Sunan Gunung Djati-Mun urang ngaleunyeupan ayat-ayat al-Quran, copelna aya opat istilah tumali jeung kecap manusa bari mibanda harti anu teu sarua. Kahiji, basyar. Kecap basyar biasana dilarapkeun ka manusa dina harti mahluk biologis. Butuh dahar, nginum, laki rabi, jeung saterusna.
Tong aneh lamun Kanjeng Nabi tina segi basyar teu dipiceun sasier jeung urang-urang. Anjeuna barang tuang, ngaleueut, gaduh garwa, sareng saterasna. Unggelna dina al-Quran ana basyarun mitslukum (kaula teh manusa kawas aranjeun).
Kadua, bani adam. Kecap ieu dalit panca kakikna jeung manusa ditilik lebah intelektual psikologisna. Pikeun ngaronjatkeun ajen inajen diri jeung nyumponaan hanaang rasa kanyaho (curioucity) manusa dialajar, akalna diseketan, otakna dipinuhan. Apanan lain bahela anu ngabalukarkeun malaikat sumujud ka Nabi Adam alatan Adam mibanda pangaweruh anu teu dipimilik ku malaikat. Wa allama adamal asma’al husna.
Katilu, an-nas. Kecap ieu loba pakuat pakaitna jeung manusia dina harti mahluk sosial-antropologis. Kusabab manusa teh lain mahluk anu bisa hirup sosorangan nya manehna perlu aktualisasi jeung sosialisasi diri. Ti lebih dieu pisan ulekan kahirupan miang. Dunya jadi rame. Lingkungan euyueb ku paripolah manusa ti mimiti abringan anu harayang dihargaan, anu awong-awongan menta diperhatikeun, aya oge anu ceceremed nilep anggaran tepi ka jadi jugala ahirna dipikaserab jeung dihiap-hiap ku balarea sok pedah reumeun ngawur-ngawur duit anu hakekat namah duit-duit urang keneh. Jeung rea-rea deui lajuning laku manusia dina raraga ngamotekarkeun lebah an-nas na.
Kaopat, al-insan. Kecap ieu lumrah digunakeun dina harti manusa sabagai mahluk, ceuk legegnamah, spiritual teologis. Manusa anu salilana eling kana sarakan tempat dimana manehna bakal mulang kanu Kagungan. Manusa anu teu weuleh ngagelung kana pitrohna anu suci. Sadar sapuratina kana temah wadi. Mieling kana pasini jangji moal baha ka Mantena di mangsa ajali waktu urang kumeuleunang di alam rohani. Alastu birobbikum? qalu bala syahdina. Hirup henteu ieuh ngaberung napsu tunggul dirarud catang dirumpak, tapi estuning nincak hambalan papagon Pengeran sareng Kanjeng Rosul. Juhd
Saur Imam Gozali, hirup hurip urang teh taya lian kumaha sangkan opat potensi kamanusaan tadi bisa dicumponan kalayan saimbang. Henteu berat sabelah. Dunya dipaju (lain dudunya) aherat dikeureuyeh. Ceuk al-Quran tea mah wa la tansa nasihabakan minad dunya. Kudu siger tengah tea meureun. Dina dawuhan Rosul tea mah khairul umur ausathuha.
Sabalikna, nalika berat sabelah, tanwande moal bowa bakal mawa bahla. Sok we tingali sababiyah motekarna korupsi apanan kaayaan hiji bangsa bisa balangsak. Kangaranan korupsi, contona wae, lain dilakukeun ku jurig jarian, tapi ku jalma-jalma keneh ngan hanjakkal jalma anu salilana mupusti segi basyar lat poho kualitas insaniyahna. Balukar lengit jati diri insaniayahna (spiritualitasna), tong boro-boro kejo, apan leuweung geledegan oge dihakan tepi ka bulester, walungan diperes tepi ka ngoletrak, laut dikeruk, aspal disuruput, oli diuyup, minyak tanah dileguk, gula dileg-leg. Cohagnamah hancengan batur dikoredaskeun tepi ka te kabagean, atuh dina ayana oge orokaya hargana nyeukek. Nges ledis kakara ngumumkan sangkan kadangwarga hirup basajan, sok padahal ti baheula mula oge leuwih ti basajan dalah kudu ngalaman busung lapar sagala lain. Mun jalma terus-terusan mupusti basyariyah-na tepi ka poho kana purwadaksi (insaniah), dijamin tungtungna rengkakna badis sato malah lewih sasar. Ulaika kal an’ami bal hum adhall. Mujahadah
Palebah dieu pisan jigana pentingna ngagedurkeun juhd teh. Juhd anu hartina daria didieu ngawengku tilu perkara: kahaji dina raraga meruhkeun hawa napsu. Juhd samodel kieu katelahna mujahadah anu biasa dilakonan ku ahli torekat. Mujahadah teh hiji taktik sangkan hate urang wening (tazkiyatun nafsi). Mujahadah lain hartina ngajauhan dunya tapi kumaha sangkan dunya eta teu paparentah ka urang tapi sabalikna curuk urang anu tuntunjuk marentahkeun dunya. Ceuk Imam Ali tea mah yamlikud dunya wa la tamlikuh. Mampu ngontrol dunya lain dikontrol dunya.
Nya perang ngalawan hawa nafsu ieu pisan anu kamari disabit-sabit Nabi ku jihad rongkah tea. Sakumaha kacaturkeun dina hiji riwayat, “Samulihna ti tempat pangperangan Nabi cumarios, ‘Urang sararea kakara mulang tina jihad letik ayeuna keur nyorang jihad badag”. Para sohabat kaget margi aranjeuna gaduh panyangka rehna jihad anu nembe dirandapan anu nandonkeun nyawa, harta jeung raga eta jihad gede teh tapi malah ku Nabi disebut jihad letik. ‘Apami kitu naon atuh jihad anu ageng teh, gusti?’. Rosul ngawaler, ‘Jihad rongkah teh nyaeta nalika hiji jalma mampu meruhkeun hawa napsuna.”
Dina kahirupan sapopoe, urang mineng sukses ngelehkeun musuh anu sipatna pisik, contona ngusir penjajah. Tapi kalolobaan tipadikes nalika nyanghareupan musuh ragot anu ngarongheap tina diri urang. Eleh jajaten nalika kudu naklukeun napsu anu ngaberung menta ditedunan. Antukna, ceuk paribasa Malayu tea mah, keluar dari mulut buaya masuk mulut harimau. Kamari dijajah ku dengeun ayena dijajah ku napsu. Kamari aya romusa, atuh kiwari loba karyawan, guru honor, jeung sajabana anu dibayar jauh tina samistina, kamari aya rodi anu diperes ku Walanda kiwari pabalatak tki/tkw anu tanagana dipeureut bari hak-hakna ditandasa sarta nagara saetik eweh ketak pikeun bumela, nagara ngan saukur merlukeun hungkul devisana, urang dijajah ku paripolah mahiwal KKN anu tug dugi ka mangsa kiwari teu eih-eih malah anu karasa beki mahabu. Ijtihad
Kadua, ijtihad. Kecap anu sarua menang nyokot tina juhd ieu pakait jeung kamotekaran utek. Jalmana disebut mujtahid. Ti beh ditu mula Islam kacida ngajenan akal pikiran. Malah lain ayat anu munggaran turun teh iqra. Iqra hartina maca ari maca mangrupakan ilapat tina paelmuan. Lamun urang neuleuman al-Quran loba pisan dawuhan Mantena anu dalit pakuat pakait jeung dunya atikan, panaluntikan, observasi atawa kontemplasi sakumaha kawengku ku ungkara afala tafakkarun, afala tadabbarun, afala ta’qilun. Malah lain ku kacida pentingna elmu ieu sahingga Allah ngadamel nami surat al-Qolam. Al-Qolam teh hartina patlot aro patlot pan eta teh silib tina ijtihad. Alloh dugi ka sumpah ngagunakeun kecap al-Qolam. Nun wal qolami wa ma yasthurun.