Dawuhan Allah swt. dina Qur’an Surat Al-Haj ayat 2-1:
يَا أَيُّهَا النَّاسُ اتَّقُوا رَبَّكُمْ إِنَّ زَلْزَلَةَ السَّاعَةِ شَيْءٌ عَظِيمٌ. يَوْمَ تَرَوْنَهَا تَذْهَلُ كُلُّ مُرْضِعَةٍ عَمَّا أَرْضَعَتْ وَتَضَعُ كُلُّ ذَاتِ حَمْلٍ حَمْلَهَا وَتَرَى النَّاسَ سُكَارَى وَمَا هُم بِسُكَارَى وَلَكِنَّ عَذَابَ اللَّهِ شَدِيدٌ
“Yeuh Manusa ! Geura tarakwa maranéh ka pangéran maranéh, karana saéstuna lini kiamat téh kajadian anu kacida rongkahna. Dina poéan maranéh ningali éta kajadian téh, awéwé nu keur nyusuan lat poho ka budakna nu keur disusuan, jeung awéwé nu keur kakandungan jadi galugur kandunganana, jeung maranéh bakal ningali jalma-jalma marabok padahal maranéhna henteu mabok, lantaran siksaan Alloh téh kacida bangetna.” (Q.S.Al-Hajj: 1-2)
Sunan Gunung Djati-Jaga dina poé kiamat, Alloh swt. nyauran Nabi Adam as. Pikeun maparin informasi hiji perkara. Tuluy baé Kanjeng Nabi Adam as. Téh Gura-giru nohonan kana panyaur Alloh swt. sareng sayagi siap-sadia pikeun ngalaksanakeun naon baé paréntah nu badé didugikeun ku Alloh ka anjeunna. Saparantos kanjeng Nabi Adam as. Aya dipayuneun Alloh swt. Tuluy Alloh Ngadawuh:
”Héh Adam ! Kumpulkeun kabéh anak turunan anjeun, tuluy pilihan ku anjeun maranéhna tina jumlah nu 1000 urang pilih ku manéh 999 urang pikeun jadi ahli naraka jeung sésakeun hiji pikeun jadi ahli sawarga”. Saparantos nampi paréntah Alloh swt. Tuluy Kanjeng Nabi adam as. téh ngalaksanakeun éta paréntah bari imeut pinuh ku kata’atan.
Pedaran carita di luhur téh kacutat dina matan (eusi) hadits Qudsy nu diriwayatkeun ku Imam Ath-Thobrony, nu lengkepna Hadtis téh nyaéta:
يَقُوْل الله ُ تَعَالَى يَوْمَ الْقِيَامَةِ: يَاأَدَمُ قُمْ فَجَهِّزْ مِنْ ذُرِّيَّتِكَ تِسْعَمِائَةٍ وَتِسْعَةً وَتِسْعِيْنَ إِلَى النَّارِ وَوَحِدًا إِلَى الْجَنَّةِ. فَبَكَى وَبَكَى أَصْحَابُهُ فَقَالَ: إِرْفَعُْوا رُؤُوْسَكُمْ فَوَالَّذِى نَفْسِيْ بِيَدِهِ مَاأُمَّتِيْ فِى اْلأُمَمِ إِلَّا كَالشَّعْرَةِ الْبَيْضَاءِ فِى جِلْدِ الثَّوْرِ الْأَسْوَدِ-رَوَاهُ ألَطَّبْرَانِيْ
”Alloh swt. Ngadawuh dina poé kiamat: ”Héh Adam ! kumpulkeun jeung siapkeun ti anak turunan anjeun 999 urang (pikeun ditempatkeun) dina naraka, jeung pilih saurang (ti antara maranéhna) pikeun ditempatkeun dina sawarga” (Nalika Rosulullaoh saw. Nampi ieu wahyu (hadits Qudsy) tuluy diidugikeun ka para shohabat, anjeunna nyegruk nangis, kitu ogé para shohabat sami pada narangis, teu lami anjeunna Ngadawuh: ’Angkat sirah anjeun wahai para shohabat kami ! demi Alloh nu jiwa kami aya dina kakawasaan Manten-Na, (dibandingkeun) jeung ummat-umat Nabi nu lian, ummat kami éstu lir ibarat salambar bulu bodas (nu aya) dina kulit sapi jalu nu buluna hideung’ ”. (Hadits Qudsy Riwayat Imam Ath-Thobrony dina kitab Al-Kabir nu nyumber datangna ieu Hadits téh ti Abud-Darda r.a).
