug dititénan makna hakikiyah (makna sajati)-na tina eusining éta Hadits yén hiji kahadéan bakal ngagugurkeun sapuluh kagoréngan (dosa). Sabab, aya hiji Hadits nu diriwayatkeun ku Imam At-Tirmidzy (3410), Ibnu Majah (926) Abu Dawud (5065) jeung An-Nasa’i (III/74), tur hadits ieu téh di shohéhkeun ku Imam Al-Bany dina Kitabna “Shohih Al-Jami’ (3230), yén Rosululloh saw., ngadawuh:
“Anjeun ngucapkeun Takbir saréngséna sholat sapuluh kali, ngucapkeun Tahmid sapuluh kali, jeung ngucapkeun Tasbih ka Alloh sapuluh kali. Maka hal éta bakal jadi saratus lima puluh kahadéan dina lisan, sarta bakal jadi sarébu lima ratus dina timbangan (yaumil Mizan). Tuluy Rosululloh saw. Ngadawuh deui: “Saha diantara aranjeun nu dina sapoé ngalakukeun sarébu lima ratus kali kagoréngan (dosa) ?”.
Ogé Dawuhan Alloh dina Surat Hud ayat 114:
…إِنَّ الْحَسَنَاتِ يُذْهِبْنَ السَّـيِّئَاتِ …(هود: 114)
“… Saéstuna lampah-lampah hadé téh (bakal) ngalebur lampah-lampah goréng….” (Hud: 114).
Jadi, ditikel-tikelna pahala tina kahadéan nu ku urang dilakukeun téh bakal ngaleburkeun atawa ngagugurkeun kana kagoréngan (dosa) nu dilakukeun ku urang kalayan mutlak, kaasup kagoréngan (dosa) nu kaitanana reujeung hak-hak Alloh swt. Anapon kagoréngan (dosa) nu kaitanana reujeung hak-hak ka sasama, saperti ngambek, ghibah, ngadu-ngadu, mitnah, ngagunasika, maksa mirusa kana hak sasama, ngarugikeun ka nu lian, nandasa jeung sajabana. Maka éta teu bisa digugurkeun ku kahadéan nu dilakukeun saba’dana urang milampah éta kagoréngan. Kajaba, kudu ménta dihalalkeun atawa ménta dihampura ti jalma atawa sasama nu geus diganggu ku urang. Ogé nalika urang ménta dihalalkeun atawa ménta dihampura téh, urang kudu ngajelaskeun kana naon baé kagoréngan (dosa) nu geus dilakukeun ka manéhna.
Saterusna pesen nu katilu tina eusining Hadits di luhur téh nyaéta, “وَخَالِقِ النَّاسَ بِخُلُقٍ حَسَنٍ ” (jeung prak campur gaul jeung manusa kalayan akhlak nu hadé). Imam An-Nawawy ra. Ngajelaskeun, yén maksud ieu Hadits téh nyaéta hiji lampah nu ngabeungkeut kahadéan ka sasama, bari nyinglar tina sagala lakulampah ngaraheutkeun boh jasmani kitu kénéh rohani sasama. Hadits ieu dipikuat ku dawuhan Kanjeng Nabi Muhammad saw. Nu diriwayatkeun ku Imam At-Tirmidzi anu sumpingna ieu Hadits ti Abu Hurairah ra.:
“Jalma anu iman nu sampurna imanna nyaéta nu panghadé-hadéna akhlakna, sedengkeun nu paling hadé (diantara nu hadé) nyaéta diantara anjeun nu kacida hadéna ka pamajikanana”.
Diriwayatkeun ogé dina hiji katerangan, yén pernah aya shohabat nu datang ka Rosululloh saw. Tuluy manéhna naros: “Ya Rosululloh ! uningakeun ka abdi, naon amalan nu paling utama ?” Rosululloh saw. Ngadawuh: “Akhlak nu hadé” (H.R. At-Tirmidzy, Abu Dawud, Ahmad, Abu Ya’la sareng Imam Al-Baihaqy). Nalika turun ayat :
خُذِ الْعَفْوَ وَأْمُرْ بِالْعُرْفِ وَأَعْرِضْ عَنِ الْجَاهِلِينَ (ألأعراف: 7)
“Hampura baé maranéhna, jeung prak geura ajak (maranéhna) kana ngalampahkeun anu hadé, sarta geura balieurkeun ti jalma-jalma nu bodo”. (Al-A’raf :7)
Dina nafsirkeun ieu ayat Malaikat jibril nyarios ka Kanjeng Nabi saw.: ”Anjeun kudu ngahampura ka jalma nu geus nganiaya (ngadzolim) ka anjeun, anjeun kudu nyambungkeun tali duduluran (silaturrahim) ka jalma nu mutuskeun tali silaturahim ka anjeun, sarta kudu daék méré mawéh ka jalma nu tara daék méré mawéh ka anjeun”.
Ku hal ieu jelas, naon sabab Kanjeng Nabi saw. Marentahkeun ka urang sadaya kudu mibanda akhlak nu hadé ka sasama. Sabab, di balik akhlak nu hadé éta aya fadilah (kautamaan) pikeun jalma nu mibandana. Ku kituna payus Rosululloh saw. di paparin pujian ku Alloh swt langsung, ku Dawuhanana:
وَإِنَّكَ لَعَلى خُلُقٍ عَظِيمٍ (ألقلم: 4)
“Jeung saéstuna bener-bener (dina diri anjeun Muhammad) mibanda akhlak nu agung” (Al-Qolam:4).
Jadi ringkesna, yen tilu hal nu kudu ku urang dilakukeun dina raraga urang ngeundeuk-ngeundeuk karidhoan Alloh swt. Nu kahiji, taqwa ka Alloh, nu kadua nuturkeun kalakuan teu hadé ku kalakukan hadé, jeung nu katilu ngahias diri ku akhlak nu hadé dina raraga urang hirup kumuh jeung sasama.
Mudah-mudahan diri urang bisa ngalaksanakeun tilu hal éta, ogé mudah-mudahan salamina karidhoan Alloh swt. lumungsur ka urang sadayana.
Amin Ya Alloh Ya Robbal ‘Alamin.
Wallohu A’lam Bish-Showaab.
Wangsa Susena, Subang, 1 Robi’ul Awwal 1431 H./15 Pebruari 2010 M.
Baca konten-konten menarik Kompasiana langsung dari smartphone kamu. Follow channel WhatsApp Kompasiana sekarang di sini: https://whatsapp.com/channel/0029VaYjYaL4Spk7WflFYJ2H