Asa ku rada merdeka hirupteh. Pagawean beres, orok dianteurkeun bari geus sare,ni'mat hirupteh.
Wanci sariak layung, salaki balik sabari mawa keresek hideung leutik. Song babawaanteh diasongkeun, gancang weh ditampanan. Seng, kupat tahu kaambeu mani seungit.
"Kang, rek sangu heula, rek kupat tahu heula?"
"Sangu weh, Tin...hayang asakan meunang maneh, sok weh kupatmah jang maneh, ngahaja meuliteh meh montok maneh,Tin....!!!
Leketey awak ngaleketey,...Ya Allah,na ari urang sok tara inget kamanehanana, ari manehnamah ngabebelaan jang urang ning...." Hate ceu Entin jumerit, inget nyesakeun kulub suuk ge anu karences.
"Ari akang, aoanan Entin teh hayang ngaleutikan awak, meh pantes kaciri kubatur,Kang"
"Pantesmah ceuk salaki, Tin...lain ceuk batur...nya alus hayang pantesmah...syukur weh atuh..." Ceuk mang Endut bari gek diuk na korsi di gigireun meja makan, gep kana piring. Sangu poe anu meunang ngahaneutkeun na sangku dikeduk ku ....tuluy nyokot pindang jeung sambel hejo. Am...am...mang Endut bebelewekan, teuing nikmat, teuing lapar balik gawe.
"erek puasa weh atuh isukanmah,ah...meh tereh orotna..."Ceuk ceu entin sabari cacamuilan ngadahar kupat tahu.
"Tah, kahade, ulah puasa diniatan kitu, Tin...niatan lilahi ta'ala...tong nu lian..."
Ceu Entin nyerengeh, leos kadapur mawa teko loreng jeung gelas balimbing, cur ci enteh panas dikucurkeun kanu gelas, song diasongkeun ka salakina anu keur ngalimed dahar. Na jero hatena, ngabenerkeun oge naon ceuk salakina.
Follow Instagram @kompasianacom juga Tiktok @kompasiana biar nggak ketinggalan event seru komunitas dan tips dapat cuan dari Kompasiana
Baca juga cerita inspiratif langsung dari smartphone kamu dengan bergabung di WhatsApp Channel Kompasiana di SINI