RUPA RUPA KASENIAN SUNDA
1. Angklung nyata alat musik tradisional Sunda nu dijieun tina awi, diulinkeun ku cara dieundeukkeun. Mun ditilik tina sejarahna, angklung nu aya di daerah sukabumi jawa barat, didinya aya sala sahiji prasasti taun 1930, di prasasti eta dijentrekeun yen aya sababaraha pamadegan ngeunaan kana asal muasal seni angklung nu aya di masyarakat sunda. Ilaharna, alat musik tradisional angklung mimitina mah ngabogaan pungsi keur ngiringan upacara atawa ritual nu dilakukeun masyarakat sunda baheula.
Salain pungsi utamana, di jaman ayeuna mah angklung teh lain saukur di pake ajang upacara atawa ritual adat wungkul, sabab ayeuna mah angklung teh geus mekar nuturkeun jaman, nepi ka bisa dipungsikeun alat keur ngiringan di rupa-rupa acara saperti, jadi alat keur ngiringan orkestra, kasenian, teater, acara khitanan, hajatan, arak-arakan, jeung jadi bahan pangajaran di sakola, gumantung kana jenis angklungna.
2. Calung nyata pakakas musik Sunda anu mangrupa purwarupa tina angklung. Bda jeung angklung, cara mankeun calung mah ku cara nakol (wilahan, bilah) awi anu disusun nurutkeun titi laras (tangga nada) pentatonik (da-mi-na-ti-la). Jenis awi pikeun nyieun calung lolobana tina awi wulung (awi hideung), tapi aya og anu dijieun tina awi temen (awi pulas bodas).
Jaman baheula, alat musik Calung dipak minangka pakakas solokan anu mindeng dicoo ku jalma-jalma anu keur nungguan pann par di sawah atawa sawah. Pikeun anu midangkeunana, musik anu dihasilkeun ku Calung mr rasa kanyamanan sarta kanyamanan nalika ngarasa bingung atawa linglung.Ā Ā
3. Salah sahiji kasenian Sunda anu populer di masarakat urang kiwari nyaeta wayang golek. Komo sanggeus bisa disiarkeun dina radio jeung televisi, wayang golek beuki dipikaresep bae ku balarea, boh di kota boh di pilemburan. Lamun sakalieun aya nu hajat nanggap wayang golek, nu lalajo teh ilaharna sok lobaan. Atuh tokoh-tokoh dina pawayangan apan geus dipikawanoh pisan ku masarakat urang, upamana bae Gatokaca, Arjuna, Bima, Dorna, Semar, Si Cepot, jeung sajabana.Ā
Kamaheran dalang dina ngaguar carita, ngigelkeun wayang, nepikeun ngabodor,ilaharna jadi konci nu dipikaresep pagelaran wayang. Asep Sunandar Sunarya upamana, dalang anu kiwari kamashur, di pikareuseup ku balarea teh lantaran kamaheranana dina rupa-rupa widang kasenian sarta bisa ngasongkeun hal anu anyar.
Carita anu keur dilalakonkeun ku dalang, sok diselang-seling ku sinden, nyaeta juru kawih anu nembangkeun lalaguan. Carita wayang teh asalna mah ti India, tina buku Mahabarata karangan Wiyasa jeung Ramayana karangan Walmiki. Sanajan asalna ti India, wayang teh geus jadi banda budaya Sunda. Ku lantaran kitu, salaku urang Sunda tangtu bae urang kudu milu ngariksa sangkan wayang golek tetep langgeng dipikaresep ku balarea. Sakurang-kurangna urang kudu wanoh sarta mikaresep kasenian wayang golek.
Nama : Naning NafaĀ
Kelas : 12 KEAGAMAAN 1
TUGAS MAPEL SUNDA