Mohon tunggu...
Iwan M Ridwan
Iwan M Ridwan Mohon Tunggu... Seniman - Akademisi & Praktisi Media

Menulis artikel, sastra dan film

Selanjutnya

Tutup

Cerpen

SAPATU FLAT BOOTS

5 Juni 2023   13:05 Diperbarui: 5 Juni 2023   13:31 293
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

Karesepna make sapatu flat boots buludru. Pulasna rupa-rupa, coklat, beureum ati, hawuk tepi ka pulas gondola. Samalah pulas kayas oge remen dipake. Pulas hideung mah nya karesepna. Biasana flat boots buludru teh diadumaniskeun jeung calana skinny jeans. Saruwa warna-warni. Ari bajuna cukup ku kaos oblong polos, boh bodas boh disaruwakeun jeung sapatuna. Lebah beuheungna semu gomlang. Tembong pakulitanana semu ngaborelak, dikangkalungan ku rupa-rupa unak-anik barudak ayeuna. Sakapeung kalung bueuk tina stenles, sakapeung bulan sabit tina batok kalapa anu disirlak. Rap we make cardigan, sawarna jeung sapatu lamun teu sawarna jeung skinny jeans anu dipakena oge. Padahal ka kampus, lain ka konser K-Pop atawa kongkow ka tempat nongkrong. Bisa wae mamantes dirina teh. Kangaranan mahasiswa seni, papakean teh pada-pada boga model sorangan. Teu pati rea diatur ku kampus. Lain hartina dibebaskeun sadaekna. Aya ari aturan mah. Kudu rapih, ulah make sandal, sopan jeung sajabana. Ngan lebah kudu make naon-naonna teu dijentrekeun kawas di kampus umum anu kudu make itu ieu dina waktu-waktu anu ditangtukeun.

Faraditha, kitu ngaranna. Kiwari nincak semester opat. Keur meumeujeuhna sumanget ngampusna. Saban mata kuliah teu kungsi katinggaleun. Komo mata kuliah anu diasuh ku Pa Frily mah. Mata kuliah anu diampuna pengetahuan film. Elmu anu kiwari keur pada mikaresep. Tong boro Fara anu boga sumanget ngagegedur nyuprih paelmuan film, Si Paing anu kuliahna belang betong oge sok maksakeun milu kuliah sanajan bari datangna pangpandeurina. Majar teh hayang jadi aktor. Da eta mah saban aya kelas film teh teu weleh ngekting. Atuh batur sakelasna oge mani guyur da sok pada ngahaminan.

Fara mah rada cuaeun ka Si Paing teh, majar sok cunihin ka dirina. Remen ngadeukeutan bari jeung kurang sopan. Bogoh majarkeun teh ka Fara. Ceuk Si Paing, Fara teh mirip artis korea. Mirip Kang Ye-Won dina salah sahiji film action Korea. Utamana mangsa merankeun jadi anggota girlband anu manggung make helem. Cocog upama papasangan jeung manehna anu pajarkeun siga Lee Min-Ki pasangan dina eta film. Ngadenge omongan kitu teh Fara ngadadak hayang utah uger cenah. Mun mah Si Paing bageur jeung someah oge manehna moal ieuh ngarasa kapincut sabab hatena geus kabandang ku nu gandang, Pa Firly cenah. Kapincut dina patepung munggaran.

Bus duanana ka rohangan kelas anu geus rame ku mahasiswa. May jeung Sarlin asup ka jero rohangan ngaliwatan mahasiswa nu geus dariuk dina korsina sewang-sewangan. Gek duanana dariuk dina korsi anu masih kosong jajaran panghareupna. Salila May jeung Sarlin leumpang teh barudak sejen kadenge tingkecewis ngaromongkeun dirina. Aya anu nyebutkeun artis korea keur ngaliwat. Aya deui anu nyebutkeun sapatu flat boots-na anyar. Kituna teh bangun anu semu nghaeureuyan. May ngadilak ka nu tingkecewis. Beungeutna nyanghareup sakeudeung tuluy dipengkarkeun deui semu anu ngalageday. Ger atuh nu araya saleuseurian.

“Hanjakal euy Lee Min-Ki-na can datang,” ceuleungkeung sora Si Rajib anu keur uplek ngobrol di pojok hareup rohangan kelas. Barakatak sarerea surak.

“Naon, hayang dibaledog ku sapatu?” May ngadadak buringas.

