Mohon tunggu...
Ika Septi
Ika Septi Mohon Tunggu... Lainnya - Lainnya

Penyuka musik, buku, kuliner, dan film.

Selanjutnya

Tutup

Cerpen Pilihan

Cerpen Sunda | Mang Dodo Jeung Kiamatna Mang Nani

9 Januari 2023   17:52 Diperbarui: 9 Januari 2023   17:56 1294
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Sumber : www.goal.com

Mang Nani ngajanteng di sisi jangdela apartemen na bari maca surat ti sobatna, Mang Dodo anu ganteng kalem tur pelem siga gurilem.

Dina surat nu kertasna seungit kolonye kareta api peuting, Mang Dodo nyaritakeun yen manehna rek pindah ka Arab.  

Lain hayang jadi eksportir kiih onta, tapi manehna geus resmi dikontrak ku klap sepakbola Al-Nasssr pimpinan King Nasar anu hobi nyanyi "Siga pareum lampu, Ya Robbiii."

Surat eta dijieun ku Mang Dodo kusabab manehna ijid pisan ka Mang Nani nu geus ngarekomendasikeun klab mengbalna Pa Dadang di wewengkon gigireun Wakanda ieu.   Sabab, nu dicaritakeun Mang Nani teh hanjakalna jauh ti kanyataan sabenerna.  

"Dasar maneh, Nani. Geuleuh keumeuh bau lisung buntut kasiran konar!!"  Kitu ceuk gerentes hate Mang Dodo.
 
Tapi kukituna Mang Dodo mah bageur.  Manehna hayang Mang Nani ngasaan kaendahan lain ti wewengkong gigireun Wakanda.  Ku sabab eta Mang Dodo nulis surat ka sobatna nu keur reses mengbalna.

Mang Nani tadina embung indit ka tempatna Mang Dodo da nyaho manehna bakal kasiksa diditu, tapi Mang Dodo ngomong yen ayeuna wewengkon gigireun Wakanda teh boga masjid anu hade pisan.  Masjid anu bisa jadi kandidat sepen wonders op de wolt persi majalah sunda, "Hegar-mania."

Mang Nani anu baheula boga cita-cita jadi kurator situs wangunan langsung hayang gancang-gancang hiber ka wewengkon gigireun Wakanda kusabab panasaran satengah modar eh maot eh pupus, wakwaw.

Sacepat gelap bentar guludug, pasawat jet Mang Nani geus nepi deui di sisi stadion nu boga ngaran Geblos Sosor di mana Mang Dodo keur nungguan manehna.

Siga model iklan odol, Mang Dodo seuri, huntuna katingali buricak-burinong waktos ningali Mang Nani nyampeurkeun.

"Do, ieu stadion home base klab didinya?"


"Enya, alus pan?"


"Nya alus sih tapi naha kieu?" Mang Nani gagaro teu ateul terus nunjuk-nunjuk tembok jeung lantena.


"Eh eta rengat-rengat teh motip, alus pan siga motip batik parang rusak?"  Mang Dodo nyengir kuda ... khikihikihik


"Euweuh pan nu kieu, Nan, karek didieu.  Berarti kan langka siga badak cula dua."


"Hooorrrrr..." Mang Nani manyun.

Teu make lila jeung teu make jajan cilok jeung seblak heula, Mang Dodo langsung ngajak Mang Nani ka tempat anu dimaksud na suratna.

Mang Nani panas imbit, geus tilu jam tapi teu nepi-nepi.  Hayoh weh mobil teh cicing, teu maju-maju.  

"Do, iraha nepina atuh.  Urang teh pan niatna rek sholat dzuhur di ditu, mun kieu mah atuh bisa-bisa jadi sholat ashar!"  Mang Nani manyun sameter.


"Eh, teu nanaon, Nani, pan sholat di masjid anu jauh teh sunnah."


Mang Nani unggeuk-unggeukan siga manuk kakatua raja bari protes. "Ieu mah lain jauh, tapi macet, hih!"

Sapanjang jalan kenangan, Mang Nani hayoh weh protes panjang-pondok.  


