“Din, maneh rek kamana?” kuring lumpat nyamperkeun si Didin.
“Ke heula Wan, tong waka su’udzon”
“Akh………teuing balikkeun payung uing!!!”
“Jang…..jang tong parasea atuh!! Anterkeun ibu heula.” Ceuk ibu-ibu bari jeung panik.
Katingali ti tukang “SATPOL PP” ngadeketan, kuring rewas punduk kuring ditepak ku salah sahiji “SATPOL PP.” Ibu-ibu eta oge jiga nu rewas ningalina.
“Aya naon ieu teh Jang? Parasea wae!!!”
“Ieu Pak, payung kuring dipaok”
“Jang… balikeun payungna!!” ceuk SATPOL PP ka si Didin.
Si Didin ngasongkeun payung ka kuring, ngan ibu-ibu tadi katingali jiga nu sieun ningali kadatangan “SATPOL PP.”
“Kunaon bu jiga nu sieun ningali abdi?” ceuk salah saurang SATPOL PP
“Bapak-bapak teu ngarazia kan? Ditingali loba PKL anu lalumpatan ningali kadatangan Bapak-bapak.”
“He…he…he, tong sieun ka abdi Bu. Urang sadayana kadieu ngan saukur jalan-jalan sareng bade shopping. Lamun ibu hoyong dirazia mangga atuh ngiring ka pos sareng abdi.” Ceuk saurang SATPOL PP bari jeung sura-seuri.
Follow Instagram @kompasianacom juga Tiktok @kompasiana biar nggak ketinggalan event seru komunitas dan tips dapat cuan dari Kompasiana
Baca juga cerita inspiratif langsung dari smartphone kamu dengan bergabung di WhatsApp Channel Kompasiana di SINI