Mohon tunggu...
Sunan Gunung Djati Blogger UIN SGD Bandung
Sunan Gunung Djati Blogger UIN SGD Bandung Mohon Tunggu... -

Sunan Gunung Djati adalah Harian Online Blogger Sunan Gunung Djati. Semula berawal dari Komunitas Blogger Kampus UIN SGD Bandung yang terbentuk pada tanggal 27 Desember 2007. Sejak 9 Februari 2009 dapat mengudara di Jagat Internet. Staff Redaksi: Pimpinan Umum: Ibn Ghifarie| Pimpinan Redaksi: Sukron Abdilah| Pengelola dan Keamanan Website: Badru Tamam Mifka, Zarin Givarian, Ahmad Mikail| Desain: Nur Azis| Kontributor Tetap: Pepih Nugraha (Senin-Ngeblog), Neng Hannah (Selasa-Gender), Bambang Q Anees (Rabu-Filsafat), Asep Salahudin (Kamis-Kesundaan), Afif Muhammad (Jumat-Teologi), ASM Romli (Sabtu-Media) Tim Susur Facebook: Cecep Hasanuddin, Reza Sukma Nugraha Tim Susur Blog: Amin R Iskandar, Jajang Badruzaman, Dasam Syamsudin, Dudi Rustandi. Seputar Redaksi: redaksi@sunangunungdjati.com Ayo Ngeblog, Ayo Berkarya! Selengkapnya klik www.sunangunungdjati.com

Selanjutnya

Tutup

Filsafat

Ngalap Berkah Tina Hijrah

19 Desember 2009   03:10 Diperbarui: 26 Juni 2015   18:53 425
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Filsafat. Sumber ilustrasi: PEXELS/Wirestock

Sunan Gunung Djati-Mangsa Umar ibn Khottob (634-644) makalangan jadi holifah, wewengkon Islam geus sumebar ka jauhna. Ti Madinah parat ka Persia.

Harita taun 638, nalika Abu Musa al-Asy`ari nyepeng pancen jadi Gupernur Irak, anjeuna kantos ngintun serat ka Holipah anu unina ti antarana netelakeun, “Nun, gening serat-serat urang teh ngan ukur aya tanggal jeung bulan wungkul, teu aya titimangsa tauna. Bawiraos, tos cunduk kana waktosna umatIislam mibanda tareh nyalira dina raraga milangkala”

Nya harita keneh Holipah ngempelkeun para sohabat piken madungdengkeun usulan ti Gupernur Irak eta. Malah Holipah nyalira ngajengkeun pamendakna pikeun ngajadikeun kajadian hijrah kanjeung Rosul mangrupi awal tina itungan taun Islam. Meh sadayana sohabat sapuk malah Imam Ali anu biasana gaduh pamendak mahiwal dina hal ieu sapamadegan.

Kajadian ieu pisan anu jadi sasakala pabaru Islam hijrah anu kiwari nincak taun ka 1429 sok sanajan ceuk sawareh riwayat Nabina ku anjeun saleresna hijrah ti Mekah ka Madinah (baheula ngarana kampung Yastrib) kajadiana lain bulan Muharram tapi ping 27 Shafar anjog  di Quba’,Senen ping  8 Rabi’ul Awal atuh lebet ka Madinahna pas 12 Rabiul Awal/27 September 622 M.

Tetela Holipah Umar bin Hotob, anu ku HAR Gibb jeung JH Kramers dina buku Shoter Encyclopedia of Islam disebutna oge apan Bapa pangwangunan  imperium Arab legendaris,  anu pangheulana netepkeun pabaru Islam.

Ma’na hijrah Mun  urang leukeun mukaan kamus Arab tandes pisan sakumaha dina kitab Al Mu’jam al Wasith rehna hajara teh hartina taraka  min makan ila makan. Ceuk urang sunda mah ngungsi tea. Pindah ti hiji lembur neangan pilemburan sejen sakumaha oge kajudi tina padika Mantena, “Jeung urang Anshor anu jadi pangeusi dayeuh Madinah  jeung geus ariman samemehna (kadatangan) maranehna (muhajirin), aranjeuna micinta jalma-jalma anu hijrah ka tempat maranehna” (Q.S. al Hasya: 9).

Dina kitab  Mufradat Alfazh al Qur’an benang Isfahani ditetelakeun rehan hijrah oge ngabogaan harti mufaraqah al insan ghairahu imma bi al badan aw bi al lisan aw bi al qalb. Hartina ninggalkeun hiji jalma boh ragana, ucapana atawa hatena. Dina panoong Isfahani mah gening hijrah the teu kudu pancakaki wae jeung urusan tempat tapi oge bisa patali jeung jiwa, raga malah pamadegan sagala dina raraaga nyorang kahirupan anyar pikeun ngahontal kaayaan anu leuwih hade.