Karek oge diuk May saharita nangtung bari mureleng ka nu ngaran Rajib. Tuluy dongko. Leungeunna ngalaan sapatu anu dipakena. Orokaya nu diancam rek dibaledog ku sapatu teh nyumput di tukangeun baturna. May ongkang-ongkangan rek salung-lungeun maledog. Si Rajib lumpat. Belewer sapatu flat boots ngalayang neunggar kana whiteboard. Pluk murak dina meja anu pernahna gigireun whiteboard. Korsina nyanghareup ka rohang kelas tempat mahasiswa dariuk. Si Rajib tibuburanjat muru lawang panto rek ninggalkeun rohang kelas. Ger deui nu araya di kelas surak. Tapi ramena teh eureun saharita sabab sarerea ngareret ka lebah Si Rajib anu meh-mehan nabrak jalma nu kakara anjong kana lawang panto. Sarerea ngeluk tungkul bari nahan piseurieun. Si Rajib alangah-elengeh bari dedepean.

“Tuh Pa, May, Pa,” pokna ti rengkuh-rengkuh. Kolesed manehna muru korsi tempat diukna.

May anu rek sajungjungeun nyokot sapatuna ngadadak beureum beungeut sabab kaperego ku Frily anu geus asup ka kelas seja muru ka tempat diukna. May ngatur napasna. Beuheungna tembong kawas anu neureuy ciduh garing.

Nyaksian jero kelas kawas kitu Frily gogodeg. Komo basa nyaksian sapatu flat boots May ngajojopong dina luhur mejana. Sarerea ngabetem. Biwirna kawas anu sieuneun bedah ku piseurieun. Komo Sarlin mah tayohna diukna gedengeun pisan May. Sakapeung bubuk seurina teh mawur teu kabendung dina jero bahamna.

May ngeluk tungkul teu wanieun nembongkeun beungeutna anu beuki euceuy. Tuluy jejengkean nyampeurkeun meja Firly. Beungeutna beuki beureum. Bari leumpang anu semu jengke teh manehna ngeluk tungkul balas ku era.

“Hapunten, Pa,” pokna halon nakeranan. Leungeun katuhuna ngarawel sapatu anu aya dina meja. Dampal leungeun kencana ngelapan meja urut sapatu.

“Tos!” Firly mere isarat sangkan May diuk.

Dikitukeun teh May ngolesed. Gek diuk dina tempat diukna. Firly oge harita tembong diuk dina korsina. Cag tas jingjingna diteundeun dina meja. Eusina dikaluarkeun. Laptop jeung sajabana pakakas kuliah. Bari nataharkeun bahan ajar teh pok manehna nanya.

“Kunaon sapatuna, May?” Firly taya riuk-riuk ambek.

Satutas Firly muka omongan, sarerea kawas anu geus boga ijin maruka bahamna. Kelas jadi haneuteun deui.

“Sapatu enggal saurna teh, Pa,” Sarlin anu nembalan. Kituna teh bari ditungtungan ku nyeuleukeuteuk.

“Oh. Sok atuh dianggo we sapatu mah, sanaos enggal oge tetep dianggona mah dina sampean,” Firly kawas anu enya percayaeun kana omongan Sarlin yen sapatu May teh anyar.

Rey beungeut May beuki beureum dikitukeun teh. Awakna masih dongko sabab leungeunna ngodongkang memener sapatuna anu dipake deui. Teu kungsi lila diukna ajeg bari ngatur napasna.

“Parantos, Pa,” pokna bari unggek. Tuluy ngaragamang kana tasna. Ngaluarkeun binder jeung alat tulisna.

Keur anteng pada-pada naharkeun kaperluan kuliah, ceuleungkeung hiji sora tina lawang panto.

“Pa, tiasa lebet?”

Breh katenjo ku sarerea Si Satam sura-seuri kawas anu anyar nampa duit.

“Ti mana atuh, kasep?” Firly gogodeg deui wae.

 “Abdi. Eu… Punten, Pa, abdi kasiangan,” tembal Satam bari sura-seuri.

Ger sarerea seuri iwal ti May anu ti tatadi teu boga piseurieun. Sabab keur dirina mah anu keur karandapan teh taya lucu-lucuna.

“Mangga calik. Pantona ditutup!” omong Firly.

Satutas dititah diuk ku Firly, Si Satam nyampeurkeun korsi anu kosong. Tuluy duik. Teu ngadagoan lila deui Firly ngamimitian kuliahna. Medar salah sahiji teori ngeunaan nyieun naskah film.

Salila dipedar ngeunaan bag-bagan nyieun naskah, sarerea merhatikeun kalawan daria. Teu saeutik mahasiswa anu ngacungkeun leungeun di tengah-tengah pedaran materi ajar. Ngajukeun patalekan ngeunaan itu ieu samalah sakur anu aya patalina kana nyieun film ti mimiti naskah, story board, produksi tepi ka editing.

