May ngeluk tungkul teu wanieun nembongkeun beungeutna anu beuki euceuy. Tuluy jejengkean nyampeurkeun meja Firly. Beungeutna beuki beureum. Bari leumpang anu semu jengke teh manehna ngeluk tungkul balas ku era.
“Hapunten, Pa,” pokna halon nakeranan. Leungeun katuhuna ngarawel sapatu anu aya dina meja. Dampal leungeun kencana ngelapan meja urut sapatu.
“Tos!” Firly mere isarat sangkan May diuk.
Dikitukeun teh May ngolesed. Gek diuk dina tempat diukna. Firly oge harita tembong diuk dina korsina. Cag tas jingjingna diteundeun dina meja. Eusina dikaluarkeun. Laptop jeung sajabana pakakas kuliah. Bari nataharkeun bahan ajar teh pok manehna nanya.
“Kunaon sapatuna, May?” Firly taya riuk-riuk ambek.
Satutas Firly muka omongan, sarerea kawas anu geus boga ijin maruka bahamna. Kelas jadi haneuteun deui.
“Sapatu enggal saurna teh, Pa,” Sarlin anu nembalan. Kituna teh bari ditungtungan ku nyeuleukeuteuk.
“Oh. Sok atuh dianggo we sapatu mah, sanaos enggal oge tetep dianggona mah dina sampean,” Firly kawas anu enya percayaeun kana omongan Sarlin yen sapatu May teh anyar.
Rey beungeut May beuki beureum dikitukeun teh. Awakna masih dongko sabab leungeunna ngodongkang memener sapatuna anu dipake deui. Teu kungsi lila diukna ajeg bari ngatur napasna.
“Parantos, Pa,” pokna bari unggek. Tuluy ngaragamang kana tasna. Ngaluarkeun binder jeung alat tulisna.
Keur anteng pada-pada naharkeun kaperluan kuliah, ceuleungkeung hiji sora tina lawang panto.