Dina al-Quran wae apan, dua ma’na hijrah eta diwadahan. Kecap hijrahna sorangan disebut 38 kali. Tu antarana wae dina wanda fi’il madhi 12 kali, fi’il mudhore 3 kali, fi’il amar 6 kali, masdar sakali 1 kali, dina wujud subyek saloba 6 kali.

Malah lain tepi kadinya, sawatara ayat al-Quran nemrakeun berkah tina hijrah nyaeta:

Kahiji, mun jalma (bangsa) geus ngalakonan hijrah tinangtu ekonomina bakal ngaronjat, bakal geude ambahan jeung tinimbangana sabab geus tangtu pangalamana bakal nambahan (QS. an-Nisa: 100) (QS. al-Anfal: 79);

Kadua, bakal menang pangampura ti Pangeran. Manehna geus bajuang dina raraga nanjerkeun bebeneran atuh tanwande Pangeran moal ngantep kitu wae tapi salilana manehna bakal diaping jeung dituyun ku Mantena. Kasalahan-kasalahan anu geus dilakukeun nana jadi pangjajap pikeun asup ka sawarga (QS. ali Imran: 195);

Katilu, bakal diangkat darajatna, “Jalma-jalma anu ariman jeung hijrah sarta jihad di jalan Alloh ngaliwatan harta jeung jiwana sorangan, mangka saestuna darajatna leuwih luhur disagedengeun Alloh jeung bakal aya dina kaayaan anu menang (QS. at-Taubah: 20);

Kalima, nyangking rohmat, karidoaan, ganjaran jeung sawarga ti Mantena (QS. at-Taubah: 20-22);

Kagenep, kenging karidoan ti Mantena, “Jalma-jalma anu geus tariheula jeung anu munggaran arasup Islam ti antarana urang muhajrin jeung anshor jeung jalma-jalma anu milu ka maranehna kalayan hade, Alloh rido ka maranehna jeung maranehna oge rido la Alloh jeung Alloh nyayagikeun keur maranehna surga-surga anu ngamalir di handapna walungan… “ (QS. at-Taubah: 100)

Bawirasa moal aya transformasi malah moal boa revolusi sosial anu sukses kajaba samemehna para pamingpin jeung rahayatna satuhu ngalakukeun hijrah heula sapuratina. Sajara para Nabi apan sakitu dalitna jeung hijrah. Satiap Nabi meh kudu ngalalakon hijrah ieu. Boh Nabi Musa, Isa, Nuh Ibrohim jeung sajabana.

Kaharti dina kitu namah, da mun hiji jalma (bangsa) teu daek ingkah ti imah (lembur/nagara) tinangtu bakal kana kurungbatokeuna. Sok komo lamun di wewengkon urang eta adat pangadatan kagorengana geus kakurung ku iga, lain urang anu bisa mangaruhan malah teu nutup ka mungkinan urang malah anu kabaud ka bawa ku sakaba-kaba.

Urang sunda Ceuk sawareh riwayat ku naon urang Sunda kiwari euweuh anu makalangan dina dunya perpulitikan? Meureun, tina implengan sakolebatan, ti antara jawabana lantaran mentalitas hijrah suwung dina diri urang Sunda. Geus ngababatang wae apan wasiat ka anak incuna  teh hayang dikurebkeun di lembur.  Arang langka anu betah di lembur batur. Jauh tanah kalangit jeung urang pentas atawa urang wetan.  Pek we tempo ti antara pupuhu partey badag pan jigana teh euweuh anu dipingpin ku seke seler Sunda pituin. Pernah eta oge aya, tapi ari pas pemilu anu milihna ngan ukur saese. Partey jugala jaman orde baru tepi ka kiwari pan leuit sorana teh ti lembur urang, tapi aca can kacaturkeun dipupuhuan ku urang-urang, ngan kawenehean seret  ka sekjen. Meureun mana kitu oge urang teh ngan ukur ‘ditakdirkeun’ jadi tukang ngeprak wadya balad wungkul. Geus maju mah mobilna ngan kari ngegel curuk. Di lembur sorangan wae ampir-ampiran jadi semah. Meh-mehan kaboler.