Firly mah di kelas teh tara ieuh diuk dina korsina, komo deui  upama rea mahasiswa anu tatanya. Saban anu nanya sok disampeurkeun. Dibandungan patalekanana. Upama rek ngajawab Firly sok ngabagi teuteup heula ka nu araya. Upama eta patalekan teh sifatna umum tur dierong perelu dikanyahokeun ku sarerea, manehna teu weleh ngajelaskeun di hareupeun kelas. Ku kituna tilu SKS di kelas teh tara ieu karasa bosen. Komo lamun diwewegan ku lalajo mah. Bet asa kurang keneh waktuna ceuk barudakna mah.

Dina kaayaan guntreng kawas kitu teh May remen maling-maling teuteup ka nu keur pertengtang medar jawaban tina saban patalekan. Lamun pareng nu diteuteupna nyanghareup ka dirina, May saharita tungkul atawa mindahkeun reretna kana layar proyektor. Kawas harita May sakapeung ngareretan Firly mangsa ngajawab patalekan ngeunaan ngawangun konflik dina naskah film.

“Bogoh nya ka Pa Firly?” Sarlin ngaharewos nompo pisan kana ceuli May. Henteu we ari kadengeeun ku Firly mah.

Ana geduk teh sapatu flat boots anu dipake ku May ngaheumbat kana bincurang Sarlin. Orokaya Sarlin semu ngagorowok nahan kanyeri. Panon sakur nu aya di eta rohangan dumadak nyorot ka lebah datangna sora. Rey beungeut Sarlin anu kiwari ngadadak beureum nahan kaera. May tembong nungkup baham. Meureun salila di kelas kakara eta anu ceuk manehna lucu teh. Palangsiang males kakeuheul ka Sarlin oge.

Nenjo talajak kitu teh Firly kerung. Tuluy nyampeurkeun nu duaan. Ret ka Sarlin, ret ka May. Ret deui ka handap kawas anu panasaran kana suku Sarlin anu diusapan. Teu kungsi lila Firly muru mejana. Samemeh diuk manehna nyanghareup ka mahasiswa, pok nanya deui.

“Teu aya deui anu naros?”

Jempling. Mahasiswa silih reret.

“Cekap meureun nya. Minggu payun urang praktek nulis skenario. Emutan ti ayeuna bahan caritana. Carita tiasa dicandak tina pangalaman, tina bacaan, oge tina imajinasi. Sakitu anu kapihatur. Wilujeng siang,” Firly mungkas pedaranana.

Tuluy memeres laptopna anu nyambung kana komputer proyektor. Mahasiswana langsung buriak ka laluar kelas. Geus kailaharan Si Satam samemeh kaluar teh sok nyampeurkeun heula May anu harita jeung Sarlin masih memeres kalengkepan kuliahna. Satutas dijebian, Si Satam geuwat muru ka lawang panto bari sura-seuri, tuluy uluk salam ka nu araya keneh. Maksudna mah ka Firly jeung May katut Sarlin.

May anu leuwih tiheula anggeus beberesna, nyampeurkeun Firly anu masih uyak-uyek dina laptopna. Sanggeus aya di hareupeun Firly, May kakara kedal.

“Pa,” pokna kawas anu asa-asa.

“Kumaha May?” tembal Firly, kituna teh bari teu kungsi nolih ka nu nangtung hareupeunana. Leungeunna gasik ngasupkeun laptop jeung kalengkepan sejenna.

“Hapunten, Pa,” cenah siga anu sieun.

“Santey, May,” omong Firly deui. “Bapa tipayun nya,” pokna deui satutas nyeletingkeun tasna. “Tos nya. Siapkeun carita kanggo minggu payun,” cenah bari ngajugjug ka lawang panto tuluy ninggalkeun rohangan.

May ngarahuh. Awakna kawas anu langlayeuseun. Ngeluk tungkul neuteup sapatu flat boots-na.

“Si Cuwek!” pokna. Biwir luhurna dijedingkeun.

“Kade ah bertepuk sebelah tangan,” omong Sarlin anu geus nangtung di gigireunana.

May ngadengdekeun sirahna ka katuhu kawas anu keur mikir. Curuk katuhuna diteueul-teueul kana palipisanana. Halis kencana ngajungjung. Panonna semu teleng ka luhur. Tuluy ngadilak bari ngibaskeun buukna. Curuk leungeun katuhu anu asalna dina palipisan nunjuk ka luhur, ari leungeun kenca nulak cangkeng. Curukna anu ngacung teh ditarik sakaligus ka lebah tak-takna. Pel kana damis kencana. Bareng jeung sora dehem tina irungna, beungeutna ngabalireur kawas anu kasurungkeun ku curuk lengkungna. Geus kitu barakatak duanana saleuseurian. Tuluy ka laluar ti rohangan kelas.                                                                                                                                                                                                        Panglawungan 13, Agustus 2017

HALAMAN :
  1. 1
  2. 2
  3. 3
  4. 4
  5. 5
Mohon tunggu...

Lihat Konten Cerpen Selengkapnya
Lihat Cerpen Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun