"Pan meh masjidna beresih, karunya marbotna mun kudu sasapu remehan sangu."
Ahirna Mang Nani ngan bisa saukur diuk ngampleh bari ningali pemandangan situ-situan nu ceuk cenah bisa ngandalian banjir.
Padahal ngandalikeun banjir mah tinggal menta tulung weh ka Avatar Aang. Nyaa mun Si Aang teu bisa datang tinggal menta ganti ku Si Kora ...Kora ...Ninja.
***
"Kumaha, Nani. Alus pisan pan?" Mang Dodo nanya bari ngabaheum gulali.
"Alus pisan atuh ieu mah arsitekturna, Do. Cocok pisan keur setting pilem reliji."
"Ish, enya atuh. Ieu teh bisa nampung jamaah puluhan rebu, Nan. Pokokna leuwih rea muatna batan stadion Geblos Sosor." Waler Mang Dodo.
"Ooh, terus mun puluhan rebu, kumaha kadieuna, Do. Apanan jalanna leutik."
"Nyaa meureun ngke aya transportasi masal siga pesawat Enterprise. Sakali narik, bisa langsung puluhan rebu jelema nu kaangkut. Nu penting mah, aya heula masjidna, nu lain-lainna mah keun weh bisa nyusul." Ceuk Mang Dodo bari heuay.
"Tapi ceuk urang mah asa teu kudu, Do." Mang Nani ngelus-ngelus jenggotna nu geus euweuh na tempatna.
"Naha?"