Atuh eta dina bag-bagan pamikiran Ka-Islam-an jeung kabudayaan, tetela urang Sunda katinggaleun deui wae.  Urang mah ngan ukur tuturut munding. Kumaha ramena. Untung ketak aya eta oge anu matak reueus wawakilna mah ti Mutahhari Kiaracondong anu kiwari luewih loba nganjreuk di puser dayeuh. Saurang deui budayawan kahot anu ayeuna nganjrek di Pabelan satutasna hijrah ka Jepang. Malah aya anekdot,ceunah tempatna mah di lembur urang (Bandung) penerbit ka-Islam-an  anu kakoncara teh  tapi  palebah pangarangna lain miang ti lembur urang. Lolobana mah batur. Urang IAIN (kiwari ceunah geus salin rupa jadi UIN) asa can kawenehan anu bukuna dimedalkeun ku penerbit anu jadi naraca wacana pamikiran Islam Indonesia eta. Asa can kadenge produk pamikirana ngagenjlengkeun jagat nasional, dipadungdengkeun ku balarea. Ceuk Doel Sumbang tea mah, “Teuing kamarana jeung teuing dimarana?” Mudah-mudahan atuh geus jadi UIN mah jadi onjoy boh dina bag-bagan elmuning agamana atawa umumna (ulah malah teu kaditu kadieu: agamana cangor keneh umumna cacag nangkaeun).

Eta oge pernah kasohor oge pikeun bahan lenyepaneun, lembur urang kiwari meh reumeun jadi wewengkon pikeun nyebarkeun ceunah aliran sasar tea. Pek we tingali ti mimiti kamari carita Nabi palsu, Quran Suci, DHD jeung sajabana apan muser di dieu. Ti beh ditu mula gerakan sasar (sacara Pulitik)  Darus Islam sok sanajan pupuhuna ti batur, ari basisna mah di Jawa Barat.

Nemrakeun kanyataan pait ieu teh lain sok pedah kaentepan ku panyakit jahiliah asobiah (sentimentalisme  kadaerahan), tapi estuningh miang tina sipat manusiawi mun hiji jalma micinta lemburna sorangan. Nabi ku anjeun apan nalika bade ngantunkeun Mekah, manahna ngarakacak socana beueus tapi anjeuna gidig pikeun hijrah naklukeun Madinah isuk jaganing geto tinangtu Mekah bakal ka keupeul kabuktian pisan hal ieu dina Futuh Mekah. Ieu kasauran sentimentalisme manusiawi kanjeung Nabi nalika bade ngantunkeun Mekah teh anu ku sawareh mufasir sok disebutkan bibit buit tina ajaran nasionalisme:

“Demi Allah! Anjeun teh (Mekah) wewengkon Alloh anu ku kaula dipikamemet. Demi Allah! Anjeun teh bumi Alloh anu pang dipikacintana ku Mantena. Mun seg tea mah pangeusi Mekah teu ngusir kaula, tinangtu kaula moal rek ninggalkeun anjeun”

Lain leutik burih Hijrah teh enas-enas namah lain sikep diri Nabi anu leutik burih sakumaha sok reumeun ditudingkeun ku kaom orentalise, tapi estuning hijrah the siasat pulitik  anu jitu. Ceuk Haikal te mah “Pangbuka lawang tina ulekan pulitik anu jembar.”  Fazrul Rahman nyatet rehna hijrah teh marks of the beginning of Islamic calendar and the founding of Islamic community (1984).

Sasat mun Nabi henteu hijrah, duka kumaha tah nasib Islam. Satutasna hijrah apan Nabi jadi pamingpin di Madinah. Di Madinah, Muhammad  saw lain ukur jadi pamingpin umatIslam wungkul, tapi jadi pamingpin nagara anu ngurus sakumana rahayat anu meh teu sarua agamana. Nabi mere conto kumaha cara ngajenan batur, toleran, ngajauhan sikep ngarengsekeun pasualan ku cara anu nista. Sakumaha hal ieu ku urang kakobet  tina Piagam Madinah tea.

Naha hijrah kiwari masih keneh penting? Bawirasa jawabana hijrah lain sakadar pilihan tapi kawajiban. Salila lingkungan urang masih di tingker ku sikep-sikep watek mikung jahiliah nya urang wajib hijrah nyiar kamungkinan anyar kahirupan anu bisa ngahargaan ajen inajen kamanusaan. Hijrah jadi kacida pentingan mun bangsa urang can bisa ngolesed tina pase Mekah: pulitik, ekonomi, jeung budaya masih muser kana watek-watek jahiliah malah ngahirib-hirib kana kamusyrikan.*** [ASEP SALAHUDIN, Pengasuh Kolom Kesundaan Sunan Gunung Djati yang terbit setiap hari Kamis]

Baca konten-konten menarik Kompasiana langsung dari smartphone kamu. Follow channel WhatsApp Kompasiana sekarang di sini: https://whatsapp.com/channel/0029VaYjYaL4Spk7WflFYJ2H

HALAMAN :
  1. 1
  2. 2
  3. 3
Mohon tunggu...

Lihat Konten Filsafat Selengkapnya
Lihat Filsafat Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun