Sajak Sunda  "GURU" karya  Siti Maroah
Pembaca Sajak: Adinda Zahra Sofiantima (Siswa SDN 2 Banjar)
Video Maker: Septian M. Sofiawan
***
Nalika kuring lahir ...
teu apal kana huruf jeung angka
teu wawuh kana huruf hijaiyyah
Harita, kecap apal oge .. kuring teu apal
Ti Ibu Guru, kuring jadi ngarti a-i-u-e-o jeung eu
Ti Bapak Umar Bakri kuring jadi dalit kana raraban
Ti ustadz jeung ustadzah
Kuring ngawitan ngejah hijaiyyah
Kuring teh ABG, anjeun oge ABG
Urang sadayana ABG, Anak Bu Guru
Urang teh ABG, Anak Bapak Guru
Sabab Guru teh Indung jeung Bapak sakabeh manusa
Dokter, Tangtara, Pulisi, Bupati, Walikota
Gubernur oge Presiden moal aya mun taya Guru
Mun taya Guru, urang tangtu moal jadi nanaon
Mun euweuh Guru, duka teuing urang bakal jadi naon ...
Banjar, 24 November 2018
Follow Instagram @kompasianacom juga Tiktok @kompasiana biar nggak ketinggalan event seru komunitas dan tips dapat cuan dari Kompasiana
Baca juga cerita inspiratif langsung dari smartphone kamu dengan bergabung di WhatsApp Channel Kompasiana di SINI