Mohon tunggu...
Sunan Gunung Djati Blogger UIN SGD Bandung
Sunan Gunung Djati Blogger UIN SGD Bandung Mohon Tunggu... -

Sunan Gunung Djati adalah Harian Online Blogger Sunan Gunung Djati. Semula berawal dari Komunitas Blogger Kampus UIN SGD Bandung yang terbentuk pada tanggal 27 Desember 2007. Sejak 9 Februari 2009 dapat mengudara di Jagat Internet. Staff Redaksi: Pimpinan Umum: Ibn Ghifarie| Pimpinan Redaksi: Sukron Abdilah| Pengelola dan Keamanan Website: Badru Tamam Mifka, Zarin Givarian, Ahmad Mikail| Desain: Nur Azis| Kontributor Tetap: Pepih Nugraha (Senin-Ngeblog), Neng Hannah (Selasa-Gender), Bambang Q Anees (Rabu-Filsafat), Asep Salahudin (Kamis-Kesundaan), Afif Muhammad (Jumat-Teologi), ASM Romli (Sabtu-Media) Tim Susur Facebook: Cecep Hasanuddin, Reza Sukma Nugraha Tim Susur Blog: Amin R Iskandar, Jajang Badruzaman, Dasam Syamsudin, Dudi Rustandi. Seputar Redaksi: redaksi@sunangunungdjati.com Ayo Ngeblog, Ayo Berkarya! Selengkapnya klik www.sunangunungdjati.com

Selanjutnya

Tutup

Politik

Nagara Balangsak, Balukar Salah Urus

12 November 2009   02:33 Diperbarui: 26 Juni 2015   19:22 438
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Politik. Sumber ilustrasi: FREEPIK/Freepik

Jawaban tina faena tadhabun ngahirib-hirib kana naon anu disebut ku kanjeung Nabi ku ungkara ihsan tea. Ka annaka tarohu fa in lam takun tarohu fa innahu yaroka. Pan ihsan ieu apan saur mantena ngarupakeun puncerna kahadean. Ngarupakeun hiji wasilah pikeun ngahontal rasaning cinta ti Pangeran. Innalloha yuhibbul muhsinin. Mun Allah geus micinta hambana, atuh naon wae kahayang urang bakal tinekanan kalayan  aya dina rido Anjeuna. Teuing rek ka mana

Jigana ningali lakuning lampah kalolobaan pangeusi nagara urang, badis jalma anu nyorang jalan bari teu puguh tujuan. Teuing rek kamana. Atawa nyorang jalan tapi brasna buntu. Ngaku-ngaku namah beragama, tapi anu dijadikeun kiblat  malah hawa napsu. Jalma ngalabring bari awong-awongan marebutkeun eusi pejit teu sirikna silih dengkek, luak-lieuk ningali batur bongoh.

Pulitik jadi arena nipu nu leutik. Ekonomi jajauheun tina adil palamarta. Budaya ditataharkeun dina galur anu gampang rawek: mupusti banda jeung kaheureuyan (lahwun wa la’ibun), jeung sajabana. Agama ngan ukur ngulibeuk sabudureun Masjid, Gareja, Vihara, da ngalengkah saeutik ti dinya teu katingali deui spirit masjid. Unggal taun kwuta haji tara ieuh ngurangan, tapi oge kamiskinan beuki loba. Lolobana di urang leuwih ngaheulakeun cangkang (formalitas) tinimbang eusi.

Gues sunatulloh Eta mah geus sunatulloh, mun pangeusi hiji bangsa geus jauh tina padika Gusti, hirup ngablu ingkar tina bebeneran, mangka isuk jaganing geto bangsa eta bakal kena ku balai. Bagja jeung cilaka gumantung kana polah urang. Innalloha la yugoyyiru ma biqaomin hatta yughoyyiru ma bi anfusihim.

Al-Quran loba kacida ngarekam nanjer jeung tilarna hiji bangsa balukar tina talajak bangsa eta. Bangsa anu beheula jugala, lantaran pangeusina baha antukna kudu nandangan siksa cara kaom Ad jeung Tsamud. Jalma anu baheula berat benghar sugih mukti, lantaran jauh tina syukur, jalma eta jeung pakayana di ruang kerepes jiga sakadang Korun. Panguasa anu sakitu sakti mandra gunana tapi lantaran dolim jeung nganyenyeri ka rahayat leutik antukna panguasa jeung balatentara eta dilelepkeun di sagara cara anu tumiba ka Pir’aon. Tantara anu adigung adiguna tikerebeuk di tengah laut jiga junud. Pon kitu pulitisi anu salilana nipu balarea teu manggap pulia nandangan panyiksa Atuh baheula jaman nabi Muhamad saw, sakumaha kuatna menak-menak urang Mekah dina waktuna ancur mah ancur, serah bongkokan sakumaha dina kajadian Futuh Mekah nalika Nabi sareng para sohabatna mulang ti Madinah ngabebaskeun dayeuh Mekah.

Kacilakaan moal tumiba mun hawa napsu hentu engklak-engklakan, mun seg kamaksiatan henteu makalangan sakumaha ku urang tiasa diteuleuman tina surat an-Nisa ayat 27. Atuh dina ayat sejena Allah nandeskeun rehna cilakana hiji jalma (bangsa) lantaran jalma jeung bangsa eta geus ngantep dirina sina kabaud ku seahna sipat-sipap negatip anu ngancik dina dirina, kayaning:

1. gurunggusuh (QS al-Isra/17: 11), 2. teu weuleuh bangkelang (QS al-Kahfi/18: 54); 3. ngalewihan wates anu geus digariskeun ku Mantena (QS Yunus/10: 12) 4. pedit alias ngekrek (QS. Al-Maarij/70: 19), 5. mindeng poho kana purwadaksi nalika menang ni’mat (QS. Al-Isra/17: 83), 6. tara syukuran (QS. Al-Adiyat/100: 6), 7. ingkar (QS. Abasa 80: 17) 8. jeung salilana luh lah (QS. Al-Maarij/70: 20)

Kajadian eta ngahaja didokumentasikeun al-Quran malah mandar urang  anu hirup kiwari bisa metik hikmahna. Mun seg urang henteu bisa metik hikmah, atuh nya urang teh sed saeutik jeung sato malah moal boa leuwih sasar. Sato onaman masih leuheung bisa kadahar dagingna ka ala tanagana, tapi mun jalma geus tabeatna jiga sato nya naon anu rek dipulung.

Pamungkas Cindeknamah maju jeung mundurna hiji bangsa gumantung kana sikep pangeusina (pangpangna para pamingpina). Mun pangeusina jauh tina aturan padika Pangeran, cadu bangsa eta bakal bisa ngahontal kabagjaan lahir jeung batin (sa’adah), anu puguh salilana bakal tikelebuh dina krisis jeung katunggaraan (saqowah). Sabalikna, mun pangeusi bangsa eta sadar sagemlengna kana tujuan hirup anu hakeki tanwande bangsa eta bakal tinemu jeung karaharjaan.***[ASEP SALAHUDIN, Pengasuh Kolom Kesundaan Sunan Gunung Djati yang terbit setiap hari Kamis]

HALAMAN :
  1. 1
  2. 2
Mohon tunggu...

Lihat Konten Politik Selengkapnya
Lihat Politik Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun