Mohon tunggu...
Hana Marita Sofianti
Hana Marita Sofianti Mohon Tunggu... Guru - Praktisi Pendidikan Anak Usia Dini, Guru , Blogger, Ghost Writer, Founder MSFQ

Praktisi Pendidikan Anak Usia Dini , Guru, Blogger, Ghost Writer, Founder MSFQ

Selanjutnya

Tutup

Fiksiana Pilihan

Dongeng | "Ki Sholawat" ( Part 1)

6 April 2020   22:47 Diperbarui: 11 April 2020   19:42 407
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
https://alijarkasih.wordpress.com/

"Sholawat Pikeun Muji  kakasih Gusti anu Maha Suci"

( Ki Sholawat)

Aya dongeng yeuh, zaman baheula hirup salah sahiji pamuda anu ngumbara, sapanjang jalan manehna huhuitan tuluy neangan kadaharan bari nyanyanyian teu puguh judul teu puguh rupa bari jeung kadaharanana teu manggih - manggih, tepi ka kalaparannana.

Liwat ka hiji kampung tuluy papanggih jeung wanoja anu pohara geulisna pok weh nanya : " Neng, bade angkat kamana?" Eta wanoja ngajawab sabari tungkul : " bade ka pangaosan kang." Jawabna terus gura-giru gancang ngajauhan eta pamuda siga nu sieun.

Di jalan eta pemuda nuturkeun lelenyepan da sieun kanyahoan ku eta wanoja. Dina jero hatena ngucapkeun yen pangaosan teh pasti kadaharan anu pohara gedena, buktina eta wanoja gura giru siga anu lapar, ceuk pikirna boga kadaharan oge teu daek bebeja merenan da sieun di pentaan.

Teu lila da leumpangna gugurusukan jeung ngaliwatan leuweung geledegan eta tempat anu ngarana pangaosan teh nyampak kacida loba jelemana pasti loba kadaharanana ceuk pikirna da tarompahna oge pabalatak pisan di luar dekeut gapurana.

Si pamuda eta teh ngintip dinu hiji tatangkalan bari ngadedengekeun sora di jero eta wangunan anu tohagana, ngan teu daekeun miluan da boga ka era saeutik tea merenan.

Pas keur ngadedengekeun teh di jero eta majlis aya sora kos kieu :

" Lamun urang hayang beunghar, hayang loba rezeki, hayang di cukupan hajat urang ku Sang Hyang Widhi nyaeta Gusti Allah SWT, urang sadayana kudu getol ngaos jeung macakeun Sholawat, sok geura pasti sagala kahayang urang di ijabah, ....... "  ( Kiyai Jubah Putih)

Tuluy sorana hawar-hawar leungit, ngan sakitu nu ka ireung ku manehna lanjutanana kaburu aya sora ramee bari nyebut Aamiin.

Pamuda eta teh mikir, ngahuleng bari nyabak sirah sisi katuhu ku curukna ngaregepkeun babasa eta jalma anu ka intip ku manehna make jubah bodas jeung dinu sirahna kaluar cahaya kos lampu obor ti peutingna.

Ti saprak harita eta pamuda tuluy biwirna teu jauh tina nyebut "Sholawat" (hartina lain maca Sholawat anu sebenerna, tapi maca basa atawa kata "Sholawat" na wungkul da ngaosna ngan sapotong tea geningan).

Singkat carita di tiap jalan anu di liwatan sok katara ku sarerea yen manehna terus wae maca basa : "  Sholawat, Sholawat, Sholawat..... " Teu eureun - eureun da bakat ku hayang beunghar jeung hayang sagala kacumponan.

Kulantaran kitu eta bacaan ngan saukur Sholawatna hungkul ge meni sakitu gegerna eta di kampung teh tepi atuh ka telah manehna teh "Ki Sholawat" tepi ka sasaha oge ngadatangan manehna menta cai jampe, anehna teh satiap anu datang tatamba calalageur deuih.

Sakali mangsa aya jelema anu pangbeunghar-beungharna atawa saudagar di hiji tempat ngan eta jelema sieun karampogan jeung aya beja keur rame jelema di rampog majarkeun teh imahna oge bakal aya anu ngarampog, tuluy manehna nitah neangan jelema sakti anu bisa ngajagaan imahna tinu rampog eta.

Salah sahiji centengna ngabejaan ka eta saudagar yen aya hiji jalma anu kawilang saktina banter kacida terkenal na nyaeta ngarana "Ki Sholawat".

Tuluy Saudagar teh nitah ngamprokan eta Ki Sholawat bejakeun yen naon wae pamentana bakal di cumponan asal daek ngajagaan imahna da bakat ku sieun harta banda na dirampog.

Ki Sholawat nanya : "  Naon urusana jeung urang eta jelema beunghar naha make nitah ka urang?"

Centeng : " Ampun Ki Sholawat, lamun teu daek nulungan pasti urang kabeh balik bakal cilaka, di amarahan ku dunungan" pok na teh kitu.

Ki Sholawat : " Heug wae, tapi kaula ngan bisa ngajagaan tepi ka sapuluh poe da ngan sakitu sanggupna, lamun daek sadiaan bakakak ti mimiti anu leutik, sedeng, jeung gede ti poe ka hiji tepi ka poe salapan, tah poe ka sapuluh kaula hayang bakakak anu pang gede-gedena, lamun sanggup naon imbalan nana jeung kami?"

Centeng : " Ku kami arek di bejakeun ka dunungan supaya jelas sarat-saratna jeung nyanggupan dinu sagala rupana."

Prak wae si Saudagar eta nyanggupan tinu sagala kahayang jeung sarat-saratna Ki Sholawat da sieun kadatangan rampog tea, imbalan nana saha wae jalma anu bisa ngajagaan imahna jeung harta bandana tepi ka aman bakal di kawinkeun ka anakna anu pohara geulis kacida tuluy neruskeun usahana kalayan di bere kadudukan anu terhormat ku eta Saudagar, kitu tah jangjina teh.

(Panasaran kan kanu lanjutanana? Hayuu isukan urang tuluykeun deui, anggap weh keur ngadongeng : ngabobodo budak cengeng ameh jadi pinter)

***

( Bersambung ke Part 2) 

Hana Marita Sofianti

wargakotapurwakarta

komunitas melawan corona

ngeblog di rumah

HALAMAN :
  1. 1
  2. 2
  3. 3
Mohon tunggu...

Lihat Konten Fiksiana Selengkapnya
Lihat Fiksiana Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun