Mohon tunggu...
desy fitria
desy fitria Mohon Tunggu... Lainnya - pelajar

hi hello annyeong

Selanjutnya

Tutup

Seni

Kasenian Tari Ronggeng Gunung

18 Januari 2023   13:28 Diperbarui: 18 Januari 2023   13:47 778
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Sumber: romadecade.org

Kasenian Ronggeng Gunung mangrupakeun kasenian khas ti daerah Ciamis anu biasa dipintonkeun di buruan imah lamun misalkeun aya karamean kayaning lamun aya nu keur hajat atawa ngawinkeun, nyunatan, upacara ngawuluku atawa melak pare. jalma anu miluan dina kelompok kasenian Ronggeng Gunung ieu biasana antara 6 urang nepi ka 10 urang. Biasana silih injeum pamaen teh pikeun meunangkeun sinden lulugu, nyaeta awewe nu umurna geus lewih kolot, tapi sae dina ngawihna. Waditra anu digunakeun pikeun ngiringan tari Ronggeng Gunung nyaeta ketuk tilu siki, goong, jeung gendang. 

saratna kudu dicumponan di antarana pangawakan kudu hade, puasa 40 poe nu bukana teh ukur ngadahar cau raja eta ge ngan dua siki. Aya deui latihan napas pikeun ngahadean sora, raga, jeung rohani, tur diaping ku ahlina. Lian eta wungkul, ilaharna pamaen ronggeng kudu taat kana kabeh aturan misalna teu meunang waka kawin, ku sabab kitu ronggeng teh kudu lanjang atawa randa. 

Upamana, cara ngahormat anu asalna mah neueulkeun leungeun kana dada, kiwari diganti ku sasalaman. Tungtungna cara sasalaman ieu sok disalah gunakeun, lalaki anu ngigelan ronggeng lain wungkul sasalaman tapi oge nepi ka nyium, ngaragap babagian awak sejenna. sabab teu saluyu jeung adat-istiadat, dina taun 1948 kasenian Ronggeng Gunung dilarang minton di hareupeun umum.

Sawatara adegan anu bisa ngajurus kana laku negatif saperti nyium atawa ngaragap ronggeng oge teu menang sama sakali. Ieu aturan teh diayakeun sangkan teu aya anggapan masarakat yen ronggeng identik jeung awewe purah ngagoda lalaki.

Mohon tunggu...

Lihat Konten Seni Selengkapnya
Lihat Seni Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun