Mohon tunggu...
DESTA MULYANTI
DESTA MULYANTI Mohon Tunggu... Guru - Guru

Saya adalah guru yang hobi menyanyi, serta saya menyukai menulis membuat lirik lagu dan juga tulisan-tulisan lainnya yang berkaitan dengan informasi mengenai seni.

Selanjutnya

Tutup

Ilmu Sosbud

Sawer Panganten

31 Januari 2024   10:34 Diperbarui: 31 Januari 2024   11:19 364
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Ilmu Sosbud dan Agama. Sumber ilustrasi: PEXELS

NYAWER

Nyawér téh asal asal kecap tina “awér” nyaéta sipat barang éncér nu muragna mawur. Sedengkeun kecap panyawéran nuduhkeun tempat cai ragrag nu uwar-awer tina hateup. Nalika kitu biasana sawér sok dilaksanakan di panyawéran (taweuran). Dina sawér aya sababraha bahan anu kudu diperhatikeun salah sawiosna : bokor dina eusi bokor kudu aya babahanan sawér nyaéta béas, koneng, duit récéh, tékték jsb. Anu bakal di awur-awur=ngawur-ngawur.

Simbol / siloka dina sawér :

  • Rampe atawa kekembangan ngalambangkeun kaseungitan keur nu disawér engke dina hirup kumbuh.
  • Koneng minagka emas perlambang kamulyaan keur pangantén.
  • Beas bodas ngalambangkeun pibagjaeun pikeun anu papangantén (kawantu wewengkon urang mah wewengkon agraris tempat tatanen).
  • Duit perlambang harta, pirejekieun, lamun dihijikeun jeung beas pibasaeunana réa ketan réa keton, beunghar ku dunya barana.
  • Tektek anu 2 ngalambangkeun karukunan anu duaan. Dina tékték téh aya apu, gambir, jambe, kapol, saga, bako, mun babandinganana teu cocog, teu rukun, diseupahna jaba lian ti moal ngeunah téh matak jadi lieur.

Dina prosesi sawér biasana ki juru sawér ngadeg dina luhur golodog bari ngahaleuang kawih / lagu ni dipake dina sawér biasana sok maké guguritan husus make sa’ir paranti nyawér anu 4 jajar 4 jajar. Kiwari mah lalaguan nyawér téh nurutkeun karesep nu nyawér baé, malah umumna maké tembang macapat. Babakuna saperti pupuh anu parondok kinanti jeung asmarandana.

Sabadana sanduk-sanduk amitan arék nyelanng nyawér kanu karumpul,  biasana ki juru sawér sakadarna nerangkeyn kanu araya utamina ka kadua pangantén ngeunaan simbol/siloka nu aya dina eusi bokor. Anu eusina méré conto kadua pangantén :

1. Dimana geus kurenan “rumahtangga) “tah ieu téh” harta banda kaperluan hirup anu kudu diaiar, akalan sing nepi ka meunang loba.

2. Sanggeus loba ulah poho méré mawéh ka nu butuh, komo ka sipating dulur jeung baraya. Boh pihak salaki atawa pamajikan ulah kapopohokeun.

3. Lian ti kitu nyawér the maksudna mapatahan panganten supaya runtut raut reujeung kasenangan.

4. Pungsi ki juru sawér dina prosesi ieu nyaéta :

5. Ngawakilan kolot pangantén dina méré papatah kanu jadi anak (kadua pangantén).

6. Méré naséhat ka pangantén istri sing sumujud tuhu kanu jadi salaki kalawan terus ati putih bersih. Sabalikna pameget ge kedah bela pati ka nu jadi pamajikan, ulah nogéncang.

7. Duanana salaki jeung pamajikan kudu silih pikacinta, silih pikaasih, silih pikanyaah silih belaan rapih saulah-sakolih tur silih élédan.

8. Kudu geten, tulaten, ngajen kasakabeh kulawarga.

9. Ngadu’akeun sangkan pangantén duanana sing meunang rahmat ilahi, bagja dunya akherat, lulus bangus hirup rukun nepi ka pakotrék iteuk kalawan tuhun spanjangna kana tetekon agama jeung darigama.

Sarta baheula mah merenahna anu nyawér téh kolot sorangan atawana diwakilkeun ka ki juru sawér anu tangtos langkung sepuh ti pangantén. Jadi kacida ningnangna upama nu nyawér umurna sahandapeun pangantén atawa sapantar teu mustahil kaasup kana paribasa mapatahan ngojay kameri.  Jaba ti éta ngarana gé mapatahan, meureun conteouen laku lampahna tirueun nu matak kudu ku saluhureun atawa kolot anu geus pangalaman.

Ari kabaheulaan mah pok-pokan nyawér téh sanajan geus kaasupan unsur islaman ogé sarupaning pupujen, masih nyangkaruk kénéh dina kapercayaan sunda sipating ngaraksa, ngariksa, ngawisésa ka manusa, ditamabahan ku para karuhun luluhur lembur. Ari parancah bagian munggaran dina sawér disebut rajah, boh pangantén kawinan atawa sunantan. Tujuananan iwal ti ngagayuh kasalametan keur saréréa, babakuna pisan keur nu boga karia reujeung panganténna.

Rundayan sawér kabaheulaan :

1. Rajahna (rajah bubuka)

2. Lagu nyawér

3. Nyawér : dangdanggula, kidung sawér, kinanti, asmarandana

Rajah

Bul kukus mendung ka manggung

Ka manggung neda papayung

Ka dewata neda suka

Ka pohaci neda suci

Pun sapun ka sng rumuhun

Ka luhur ka sunan ambu

Ka handap ka sunan rama

Ka batara naga raja

Kua amit ngidung heula

Ngidung ngahudang carita

Nyilokakeun nykcruk laku

Laku nu mundut rahayu

Ngalap lampah nu baheula

Lulurung tujuh ngabandung

Kadalapan keur disorang

Bisina nerus narutus

Balangah salah naratas

Beas nu diawur-awur

Tumbal panghurip sajati

Ti pohaci sang hyang sri

Ti dangdayang tresnawati

Dangdanggula

Jisim kuring neda ridho galih

Ka sadaya nu sami mayunan

Réhna badé nyelang nyawér

Tumut galib ka kakaruhun

Teu ngarempak tali paranti

geusan milari luang

manawi lumuntur

leukeunan kersa ngabandungan

ngalenyepan da sanes siloka sindirestu sahinasna.

Kidung sawer

Pangapunten ka sadaya

Ka anu sami araya

Réhna badé nyawér heula

Ngedalkeun eusi werdaya

Isina mah nya kantenan

Ku sadaya nu mayunan

Disebatkeun nanaonan

Boa sami ngamayunan, Jsb

Kinanti

Muka tutungkusan kalbu

Galindeng kawening batin

Anu clik putih clak herang

Mekelan nu laki-rabi

Tawis tineung mikamelang

Catetkeuneun dina galih 

sumber : 

Mucthar Uton R.H.1994.Modana: 127-139

Umbara Ki.1994.Modana: 127-139

HALAMAN :
  1. 1
  2. 2
  3. 3
  4. 4
  5. 5
  6. 6
Mohon tunggu...

Lihat Konten Ilmu Sosbud Selengkapnya
Lihat Ilmu Sosbud Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun