Paingan ti isuk keneh budak teh ngan ceurik wae, singhoreng meureun aya kanyeri. Estuning teu daekeun nyusu, teu daekeun sare tibra. Aya bisa sare henteu lila, kitu ge bari ngarenghik, tara-tara tisasari.
Sok kaweur bubuhan di imah ngan ukur aya kuring jeung salaki. Kacipta mun aya kolot sorangan atawa mitoha, meureun aya nu mapatahan; atawa saha wae anu geus pangalaman ngurus budak. Da ning kolot baheula mah sok kasebutnakeun, bisa mere tangara. Lamun budak ceurik teu daek nyusu teu daek sare, pasti aya kanyeri.
Ari kuring bubuhan teu apal tea, budak ngear ti isuk teh ukur bisa mamangku we bari sabisa-bisa ngupahan. Salaki nya kitu, sarua teu apalna. Ngan sabisa-bisa ngubar-ngaber ngabebenjokeun orok.
"Teang Umi we atuh?" Ceuk kuring ka salaki. Inget basa tos ngalahirkeun dilongok ku tatangga, aya nu ngabejaan lamun aya masalah soal budak ka Umi Afat wae. Tong asa-asa.
Salaki kalah ngahuleng. Tungtungna kuring ge poho we da tuluy-tuluy ngupahan budak nu ngear teu eureun-eureun. Nepi ka sareupna, kakara salaki teh ngomong.
"Teang wae Umi?" Pokna bari neuteup budak. Watir oge meureun sapoe jeput budak teu pisan bisa sare.
Kuring ukur ungeuk.
"Ayeuna?" Pokna pikakeuheuleun.
"Taun hareup we!" Ceuk kuring asal. "Nya enya atuh ayeuna, geus puguh ieu budak teu cageur ti tatadi." Tembal kuring bari nanangkeup budak nu inghak-inghakkan.
Teu ngomong deui leos salaki ka pipir, neang Umi nu imahna aya di tukang. Teu lila jol datang deui, dituturkeun ku pangawakan awewe geus kolot. Katempona parigel jag-jag keneh.
Teu loba omong, sanggeus ku kuring dicaritakeun kumaha kaayaan budak ti isuk-isuk nepi ka danget harita, Umi Afat manggku budak. Bajuna dilaanan.