Mohon tunggu...
Ki Pamanahrasa
Ki Pamanahrasa Mohon Tunggu... Sejarawan - HANA NGUNI HANA MANGKE TAN HANA NGUNI TAN HANA MANGKE

Kehidupan Sekarang adalah tongkat ekstafet masa lalu... untuk kita sampaikan pada generasi berikutnya

Selanjutnya

Tutup

Sosbud

Pecahna Karajaan Taruma

27 Februari 2022   00:13 Diperbarui: 27 Februari 2022   00:22 131
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Bagikan ide kreativitasmu dalam bentuk konten di Kompasiana | Sumber gambar: Freepik

Saditinggal  maotna Permana Dikusumah Galuh Dikakawasaan ku Tamperan Barmawijaya ( disebut Oge Rakean Panaraban ngawasa ti taun 732 M - 739 ), dimasa kakawasaana Karajaan Galuh dihijikeun deui jeung Karajaan Sunda anu diparentah ku Tamperan Barmawijaya (minangka Raja Sunda ka 3 , Raja Galuh ka 5 )  anu nahta di Karaton  Galuh kukituna Galuh  jadi puser ti kakawasaana Karajaan Sunda.

Di masa kakawasaana, rusiah salingkuhna Jeung Dewi Pangreyep  baheula jeung maotna Permana Dikusuma kabongkar ku Ki Bimaraksa anu waktu kajadian harita nyumput bari  nyamar salaku tukang  ngala lauk di Geger Sunten.  Samemehna, Ki Bimaraksa geus cicing-cicing ngumpulkeun  kakuatan anti katurunan Sanjaya anu didukung ku sakitar 799 urang. Pikeun ngabongkar rusiah skandal Tamperan Barmawijaya eta, Bimaraksa bari  susulumputan ngahubungan Manarah (anak Premana Dikusuma ti Naganingrum), anu mangrupakeun Salah saurang balad Bimaraksa anu  ngarana Ki Anjali ditugaskeun pikeun nyamar salaku pande besi di Puser kota Galuh.

Manarah anu sa'acana geus nganggap bapa ka Tamperan Barmawijaya, jadi ngabalik   ngamusuhan nepi ka nyababkeun  ngabogaan  niat pikeun ngabales maotna bapa kandungna ta.

Dina taun 739 M, Manarah kucara  susulumputan nyiapkeun rencana pikeun ngabales maotna bapana sakaligus  pikeun ngarebut deui tahta Galuh ti Karajaan Sunda anu baheula geus direbut ku Sanjaya. Ku bimbingan Bimaraksa,  Manarah ngalakukeun  serangan ngadadak. Sesuai Jeung rencana Bimaraksa, serangan   ka Galuh dilakonan  beurang beurang pas  Ayana acara ngadu hayam.  Sakabeh gegeden  karajaan hadir, ka asup Banga (sang putra mahkota). Manarah Jeung anggota pasukanna hadir di pakalangan bari api-api miluan ngadu  hayam. Bimaraksa mingpin  pasukan Geger Sunten  langsung ngarangsek ka  karaton. Kudeta ieu Junun Dina  waktu anu saeutik . Tamperan Barmawijaya Jeung Prameswarina Dewi Pangreyep sarta Banga bisa  ditawan di pakalangan ngadu  hayam.

Ngan Banga leupas Poe peutingna,  bari ngabebaskeun bapa jeung indungna ti tahanan (Banga mangrupakeun putra ti Tamperan Barmawijaya Jeung Dewi Pangreyep ). Ngan kajadian ieu kapergo ku pasukan pangawal anu buru-buru ngalaporkeun kajadian eta ka Manarah nepi ka akhirna Kajadian perang tanding antara Banga jeung Manarah, Banga bisa di elehkeun ku Sang Manarah . Samentara kitu pasukan anu ngudag raja Tamperan Barmawijaya jeung sang Prameswarina Dewi Pangreyep, ngaleupaskeun jamparing-jamparingna dina kaayaan poek mongkleng, anu diantarana keuna nepi ka nyababkeun maotna Tamperan Barmawijaya Jeung Dewi Pangreyep.

Warta maotna Tamperan   Barmawijaya nepi ka Sanjaya,   laju kungagerakeun pasukana anu badag, Sanjaya nyerang Galuh.  Manarah geus nyangka Yen bakal ayana serangan eta, kukituna anjeuna geus nyiapkeun pasukan anu oge didukung ku raja di daerah Kuningan anu baheula kungsi ditalukeun Sanjaya.

Perang sadulur  (gotrayuddha) antara sasama keturunan Wretikandayun kajadian salila sababaraha poe bari teu Aya anu menang atawa eleh. Geus Loba pasukan anu gugur ti kadua beulah pihak dina paparangan anu badag eta. Dina kaayaan  anu ngenes, Demunawan turun ti Saung Galah pikeun mareumkeun peperangan. Kugede kawibawana  sarta diajenan salaku  saurang sesepuh, Demunawan junun ngeureunkeun paperangan ku jalan ngajak kadua beulah pihak anu pasea pikeun damai, parundingan  di laksanakan di karaton Galuh dina taun 739 M. Salah sahiji Eusi Tina rundingan eta nyaeta    :

1. Negeri Sunda Jeung wilayah ti Citarum ka kulon dirajaan ku   Kamarasa Atawa Banga.

2. Negeri Galuh Jeung wilayah ti Citarum ka wetan dikawasaan ku Surotama Atawa Manarah.

3. Demunawan ngawasaan  nagari Saung Galah (Kuningan) jeung tilas  kakawasan Karajaan Galunggung.

Kusabab Kajadian ieu Sunda Kabeulah deui, Galuh balik deui jadi Karajaan anu mandiri leupas ti kakawasaan  Karajaan Sunda.

Cag

Mohon tunggu...

Lihat Konten Sosbud Selengkapnya
Lihat Sosbud Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun