"Neng, cobi aya lisah sareng kayu putih?"
"Aya, Mi..." Gura-giru kuring nyodorkeun botol pamentana.
Budak teh diurutan ti sirah terus kana beuheung. "Hareeng ning," pokna. "Uratna mani teuas," cenah bari nyasar tonggong budak.
Kuring ngan ukur bisa ningalikeun. Watir oge ningali budak diurut. Ceurik mani gogoakan. Leungeun jeung suku roroesan. Salaki mah teuing kamana, sigana bakat ku teu wasa ningali budak ceurik.
"Tos, damang sugan tos dileles mah. Sok pasihan nyusu heula Neng," pokna bari ngecagkeun budak.
"Kunaon Fahmi teh, Umi?" Kuring panasaran. Enya, budak teh ayeuna mah daekeun nyusu. Duka enya geus cageur, atawa pedah lapar tos ceurik adug lajer.
"Ah, biasa Neng murangkalih mah. Ticengklak..."
"Ticengklak?" Kurik olohok...
"Paingan atuh nya nangis wae meni teu repeh," salaki mairan. Duka timana jolna, nyaho-nyaho tos aya di gigireun. "Palih mana nu ticengklakna, Mi?"
"Tah nu kenca, Cep. Wios bakatna da murangkalih mah. Ayeuna mah sing enggal damang we nya..."
"Amin! Nya nuhun atuh nya Umi..." Kuring nyiuman budak. Karunya teuing tos diurut pasti nyerieun keneh. Semu sura-seuri ayeuna mah budak teh, teu ceurik deui.