" Heueuh pek bae "
" Hampura we nini da gening gajih teh geus sababaraha taun ge teu naek naek "
" Sieuneun labuh meureun aki da puguh geus kolot teu wanieun tataekan " ceuk si nini bari seuri, teuing nyeungserikeun dirina teuing nyeungseurikeun nasibna.
Tokroh tokroh aki oyo kundang iteuk rek lalajo pawai agustusan. Minangkana mah hayang aub milu ngaramekeun poe kamerdikaan nu ka tujuh puluh dalapan.
Lalaunan mapay jalan nu brasna ka alun alun Taruma nagara.
Unggal nempo barudak SD nu rek pawai reg manehna eureun.
" Baheula mah apan aing nu ngaluluguan barudak pawai teh Euh barudak sing saroleh, sing rajin  nyiar elmu sangkan jaga aya gunana keur nagara, bangsa katut agamana "
Ceuk aki oyo, dina hatena rusras inget ka mangsa katukang waktu manehna jadi guru.
Sora kandaraan jeung tatabeuhan pabaur jadi hiji teu puguh dedengean.
" tah gening geus daratang nu rek pawai teh " ceuk aki oyo.
Aleutan motor ngabring marawa bandera beureum bodas pating kelebet matak reueus kana hate, aya oge nu dibeulitkeun kana awak teuing ngarah kumaha, maranehna teu eureun  ting gorowok.
"Merdeka .....merdeka.... merdeka "