Atuh ngenteng kana sunnah Nabi sami mawon. Pan sakitu atrana mangpirang-pirang dawuhan Nabi anu netelakeun rehna elmu hukumna wajib disiar boh ku lalaki atawa awewe ti mimiti dina aisan tepi ka liang kubur, sok sanajan elmu eta ayana di wewengkon Cina. Lamun urang ninggal kabijakan anu dikaluarkeun ku Nabi teu weuleh diancokuen pikeun nanjerna paelmuan. Apanan salah sahiji opsi dibebaskeun nana tawanan perang kafir Quresy nyaeta lamun maranehna teu boga duit keur nebus nya kudu sayagi ngajar ka barudak muslim anu can barisaeun maca jeung nulis .
Roh ijtihad ieu anu jadi cukang lantaran umat Islam dina abad pertengahan jadi imam peradaban nalika urang Barat alam pikiranana masih keneh ditangkodan tahayul. Sajarah geus nyatet tokoh-tokoh anu boga yasa geude pikeun kamotekaran elmu. Saha anu teu apaleun Ibn Sina, Ibn Rusydi, Ibn Holdun, al-Howarizmi, al-Gozali, al-Biruni, jeung rea-rea deui. Maranehna pisan lain anu ngaguyah-guyah urang Barat sangkan gewat hudang nilepan simut mitos, cengkat ngeprakan dongeng teu karuhan anu nalekeuman pikirana.
Hanjakal deui wae, dina kaayeunakeun nalika urang Barat hudang tepi ka bisa megarkeun sain jadi teknologi, urang malah asup ka ‘enggon’: tibra sare diparanede carita bid’ah tepi ka kiwari can nguniang-nguniang. Ngan ukur bisa nostalgia mulangkeun panineungan mangsa makalangan bari teu dibarengan gawe anu rancage. Beh ditudana ku sabab teu bisa loba anu dilakukeun lantaran pikirana cupet antukna katepaan panyakit inperioritas, antukna gampang naek darah: patorong-torong madungdengkeun kunut jeung usholli. Batur mah lumpat teing geus ka mendi ieu masih keneh silih asah dalil ngeunaan awal jeung ahir Romadon. Lamun teu parasea jeung papada, nya panyakitna teh gampil nyalahkeun deungeun (Barat) atawa ngupahan maneh. Pajarken teh ken bae urang Barat mah ayeuna maju heheotan di dunya engke mah bakal kokoceakan dikerebekeun dina naraka. Aya oge anu mere lolongkrang cenah lamun urang hayang maju kudu ngahirupkeun deui syareat Islam, tampolana dina kanyataan nana anu katenjo singhoreng syareat dina harti anu heureut: seret kudu make baju koko jeung awewe wajib dikerem di imah
Geus tangtu sangkan ijtihad ieu teu nyebarkeun tales atel nya kudu dibarengan ku mujahadah. Supaya sains jeung teknologi teu nyilakakeun nya wajib dibalur ku spiritualitas. Jigana krisis ekologi, bom anu kamari merlayakan pengeusi Hirosima Nagasaki, Cernobil, jeeng rea-rea deui taya lian akibat coplokna spiritualitas tina rungkun ijtihad, sains jeung teknologi. Ceuk Sayyid Hossen Nasr mah bibit buit namah lantaran urang Barat geus ngudar Pangeran tina pakalangan. Mupusti pakta empirik bari ngusir realitas metapisik.
Jihad
Katilu, jihad. Geus tangtu jihad didieu lain hartina urang teu pupuguh geur merangan jalma kapir anu teu tuah teu dosa. Jihad (leuwih pasna mah qital) dina konsep al-Quran digedurkeun nalika sakabeh tarekah pikeun ngarengsekeun pasualan buntu atawa lamun urang teu hir teu walahir ujug-ujug deur diserang ku deungeun.
“Perangan jalma-jalma anu merangan anjeun, tapi anjeun ulah anu ngamimitian. Saestuna Allah teu rueseupen ka jalma-jalma anu ngalewihan wates…” (QS. al-Baqarah/2: 190-191).
Pamungkas
Hayang jadi jelma teh singhoreng teu gampang. Urang perlu ngeprakeun sagala potensi diri boh anu kasebutna hate (narekahan sangkan salilina nyaring), akal (ngusahakeun supaya pinuh ku pangaweruh), jeung jihad (sipat kahengker diganti ku rancage), sangkan kualitas kamanusaan urang bisa nerekel lain ukur seret basyar. Perlu kasab rehna anu pinter teh lain seret akal, tapi oge emosi jeung rohani.
Mun teu kitu, palias kualitas diri urang sed saeutik ti sato. Palangsiang lewih sasar. Mun kieu kaayaan nana tinangtu kahirupan urang salilana bakal bajred jeung weurit.*** [ASEP SALAHUDIN, Pengasuh Kolom Kesundaan Sunan Gunung Djati yang terbit setiap hari Kamis]
Baca konten-konten menarik Kompasiana langsung dari smartphone kamu. Follow channel WhatsApp Kompasiana sekarang di sini: https://whatsapp.com/channel/0029VaYjYaL4Spk7WflFYJ2H