Mohon tunggu...
Rifki Feriandi
Rifki Feriandi Mohon Tunggu... Relawan - Open minded, easy going,

telat daki.... telat jalan-jalan.... tapi enjoy the life sajah...

Selanjutnya

Tutup

Cerpen

Niti Wanci Kamari, Nincak Mangsa Katukang (Carbung Sunda)

3 Juli 2012   11:31 Diperbarui: 25 Juni 2015   03:19 249
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Cerpen. Sumber ilustrasi: Unsplash

Gebeg!! Aya dua panon ngintip. Atra, dua panon jelema. Sidik, aya panon nu keur nyidik-nyidik. Bulu punduk beuki muringkak. Kuring cicing, teu ecag saeutik-eutik acan. Sieun. Jajantung jiga ditabeuhan, dug-deg, patalu-talu. Ngan kuring tetep cicing jiga patung. Leuwih pas na mah jiga patung Uwa Semar – enya, pedah beuteung bucitreuk meureun. Hordeng nu rada muka saeutik, teu kaciri oyag-oyag acan. “Lain jelema!! Tetela, lain panon jelema eta teh!!!”, cekeng teh. Apan hordeng nu tadi nutup rekep teh aya di sahareupeun jandela. Jandelana pan nutup. Mun kaciri aya panon jelema, pan eta jelema teh kuduna aya di beulah dieu, di ieu rohangan ngahiji jeung kuring – lain di luar. Ari ieu euweuh bungkeuleukan awak  hiji-hiji acan. Tetela, ieu meureun nu disebut jurig teh. Hiiiiy. Asaghfirullah, Gusti.

Bulu punduk beuki muringkak. Ambekan kuring beuki renghap ranjug. Ngan tetep jungkiringan awak eta panon teh teu nembongan. Ngan ayeuna mah bagean sirahna saeutik-saeutik kaciri leuwih atra. Kuring beuki sieun. Eta sirah teh sirah awewe. “Lain! Sirah ema-ema. Kolot”. Lain!!.

“EMA!!!”, cek kuring ngajorowok bari cengkat sanggeus sidik panon jeung sirah nu ngajirim teh ples pisan jiga ema, indung kuring.

Les…… Barengan kuring ngajorowok, panon jeung sirah nu ngajirim teh leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana.

Kuring muru ka jandela. Sidik euweuh nanaon. Jandela masih keneh rapet. Panto ge kitu keneh. Ngan kaangseu bau Ema. Enya. Bau Ema. Ya Allah, aya naon ieu teh.

Kuring ngahuleng deui. “Ema lain nya nu tadi nembongan teh? Maenya Ema nembongan. Pan Ema mah masih jumeneng keneh. Karek mangkukna pan ditelepon ti kantor. Mun lain Ema, saha nya? Aeh, asa jiga Uu – nini ti Ema. Enya meureun Uu”.

Kuring terus ngahuleng. Bingung.  Wanci nyerelek ka janari leutik waktu panon kuring tunduh deui. Hawar-hawar sora anjing nu gagaung ngeureunan, teu rame jiga tadi.

#### ** (nyambung kulan)** #####

HALAMAN :
  1. 1
  2. 2
Mohon tunggu...

Lihat Konten Cerpen Selengkapnya
Lihat Cerpen Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun