Dawuhan Allah swt. dina Qur’an Surat Al-Haj ayat 2-1:
يَا أَيُّهَا النَّاسُ اتَّقُوا رَبَّكُمْ إِنَّ زَلْزَلَةَ السَّاعَةِ شَيْءٌ عَظِيمٌ. يَوْمَ تَرَوْنَهَا تَذْهَلُ كُلُّ مُرْضِعَةٍ عَمَّا أَرْضَعَتْ وَتَضَعُ كُلُّ ذَاتِ حَمْلٍ حَمْلَهَا وَتَرَى النَّاسَ سُكَارَى وَمَا هُم بِسُكَارَى وَلَكِنَّ عَذَابَ اللَّهِ شَدِيدٌ
“Yeuh Manusa ! Geura tarakwa maranéh ka pangéran maranéh, karana saéstuna lini kiamat téh kajadian anu kacida rongkahna. Dina poéan maranéh ningali éta kajadian téh, awéwé nu keur nyusuan lat poho ka budakna nu keur disusuan, jeung awéwé nu keur kakandungan jadi galugur kandunganana, jeung maranéh bakal ningali jalma-jalma marabok padahal maranéhna henteu mabok, lantaran siksaan Alloh téh kacida bangetna.” (Q.S.Al-Hajj: 1-2)
Sunan Gunung Djati-Jaga dina poé kiamat, Alloh swt. nyauran Nabi Adam as. Pikeun maparin informasi hiji perkara. Tuluy baé Kanjeng Nabi Adam as. Téh Gura-giru nohonan kana panyaur Alloh swt. sareng sayagi siap-sadia pikeun ngalaksanakeun naon baé paréntah nu badé didugikeun ku Alloh ka anjeunna. Saparantos kanjeng Nabi Adam as. Aya dipayuneun Alloh swt. Tuluy Alloh Ngadawuh:
”Héh Adam ! Kumpulkeun kabéh anak turunan anjeun, tuluy pilihan ku anjeun maranéhna tina jumlah nu 1000 urang pilih ku manéh 999 urang pikeun jadi ahli naraka jeung sésakeun hiji pikeun jadi ahli sawarga”. Saparantos nampi paréntah Alloh swt. Tuluy Kanjeng Nabi adam as. téh ngalaksanakeun éta paréntah bari imeut pinuh ku kata’atan.
Pedaran carita di luhur téh kacutat dina matan (eusi) hadits Qudsy nu diriwayatkeun ku Imam Ath-Thobrony, nu lengkepna Hadtis téh nyaéta:
يَقُوْل الله ُ تَعَالَى يَوْمَ الْقِيَامَةِ: يَاأَدَمُ قُمْ فَجَهِّزْ مِنْ ذُرِّيَّتِكَ تِسْعَمِائَةٍ وَتِسْعَةً وَتِسْعِيْنَ إِلَى النَّارِ وَوَحِدًا إِلَى الْجَنَّةِ. فَبَكَى وَبَكَى أَصْحَابُهُ فَقَالَ: إِرْفَعُْوا رُؤُوْسَكُمْ فَوَالَّذِى نَفْسِيْ بِيَدِهِ مَاأُمَّتِيْ فِى اْلأُمَمِ إِلَّا كَالشَّعْرَةِ الْبَيْضَاءِ فِى جِلْدِ الثَّوْرِ الْأَسْوَدِ-رَوَاهُ ألَطَّبْرَانِيْ
”Alloh swt. Ngadawuh dina poé kiamat: ”Héh Adam ! kumpulkeun jeung siapkeun ti anak turunan anjeun 999 urang (pikeun ditempatkeun) dina naraka, jeung pilih saurang (ti antara maranéhna) pikeun ditempatkeun dina sawarga” (Nalika Rosulullaoh saw. Nampi ieu wahyu (hadits Qudsy) tuluy diidugikeun ka para shohabat, anjeunna nyegruk nangis, kitu ogé para shohabat sami pada narangis, teu lami anjeunna Ngadawuh: ’Angkat sirah anjeun wahai para shohabat kami ! demi Alloh nu jiwa kami aya dina kakawasaan Manten-Na, (dibandingkeun) jeung ummat-umat Nabi nu lian, ummat kami éstu lir ibarat salambar bulu bodas (nu aya) dina kulit sapi jalu nu buluna hideung’ ”. (Hadits Qudsy Riwayat Imam Ath-Thobrony dina kitab Al-Kabir nu nyumber datangna ieu Hadits téh ti Abud-Darda r.a).
Kacindekanana tina eusining Hadits Qudsy di luhur, yén nu bakal jadi ahli sawarga téh geuningan kacida saeutikna.
Mémang, mun seug urang pirajeuneun niténan kaayaan zaman kiwari, éstu matak pikahariwangeun, sabab ampir deukeut kana kaayaan, yén umat islam (kaasup urang) ayeuna geus kaeunteupan rasa wegah, rasa horéam malah leuwih parahnamah ninggalkeun léngkah kaislaman. Tegesna, ampir saparona umat islam téh geus teu sieun deui ku aranna ancaman-anacaman ti Alloh nu ngalangkungan bahasa agama nu kacutat dina Al-Qur’an dimana maranéhna ngarempak larangan Alloh jeung ninggalkeun paréntah Manten-Na. Nu parahna deui ayeuna geus nerekab ajaran-ajaran nu jiga Islam padahal lain, hartina syahadatnamah sami sapertos urang tapi dina tata cara laku ibadahna geus méngpar tina katangtuan-katangtuan agama islam nu dicandak ku Rosululloh Muhammad saw. Nu antukna jalma kafir mingkin pagiling gisik, nu kufur mingkin mahabu, nu doraka mingkin pabalatak, nu ma’shiyat mingkin kuat, nu ngalakukeun dosa asa kumawasa. Daék teu daék kitu kaayaan zaman kiwari. Urang salaku umat islam kudu boga rasa kahariwang, kudu aya rasa kawatir jeung karingrang.
Coba mun seug urang nyoréang kana mangsa katukang dina salami 23 taun Kanjeng Nabi Muhammad saw. toh pati jiwa raga, dugi ka mandi késang geutih, ngorbankeun harta, daya jeung upaya pikeun nyumiratkeun cahaya kaimanan jeung kaislaman. Dugi ka cahaya islam sumirat ka saban nagri nu aya di sakuliah dunya, ti mimiti tempat bijilna panon poé, dugi ka tempat surupna panon poé, tug dugi ka wanci kiwari. Hal ieu nuduhkeun bukti kana kasuksésan Kanjeng Nabi Muhammad saw. Dina da’wahna.