Mohon tunggu...
Keagamaan 1
Keagamaan 1 Mohon Tunggu... Pelajar Sekolah - Murid

TugasĀ² artikel

Selanjutnya

Tutup

Ilmu Sosbud

Kasenian Sunda

31 Januari 2024   07:10 Diperbarui: 31 Januari 2024   07:15 133
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Ilmu Sosbud dan Agama. Sumber ilustrasi: PEXELS

Kasenian Sunda di Purwakarta
Ā  Ā Kasenian tradisional nyaeta kasenian anu napak dina tradisi atawa kabiasaan masarakat. Rupa-rupa kasenian tradisional Sunda di Purwakarta kayaning angklung, jaipong, domyak, wayang golek jeung genye.
Ā 
Ā  Ā Salah sahiji kesenian Sunda populer di Purwakarta anu geus dimekarkeun nyaeta jaipong jeung angklung. Keur urang Sunda mah kawasna geus teu bireuk kasenian jaipong jeung angklung teh. Upama dibandingkeun jeung kasenian sejenna, jaipong jeung angklung leuwih loba nu mikaresep.

Ā  Ā Jaipong nyaeta hiji wanda seni tari nu lahir tina kreativitas seniman asal Bandung, Gugum Gumbira. Jaipong mangrupakeun gabungan tina tilu kasenian sejen, nyaeta ketuk tilu, wayang golek jeung pencak silat. Tina gabungan tilu kasenian eta ngajadikeun tari jaipong miboga gerakan-gerakan anu unik, basajan jeung energetik.

Ā  Ā Angklung nyata pakakas musik ti suku Sunda. Alat musik ieu dijieun tina awi sarta dicoo ku cara digoyang-goyang nepi ka ngahasilkeun sora ngageter dina urutan dua, tilu, nepi ka opat nada dina unggal ukuranana, boh nu ged boh nu leutik. Aya 4 rupa angklung nyaeta Angklung DogDog Lojor, Angklung Kanekes, Angklung Gubrag, jeung Angklung Padaeng.

Ā  Ā Jaipong di Purwakarta biasana di pintonkeun dina acara adat, festival, wisata kuliner (wiskul), jeung ngabagakeun smah dina hiji pernikahan. Nyakitu deui angklung biasana di pintonkeun dina upacara-upacara nu tangtu, upamana nyunatan.

Ā  Ā Tangtu wae ieu kasenian teh ku urang kudu di mekarkeun ngarah tetep dipikaresep ku balarea sarta henteu leungit.

Mohon tunggu...

Lihat Konten Ilmu Sosbud Selengkapnya
Lihat Ilmu Sosbud Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun