“ Lima ratus rebu…”
“ Sok kadieukeun we satengahna.!”
“ Hehe… !”
“ Tah taun hareup mah tong saurang atuh. Dua puluh urang lamun bisa mah. Pokona, murid anyar anu daftar ngaliwatan kuring mah pasti katarima!”
*****
Ear pabeja-beja, da diomongkeun ku ceu Eha ka para tatangga, lamun hayang boga budak pinter, calakan, jeung bisa maca, leskeun bae ka Kang Entus. Antukna, kang Entus loba ngajar di luar ayeuna mah, barudak kampung anu biasa les di imahna diwurukan ku pamajikanna. Geus langka manehna ngajar barudak di kampung ayeuna mah. Malah, tariff LES oge dipasang dina papan hareupeun imahna ayeuna mah.
“ BIMBEL ENTUS SIAP MENGANTARKAN ANAK ANDA KE MASA DEPAN. HANYA DENGAN UANG RP.55.000 PERMINGGU ANAK ANDA SUDAH ADA DI MASA DEPAN. “ Kitu ceunah.
Genep taun ti harita, Sakola beuki aragreng, ti SD Nepika SMA wangunan geus hurung-herang. Sok sanajan di wewengkon sejen mah masih keneh aya sakolaan anu butut, barudak diajar aya dina ancaman rugrugna wangunan. Tapi di kota mah sakola estuning geus wareweg.
“ Kang Entus, punten pang jeujeuhkeun ieu jang Entod, sangkan lebet ka SMP Negeri Standar Internasional.” Ceuk Ceu Eha.
“ Muhun mangga dibantos….!” Geus kagambar ku Kang Entus, laum genep taun ka tukang manehna dibere lima ratus rebu, komo taun ieu… lamun sapuluh kalina oge lima juta ti saurang. Mangkaning anu menta dijeujeuhkeun sangkan abus ka SMP teh aya kana sapuluh urangna.
Mang Entus blus ka Kamar. Gek diuk dina luhureun ranjang, sora bangkong reang mapaesan peuting.