"Naha bisa kitu?" Â Mang Dodo.
"Teuing atuh, kurang sajen sigana eh kurang pamaen bal sahebring didinya."
"Tah di ditu, maneh teh pasti dimanja-manja, di awet-awet kunu bogana, moal ditawar-tawarkeun siga di Ngemyu. Cangcaya ka urang, Do!" Ceuk Mang Nani haqul yakin.
"Bayaran na?"
"Yeuh, Do. Â Di ditu mah sagala gampang jeung loba nu harastisna, jadi tong ningali bayarannana. Â Nu penting mah hate maneh pispul."
"Wah, maenya?" Mang Dodo katingalina kapincut ku narasi Mang Nani.
"Tah, Do. Â Di teun Pa Dadang, kadahareun teh piwaregkeun da bahanna tinu aci kabeh, siga cimol, cilok, cireng, jeung ci-ci lainna. Â Aci teaaa atuh melar dina beuteung, wareg abadi."
Panon Mang Dodo buricak-burinong. Â
Mang Dodo teh sakitu beungharna tapi celit medit buntut kasiran, jadi resep nu murah meriah.
"Terus...terus?" Mang Dodo kuriyeus.
"Salain eta, ngan dahar samangkok baso, otosmastis sawareh dosa maneh bakal dihapus." Mang Nani masang beungeut alim bari istigfar.Â