Carana sederhana wae. Kurikulum teu dijadikeun kitab suci nu salawasna kudu diturut sagemblengna. Kurikulum ngan dijadikeun cecekelan sangkan kuring teu kaluar tina lilinggeran. Lian ti eta, daek teu daek kuring kudu gaul jeung motekar.
Jadi guru kaul jeung motekar dina pajamanan kiwari memang teu meunang henteu. Upama guru tetep kuuleun, jadul, konservatif, komo dibarung killer bin otoriter mah, hakul yakin, eta guru teh bakal dijarebengan, malah urang teh dijadikeun satru kabuyutan.
Sabisa-bisa mah di kelas teh taya suasana nu monologis nu statis. Sabab barudak kiwari mah leuwih kritis jeung resepeun suasana dialogis nu dinamis. Ku kituna saban poe uteuk teh teu weleh diperes sangkan kuring jeung barudak teu bosen nyanghareupan pangajaran basa Sunda.
Tah, sangkan basa Sunda teu 'kitu-kitu' bae turta barudak raresepeun dina diajarna, dina ngajar teh kuring mah geus teu medar anak bogo cingok atawa kembang bako bosongot. Tara, ngajar basa Sunda teh nu sakirana deukeut jeung lingkungan barudak bae.
Sangkan 'bacang' teu basi turta ku barudak urban giak dibareuli, nya teu meunang katinggaleun jaman. Komo gaptekmah. Majuna teknologi nu beuki nerekab jeung ngabelesat bae, lain hiji totonden basa Sunda baris gancang paeh.
Ku kituna teknologi cara surat-e teh kudu enya-enya dimangpaatkeun. Upamana, surat-e teh salah sahiji media pikeun ngumpulkeun tugas atawa 'pr'. Sabab, ari ngadenge kecap internet, barudak mah sok ngadak-ngadak beda rindat. Beda deui sina nulis ku ramo mah, kudu bari diolo jeung dihayu-hayu.
Cara lianna, sangkan barudak teu boring sabab sapoe jeput terus-terusan hantem nyirekem di kelas, nya bere lolongkrang maranehna sina ancrub ka masarakat. Sina ulin ka pasar, pamancingan, tempat ngojeg, atawa tempat raramean lianna. Barudak teh sina ngamanpaatkeun hape, tustel, radio, handycam, atawa teknologi sejenna. Ari pancenna, sabada maranehna nyieun kelompok sewang-sewangan, laju disina ngarekam jalma nu keur ngalobrol basa Sunda. Hasil rekamanana sina ditranskripsi kana wangun tinulis. Laju dibahas babarengan di kelas.
Eta tarekah teh lian teknologi tetep bisa dipupusti, dipisadar atawa henteu basa Sunda ge sina deukeut jeung dipikaresep ku barudak. Tapi, eta jurus teh moal metu upama urang can deukeut jeung dunya barudak.
Ku kituna, kuring di kelas mah teu nempatkeun jadi guru purah mindahkeun elmu pangaweruh hungkul. Kuring di kelas ge saenyana mah diajar oge ka barudak. Nyatana diajar basa jeung kabiasaan barudak Bogor ayeuna. Dina sababaraha hal, sakapeung mah kuring ge nempatkeun maneh jadi jalma saumur jeung maranehna.
Kitu peta teh sangkan urang bisa neuleuman dunya maranehna. Ku kituna, lian teknologi, urang ge tong katinggaleun ku rupaning informasi. Kaasup gosip artis atawa pelem nu keur jadi bahan catur. Hal eta sangkan urang teu beakeun ide sabot ngajar barudak. Malah, sakapeung mah, ketang mimindengna, dagang 'bacang' teh sok direumbeuy ku sempal guyon.
Hiji deui, lian ti pangajaranana, guru basa Sunda ge kudu pikaresepeun jeung bahan anutan. Lain goong nabeuh maneh, ku mindeng nulis di sawatara media, laju barudak maca langsung atawa tina internet, barudak teh jadi ngambeuan turta ngarasa reueus ku guru nu remen midang dina majalah atawa koran.