Kacindekanana tina eusining Hadits Qudsy di luhur, yén nu bakal jadi ahli sawarga téh geuningan kacida saeutikna.
Mémang, mun seug urang pirajeuneun niténan kaayaan zaman kiwari, éstu matak pikahariwangeun, sabab ampir deukeut kana kaayaan, yén umat islam (kaasup urang) ayeuna geus kaeunteupan rasa wegah, rasa horéam malah leuwih parahnamah ninggalkeun léngkah kaislaman. Tegesna, ampir saparona umat islam téh geus teu sieun deui ku aranna ancaman-anacaman ti Alloh nu ngalangkungan bahasa agama nu kacutat dina Al-Qur’an dimana maranéhna ngarempak larangan Alloh jeung ninggalkeun paréntah Manten-Na. Nu parahna deui ayeuna geus nerekab ajaran-ajaran nu jiga Islam padahal lain, hartina syahadatnamah sami sapertos urang tapi dina tata cara laku ibadahna geus méngpar tina katangtuan-katangtuan agama islam nu dicandak ku Rosululloh Muhammad saw. Nu antukna jalma kafir mingkin pagiling gisik, nu kufur mingkin mahabu, nu doraka mingkin pabalatak, nu ma’shiyat mingkin kuat, nu ngalakukeun dosa asa kumawasa. Daék teu daék kitu kaayaan zaman kiwari. Urang salaku umat islam kudu boga rasa kahariwang, kudu aya rasa kawatir jeung karingrang.
Coba mun seug urang nyoréang kana mangsa katukang dina salami 23 taun Kanjeng Nabi Muhammad saw. toh pati jiwa raga, dugi ka mandi késang geutih, ngorbankeun harta, daya jeung upaya pikeun nyumiratkeun cahaya kaimanan jeung kaislaman. Dugi ka cahaya islam sumirat ka saban nagri nu aya di sakuliah dunya, ti mimiti tempat bijilna panon poé, dugi ka tempat surupna panon poé, tug dugi ka wanci kiwari. Hal ieu nuduhkeun bukti kana kasuksésan Kanjeng Nabi Muhammad saw. Dina da’wahna.
Tapi ayeuna urang kantun raosna, apalna urang ka Islam téh teu kedah mayunan gurilapna seukeutna pedang, nyekelna urang kana iman katauhidan téh teu kedah mayunan seukeutna congo mata tombak jeung panah. Kantun kaikhlasan, karélaan reujeung kasadaran urang dina ngagemna. Tapi najan bari kitu, loba diantarana baraya urang, ogé teu nutup kamungkinan kaasup urang, kadang tanpa sadar sangeunahna ngarusak, sangeunahna ngarurujad tatanan-tatanan kahirupan nu tos diwangun ku Kanjeng Nabi Muhammad saw., laku lampah jahiliyah nu baheula ku Kanjeng Nabi saw. di rubah nepi ka musnah, ayeuna malah dipilampah, pangaruh kahirupan bébas nu matéarilistis nu sagala ngandelkeun kana matéri, lahir ginding tapi bathin busitin, kosong molongpong taya pisan rasa kaisin ka Nu Maha Suci, prinsip hirup hédonisme geus nerekab, asal ngeunah diri pribadi teu paduli ka sasama, maké pakéan nu témbong aorat malah aya diantarana nu ngahaja muka-muka aorat diantara kaum rumaja Islam putri nu geus kapangaruhan budaya-budaya barat nu matak pikawatireun geus jadi gaya kahirupan sapopoé ti mimiti urang kota nepi ka urang lembur geus ngabudaya,
Pangaruh ‘Khomr’ (inuman nu matak mabok) nu saur kanjeng Nabi-mah “Ummul Khoba’its” bibitna rurujit, bapana kagoréngan, indungna kakufuran, diantarana obat-obat nu dilarang ku agama jeung darigama nu matak mawa mafsadat, kayaning narkotika jeung obat-obat adiktif liana geus jadi trend dikalangan kaum rumaja islam, malah aya diantarana kolot nu geus bau taneuh ogé milu ngokojoan dina ngonsumsina. Hal ieu téh nuduhkeun bukti, yén umat islam ayeuna geus jauh kana kaislamanana, ngaku Islam, ngaku iman, tapi kaislaman reujeung kaimanan teu napak dina kahirupan, malah jauh tina kaimanan reujeung kaislaman.
Dumasar kana hal éta pisan, urang kudu kacida iatna kudu ati-ati, sabab hal ieu téh ku musuh-musuh islam-mah dianggap hiji kaunggulan, ku jalan maranéhna ngawowoy umat Islam khususna nu aya di Indonesia umumna nu aya di sakuliah dunya, supaya poho kana purwadaksi, jadi ilang jati diri kaislamannana, jeung hiji nu jadi tujuan utamana maranéhna (para musuh islam) nyatana “Ancurna Islam” ku jalan nginjeum leungeun umat Islam sorangan. Cindekna palebah dieu urang kudu introspéksi diri, muhasabah diri, béh mana urang ngaku islam, béh mana ngaku umatna kanjeng Nabi Muhammad saw. ari laku lampah patoja’iyyah tegesna méngpar tina laku lampah nu geus dicontokeun ku Kanjeng Nabi Muhammad saw., tur masih kénéh lalawora kana paréntah sareng ajaran nu dicandak ku Manten-Na. Urang kudu sadar yén musuh - musuh islam tanpa di sadari ku urang geus nanceubkeun siasatna, supaya umat islam téh ngéwa kana ajaran agamana sorangan nyatana Islam.
Kukituna, mangga dina danget ayeuna pisan hayu urang bebenah, hayu urang oméan diri urang ku jalan urang ngabébérés ibadah urang, urang sampurnakeun kaimanan urang, urang tingkatkeun katakwaan urang, urang jaga, urang riksa agama urang nyatana islam supaya islam tetep linuhung tur agung, sok sanaos islamnamah ti kawit disébarkeun ku Kanjeng Nabi saw. Tug dugi ka kiwari tetep agung tur linuhung, ngan kantun urangna salaku umatna nu boga tugas pikeun mempertahankeun kalinuhungan tur kaagungan éta. Dimana urang tos ngalakukeun hal-hal anu méngpar dina katangtuan, geuwat urang sadar, langsung tobat, “ngagurat jagat, neukteuk leukeur, meulah jantung” moal migawé-migawé deui hal samodél kitu. Atuh dimana urang rék ngalakukeun dosa, geuwat inget kana prinsip ulah ningali leutik jeung gedéna dosa, tapi tingali ka saha urang ngalakukeun dosa. Sabab, bebendon Alloh nyumput dina dosa nu dilakukeun ku urang sadayana.
Kajaba ti eta, urang kudu ati-ati dina raraga urang sadayana ngisi kahirupan di alam dunya ieu. Tur urang kudu inget kana dawuhan Rosululloh saw nu kaunggel dina Hadits Qudsy di luhur, yén geuningan nu bakal jadi ahli sawarga téh ukur saeutik. Dugi ka kanjeng Nabi saw. Nalika ngadugikeun ieu Hadits ka para shohabatna anjeunna nyegruk nangis pinuh ku rasa kahariwang, anjeunna sieun umatna kalebet ka golongan nu 999 urang jadi ahli naraka. Tapi didieu Rosululloh sw. Maparin iber nu matak bagja, yén umatna bakal loba nu meunang taufik sareng hidayah Alloh swt. Mémang mun ditingali tina jumlah, saeutik umatna Kanjeng Nabi Muhammad saw. téh, dibanding sareng umatna Nabi-nabi baheula, dugi ka Kanjeng Nabi saw. Ngagambarkeun yén umatna téh lir ibarat salambar bulu bodas (nu aya) dina kulit sapi jalu nu buluna hideung.
Tapi najan bari kitu, urang kedah ngaraos reugreug, sabab dina Al-Qur’an parantos dijelaskeun, yén umatna Kanjeng Nabi Muhammad saw. téh kaasup kana golongan sahadé-hadéna Umat, nu mibanda tugas pikeun maréntahkeun kahadéan jeung nyegah kamunkaran. Kukituna, sawadina urang kudu bisa ngajaga sakuat tanaga kana kadudukan nu istiméwa ieu. Tur ngajaga kahormatan agama urang nyatana agama Islam.
Hadits Qudsy di luhur salian di riwayatkeun ku Imam Ath-Thobrony diriwayatkeun ogé ku Imam Bukhori dina Kitab ”Shohih-na” nu leuwih panjang lebar dina ngajelaskeunana nu nyumber ti Shohabat Abu Sa’id Al-Khudry r.a. nu hartosna éta Hadits téh nyaéta: “Rosululloh saw. Ngadawuh:
“Alloh swt. Ngadawuh dina poé kiayamat:
“Héh Adam!“.
Kanjeng Nabi Adam as. ngawaler:
”Abdi sadaya unjukan kana pidawuh gusti, duh pangéran abdi-abdi sadaya sareng demi kabagjaan nu parantos dipaparinkeun ku anjeun Gusti, ka abdi-abdi sadaya”.
Tuluy Kanjeng Nabi Adam as. di sauran deui ku hiji sora:
”Saéstuna Alloh maréntahkeun ka Anjeun héh Adam ! pikeun misahkeun sarombongan anak incu turunan anjeun pikeun dikirim kana naraka”.
Kanjeng Nabi Adam as. Naros:
“Naon nu dimaksad sarombongan pikeun dikirim kana naraka téh ?”.
Alloh ngajelaskeun ku dawuhanana:
”Pilih ku anjeun tina tiap-tiap 1000 urang, 999 urang’ pikeun jadi ahli naraka, terus pilih ku anjeun saurang piken jadi ahli sawarga” . (Tah dina nalika dilaksanakeun paréntah éta, lumangsung mangpirang-pirang kajadian diantarana kajadian awéwé nu keur kakandungan jadi galugur kandunganana, barudak leutik ngadadak huisan (rubah jadi kolot) katingali jalma-jalma jiga marabok padahal maranéhna henteu mabok, ieu téh gambaran siksaan Alloh nu kacida bangetna).
Jalma-jalma (para shohabat) nu harita nguping kana ieu kabar (Hadits) nu didugikeun ku Rosulullah S.A.W. kabéh ogé ngarasa sieun, tur parias beungeutna pinuh ku rasa kasieun nu kacida.
Tuluy Kanjeng Nabi Muhammad saw. Neraskeun deui dawuhanana:
“Dibawa tina Ya’juj jeung Ma’juj 999, jeung tina golongan anjeun saurang. Lamun aranjeun dibandingkeun jeung jalma-jalma nu loba éta (umat-umat nabi baheula), ibarat salembar bulu hiedung (nu aya) dina kulit sapi jalu nu buluna bodas. Saéstuna kami (K.N.Muhammad saw.) miharep supaya aranjeun nempatan saperopat jadi ahli sawarga”.
Tuluy kami (para shohabat) ngagungkeun Alloh (maca takbir).
Teras Kanjeng Nabi Muhammad saw. neraskeun deui Dawuhannana:
“Kula miharep Sapertiluna jadi ahli sawarga”.
Tuluy kami (para shohabat) ngagungkeun Alloh (maca takbir).
Teras Kanjeng Nabi Muhammad saw. neraskeun deui Dawuhannana: “Kula miharep Satengahna jadi ahli sawarga”.
Tuluy kami (para shohabat) ngagungkeun Alloh (maca takbir) deui. (Hadits Qudsy Riwayat Al-Bukhari).
Mudah-mudahan urang sadayana kaasup kana golongan saparo tina dawuhan Kanjeng Nabi Muhammad saw. Nu bakal jadi ahli sawarga. Amin ya Alloh ya Robbal ‘Alamiin. Wallohu Wa Rosuluhu A’lam Bish-Showab. [WANGSA SUSENA]
Wangsa Susena, Subang, 09 Januari 2010 M.
Baca konten-konten menarik Kompasiana langsung dari smartphone kamu. Follow channel WhatsApp Kompasiana sekarang di sini: https://whatsapp.com/channel/0029VaYjYaL4Spk7WflFYJ2H