Mohon tunggu...
lia kustiandi
lia kustiandi Mohon Tunggu... profesional -

konsultan sistem akuntansi keuangan dan auditor intren

Selanjutnya

Tutup

Cerpen

Parab Lauk

26 September 2014   05:06 Diperbarui: 17 Juni 2015   23:29 78
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Cerpen. Sumber ilustrasi: Unsplash

Ambu Gambreng ngahuleng di sisi balong anu biasa sok di pake pacilingan1) ku warga kampung. Si ambu bulak balik teu ngenah cicing bari longak longok ka pacilingan, bari nyingsatkeun sampingna.Beuteungna karasa kukuruwelan, hayangeun miceun.Ambu gambreng gegerendeng. “Na eta saha atuh nu cingogo di pacilingan titadi teu eureun eureun, kami geus teu kuat yeuh.” Teu lila jang udin nyampeurkeun ambu Gambreng, bari pok ngomong “ aya naon ambu, katingali mani siga hayam anu leungiteun anak na? “ jang udin nanya bari nyerengeh pedah si ambu nyureng. “Puguh jang ambu teh titatadi hayang na mah geus ngaborosot yeuh, tapi eta nu di pacilingan teu kaluar luar, siga anu keur miceun hoe2) bae puguh.” Tembal ambu gambreng bari rada nyeneu.Jang udin seuri maur bari pok ngomong “ oh kitu ambu”

Ambu Gambreng heraneun, jang udin ngobrolna mani enteng kitu. ” Naha jang bet siga nu teu ngarasakeun kana kasusah ambu ningan ?” pok na bari mulung batu karikil keur di keupeul. Sabab ceuk beja mun urang teu kuat nahan hayang ka jamban kudu ngepel batu cenah, ambeh teu kaborosotan.Jang udin seuri tarik naker. Sabab manehna apal saha anu aya di pacilingan.Jang asnawi pasti nage eta nu aya di pacilingan teh. Kitu nu kapikir ku jang Udin. Sabab jang asnawi teh terkenal, mun miceun sok bari mawa koran. Disambi maca koran, puguh we matak keuheul nu sejen.

Ambu Gambreng panasaran ningali jang Udin sura seuri. Pok si ambu nanya “ naha jang Udin sura seuri, apal kitu kanu aya di pacilingan? ”. “kantenan ambu” pokna bari nyikikik.“eta teh kang asnawi ambu” jang Udin neruskeun obrolan nana.Bari rada bingung si ambu pok ngomong “Jang Udin, ulah sok tadah tuduh pamali, bari nage kapan urang teh teu terang saha sahana nu aya di pacilingan?, boa teuing nyi onah pamajikan nana. “

“Ih moal Ambu, yakin pisan kuring teh mun nu aya di pacilingan kang asnawi. Yu urang tingali tuh tingkah lauk nu aya di balong” jang udin ngajak ambu Gambreng ngadeukeutan sisi balong, bari panonna muncereng ningali lauk lauk nu aya di balong.Si ambu heran naha eta lauk teh ciricing di handapeun pacilingan? Teu ingkah ingkah. Pok manehna nanya ka jang Udin “jang Udin naha eta lauk bet teu aringkah nya ti handap pacilingan? “ jang Udin ngabarakatakbari pok ngomong “ Ambu, tah eta buktosna, mun nu nuju nagog di pacilingan teh pameget, sanes awewe. “

Ambu Gambreng ngahuleung, teu sakemek kemek acan nyarita, bangun ngararasakeun caritaan jang Udin. Hatena keukeuh can ngarti naon anu di maksud ku jang Udin. Naon hubungan nana antara kalakuan lauk jeung nu nagog na pacilingan? Lantaran keukeuh teu nagrti si ambu nyalukan jang udin anu geus indit ninggalkeun si ambu. “jang Udin ke heula dagoan ambu aya nu rek di taroskeun” kituna teh bari dodongkoan da nahan nu hayang kaluar tea.“Naon ambu nu bade di taroskeun teh? “ , “eta jang naon hubungan nana tingkah laku lauk jeung nu cingogo na pacilingan?”ambu Gambreng siga nu teu sabar hayang nyaho alesan nana. Jang Udin ngabarakatak ngadangu pananya si ambu, wondening kitu manehna ngajawab bari seuseurian, “ ambu eta lauk teh moal ingkah ka mana mana salila kang asnawi can ingkah ti pacilingan, sabab di sangka ku lauk aya kenenh parab anu can turun, tah lauk teh ngadaragoan parab anu masih keneh ngagantung ambu” nyarita kituna teh bari nyakakak teu eureun eureun, komo basa ningali si ambu molohok mah. Si ambu beuki molohok ngadangu jawaban jang Udin. Emh kutan kitunya. Paingan atuh eta lauk ranghap handapeun pacilingan.Les we si ambu poho mun maneh na keur nungguan giliran di pacilingan.Teu lila jang Asnawi nangtung rek kaluar ti pacilingan. Ana pok teh si ambu ngagorowok tarik pisan “jang isuk deui mun rek nagog di pacilingan parab laukna tenden heula tong di babawa, karunya laukna ranghap, ulah di PHP jang laukna karunya” Jang Asnawi bati molohok teu ngarti eun naon anu dimaksud ku si ambu.

Jogjakarta, 24 September 2014

Catatan :

1). pacilingan teh jamban anu sok di damel tina bilik awi, biasana di da mel di luhureun balong. Biasana mah ayana di daerah jawa barat.

2). hoe= rotan

Mohon tunggu...

Lihat Konten Cerpen Selengkapnya
Lihat Cerpen Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun