"Saha wae tiasa lebet ka masjid moal dilarang ku sasaha. Teu kudu khawatir pikeun barang anu leungit jeung sajabana. Masjid ieu seeur pagamanana CCTV, Satpam, sarta Pangalola masjid anu sejen. Mun aya maling anu lebet kajero hartina pamarentah sareng pangalola masjid anu gagal pikeun ngasejahterakeun rahyatna." Saur kang Dedi Mulyadi.
Fasilitas Nyaman
Masjid Tajug Gede Cilodong ieu difasilitaskeun karpet model beludru anu tebel tur empuk. Karpet ieu nyumponan rasa nyaman kanggo jamaah anu bade ngalaksanakun ibadah shalat. Salain eta karpet masjid ieu dibentangkeun make kain warna bereum bodas. Filosofina nyaeta yen tiap jalmi tetep ibadah ka gusti Allah SWT tapi henteu khilaf kana Nagara Kesatuan Republik Indonesia (NKRI).
Salapan Beduk & Salapan Muadzin
Kaunikan lain dina Tajug Gede Cilodong nyaeta ngagaduhan 9 bedug. Bedug ieu dilengkepkeun kentungan sareng dipukul sateacan azan dikawitan. Salapan bedug ieu di tempatkeun dina teras masjid nyaeta di belah ngidul masjid. Bedug anu utama disimpen di tengah.Â
Lamun tos lebet kana waktu juma'ahan , salapan bedug dipukul sakaligus, saatos eta salapan muadzin ngumandangkeun adzan sacara babarengan, tangtosna para muadzin sareng anu mukul bedug na parantos dilatih.Â
Â
Â
Pangalola Tajug Gede H. Dedi Mulyadi nyebatkeun, angka 9 mangrupakeun angka pangluhurna. Angka 9 nyaeta simbol Wali Songo, penyebar Islam di Jawa salah sahiji na nyaeta Jawa Barat tina abad 14.
"Angka salapan pan angka nu pang luhurna. Abdi numutkeun tina kosmologi Wali anu Salapan (Wali Songo). Boh eta tina Khatib, Muadzin, sareng Imam didie nganggo pakean adat khas Sunda," saur kang Dedi Mulyadi salaku pangalola Tajug Gede.