"Ieu naha jalanna leutik pisan atuh, Do.  Maenya kandidat sepen wonders teh kieu, teu diurus jalan na heula.  Atuh leubar, Do."


"Justru eta alusna, Nani.  Jadi mere sensasi anu "wah" pas ngke nepi kaditu.  Meh karasa kaajaibanana."  Mang Dodo nyerengeh.

Ahirna, sanggeus 4 jam kukulibekan di jalan, Mang Dodo jeung Mang Nani nepi ka tempat tujuan.  Rame pisan siga pasar peuting tapi di wanci beurang.

Mang Nani calangap, teu kiceup, ampir samaput.  Pamandangan endah wangunan anyar eta langsung tiarap di panon na, diganti ku suasana anu semrawut pisan.

Mang Nani gogodeg, aya kolam aer mancur jadi waterbum.  Aya nu ngojay kaditu-kadieu, lain meri tapi sampah.  Cenah, kebersihan teh sabagian ti iman tapi naha kieu, batin Mang Nani.

Mang Nani ngareret ka teras masjid, rea jelma anu botram.  Mang Nani aselina kabita, ningali teh aya sangu liwet, semur jengkol, jeung ngahaliwir seungit asin peda beureum tapi Mang Nani langsung sadar, di dinya teh lain kebon binatang eh kebon jagong jadi manehna gogodeg waktu aya nu nawaran ngagabung.

Taman nu kembangna malekar geus ringsek ditincak-tincak jelma nu keur seselpian jeung tiktokan.  Ampir weh Mang Nani miluan tiktokan, da asa hayang goyang dumang lauk mujaer saeutik mah, tapi dicarek ku Mang Dodo.

Ningali suasana anu teu nguntungkeun, Mang Nani hayang geura-geura ngadem di jero masjid.  Tapi dasar keur sue, panto masjidna digembok.


"Do, naha digembok sagala ieu teh?"


"Can waktuna sholat, Nan.  Engke lima menit samemeh rek sholat karek dibuka."


"Haaaarrrr .... itu geuraaaaa."


"Pan meh masjidna beresih, karunya marbotna mun kudu sasapu remehan sangu."


Ahirna Mang Nani ngan bisa saukur diuk ngampleh bari ningali pemandangan situ-situan nu ceuk cenah bisa ngandalian banjir.  

Padahal ngandalikeun banjir mah tinggal menta tulung weh ka Avatar Aang.  Nyaa mun Si Aang teu bisa datang tinggal menta ganti ku Si Kora ...Kora ...Ninja.

 ***

"Kumaha, Nani.  Alus pisan pan?" Mang Dodo nanya bari ngabaheum gulali.


"Alus pisan atuh ieu mah arsitekturna, Do. Cocok pisan keur setting pilem reliji."


"Ish, enya atuh.  Ieu teh bisa nampung jamaah puluhan rebu, Nan.  Pokokna leuwih rea muatna batan stadion Geblos Sosor." Waler Mang Dodo.


"Ooh, terus mun puluhan rebu, kumaha kadieuna, Do.  Apanan jalanna leutik."


"Nyaa meureun ngke aya transportasi masal siga pesawat Enterprise.  Sakali narik, bisa langsung puluhan rebu jelema nu kaangkut.  Nu penting mah, aya heula masjidna, nu lain-lainna mah keun weh bisa nyusul." Ceuk Mang Dodo bari heuay.


"Tapi ceuk urang mah asa teu kudu, Do."  Mang Nani ngelus-ngelus jenggotna nu geus euweuh na tempatna.


"Naha?"


"Ngawangun masjid anu agreng-agreng pisan bari reana dijadikeun tempat seselpian teh sarua weh ngadukung percepatan atuh Doooo."


"Percepatan tumuwuhna ekonomi, alus pan? " Mang Dodo nyerengeh.


"Kiamat!"  Mang Nani berecet lumpat abus ka pasawat jetna nu geus parkir di luhur situ.

Sekian.

HALAMAN :
  1. 1
  2. 2
  3. 3
  4. 4
  5. 5
Mohon tunggu...

Lihat Konten Cerpen Selengkapnya
Lihat Cerpen Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun