Katilu, bakal diangkat darajatna, “Jalma-jalma anu ariman jeung hijrah sarta jihad di jalan Alloh ngaliwatan harta jeung jiwana sorangan, mangka saestuna darajatna leuwih luhur disagedengeun Alloh jeung bakal aya dina kaayaan anu menang (QS. at-Taubah: 20);
Kalima, nyangking rohmat, karidoaan, ganjaran jeung sawarga ti Mantena (QS. at-Taubah: 20-22);
Kagenep, kenging karidoan ti Mantena, “Jalma-jalma anu geus tariheula jeung anu munggaran arasup Islam ti antarana urang muhajrin jeung anshor jeung jalma-jalma anu milu ka maranehna kalayan hade, Alloh rido ka maranehna jeung maranehna oge rido la Alloh jeung Alloh nyayagikeun keur maranehna surga-surga anu ngamalir di handapna walungan… “ (QS. at-Taubah: 100)
Bawirasa moal aya transformasi malah moal boa revolusi sosial anu sukses kajaba samemehna para pamingpin jeung rahayatna satuhu ngalakukeun hijrah heula sapuratina. Sajara para Nabi apan sakitu dalitna jeung hijrah. Satiap Nabi meh kudu ngalalakon hijrah ieu. Boh Nabi Musa, Isa, Nuh Ibrohim jeung sajabana.
Kaharti dina kitu namah, da mun hiji jalma (bangsa) teu daek ingkah ti imah (lembur/nagara) tinangtu bakal kana kurungbatokeuna. Sok komo lamun di wewengkon urang eta adat pangadatan kagorengana geus kakurung ku iga, lain urang anu bisa mangaruhan malah teu nutup ka mungkinan urang malah anu kabaud ka bawa ku sakaba-kaba.
Urang sunda Ceuk sawareh riwayat ku naon urang Sunda kiwari euweuh anu makalangan dina dunya perpulitikan? Meureun, tina implengan sakolebatan, ti antara jawabana lantaran mentalitas hijrah suwung dina diri urang Sunda. Geus ngababatang wae apan wasiat ka anak incuna teh hayang dikurebkeun di lembur. Arang langka anu betah di lembur batur. Jauh tanah kalangit jeung urang pentas atawa urang wetan. Pek we tempo ti antara pupuhu partey badag pan jigana teh euweuh anu dipingpin ku seke seler Sunda pituin. Pernah eta oge aya, tapi ari pas pemilu anu milihna ngan ukur saese. Partey jugala jaman orde baru tepi ka kiwari pan leuit sorana teh ti lembur urang, tapi aca can kacaturkeun dipupuhuan ku urang-urang, ngan kawenehean seret ka sekjen. Meureun mana kitu oge urang teh ngan ukur ‘ditakdirkeun’ jadi tukang ngeprak wadya balad wungkul. Geus maju mah mobilna ngan kari ngegel curuk. Di lembur sorangan wae ampir-ampiran jadi semah. Meh-mehan kaboler.
Atuh eta dina bag-bagan pamikiran Ka-Islam-an jeung kabudayaan, tetela urang Sunda katinggaleun deui wae. Urang mah ngan ukur tuturut munding. Kumaha ramena. Untung ketak aya eta oge anu matak reueus wawakilna mah ti Mutahhari Kiaracondong anu kiwari luewih loba nganjreuk di puser dayeuh. Saurang deui budayawan kahot anu ayeuna nganjrek di Pabelan satutasna hijrah ka Jepang. Malah aya anekdot,ceunah tempatna mah di lembur urang (Bandung) penerbit ka-Islam-an anu kakoncara teh tapi palebah pangarangna lain miang ti lembur urang. Lolobana mah batur. Urang IAIN (kiwari ceunah geus salin rupa jadi UIN) asa can kawenehan anu bukuna dimedalkeun ku penerbit anu jadi naraca wacana pamikiran Islam Indonesia eta. Asa can kadenge produk pamikirana ngagenjlengkeun jagat nasional, dipadungdengkeun ku balarea. Ceuk Doel Sumbang tea mah, “Teuing kamarana jeung teuing dimarana?” Mudah-mudahan atuh geus jadi UIN mah jadi onjoy boh dina bag-bagan elmuning agamana atawa umumna (ulah malah teu kaditu kadieu: agamana cangor keneh umumna cacag nangkaeun).
Eta oge pernah kasohor oge pikeun bahan lenyepaneun, lembur urang kiwari meh reumeun jadi wewengkon pikeun nyebarkeun ceunah aliran sasar tea. Pek we tingali ti mimiti kamari carita Nabi palsu, Quran Suci, DHD jeung sajabana apan muser di dieu. Ti beh ditu mula gerakan sasar (sacara Pulitik) Darus Islam sok sanajan pupuhuna ti batur, ari basisna mah di Jawa Barat.
Nemrakeun kanyataan pait ieu teh lain sok pedah kaentepan ku panyakit jahiliah asobiah (sentimentalisme kadaerahan), tapi estuningh miang tina sipat manusiawi mun hiji jalma micinta lemburna sorangan. Nabi ku anjeun apan nalika bade ngantunkeun Mekah, manahna ngarakacak socana beueus tapi anjeuna gidig pikeun hijrah naklukeun Madinah isuk jaganing geto tinangtu Mekah bakal ka keupeul kabuktian pisan hal ieu dina Futuh Mekah. Ieu kasauran sentimentalisme manusiawi kanjeung Nabi nalika bade ngantunkeun Mekah teh anu ku sawareh mufasir sok disebutkan bibit buit tina ajaran nasionalisme:
“Demi Allah! Anjeun teh (Mekah) wewengkon Alloh anu ku kaula dipikamemet. Demi Allah! Anjeun teh bumi Alloh anu pang dipikacintana ku Mantena. Mun seg tea mah pangeusi Mekah teu ngusir kaula, tinangtu kaula moal rek ninggalkeun anjeun”
Lain leutik burih Hijrah teh enas-enas namah lain sikep diri Nabi anu leutik burih sakumaha sok reumeun ditudingkeun ku kaom orentalise, tapi estuning hijrah the siasat pulitik anu jitu. Ceuk Haikal te mah “Pangbuka lawang tina ulekan pulitik anu jembar.” Fazrul Rahman nyatet rehna hijrah teh marks of the beginning of Islamic calendar and the founding of Islamic community (1984).