Mohon tunggu...
Ailsya Fidela
Ailsya Fidela Mohon Tunggu... Pelajar Sekolah - Pelajar

Main hp, membaca

Selanjutnya

Tutup

Ilmu Sosbud

Hiji Guru Ngaos Janten Pangadeg TK Islam Jeung TPQ

8 Desember 2023   14:16 Diperbarui: 8 Desember 2023   14:28 69
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

Kisah tauladan sareng inspirasi hiji guru ngaos anu ngajar ngaos di bumina dugi ngadegkeun RA/TK islam jeung TPQ.

Mimitina, hiji guru ieu ngajar ngaos di bumina dinten sore saprak tahun 2008 dugi ka murid anu di ajarna pinuh. Saatos 5 taun ngajar di bumina, anjeuna ngawangun sabuah TK Islam sareng TPQ anu ngaranna Al Mubarok nu aya di Parumahan Adiwira Persada RT 02 RW 13 Kec. Cibinong Kab. Bogor.

Dokpri
Dokpri

Nah, Anjeun terang henteu naon eta TPQ? TPQ mangrupakeun singkatan tina Taman Pendidikan Al Qur'an nu nyaeta lembaga pendidikan sareng pangajaran Islam di luar sakola atawa disebut pendidikan teu resmi pikeun anak yuswa TK sareng SD, anu ngadidik santri supaya mampu maca Al Qur'an nu alus jeung bener saluyu elmu tajwidna. 

Sedangkeun TK mangrupakeun Taman Kanak Kanak nyaeta pendidikan yuswa dini guna membina tumbuh kembangna anak yuswa 6 taun saacan ngalanjutkeun ka sakola dasar.

Taun 2013 RA/TK Islam jeung TPQ Al Mubarok ieu didirikan. Unggal dinten enjing murangkalihna diajar di TK Islam Al Mubarok, sedengkeun dinten sore murangkalih na diajar ngaos sakitar tabuh dua dugi ka sore di TPQ, biasana murangkalih TK ieu miluan ngaos deui di TPQ, sanes ngan saukur murangkalih TK wungkul, ti luar murangkalih TK ge aya nu miluan ngaos. TK Al Mubarok ieu parantos aya 10 angkatan anu jumlah murid na 14 murangkalih. Wangunan Al Mubarok ieu aya 2 kelas sareng 1 kantor, jeung babaraha tempat maen saperti ayunan, sorodotan jeung sajabana.

Dokpri
Dokpri

TK Islam Al Mubarok ieu ngajar ti dinten senen dugi ka dinten jumaah. lebetna tabuh 7.30 dugi ka 10.30. TK Islam Al Mubarok ieu sami sareung tk umumna ngengengkeun pangajaran sapertos maca iqra, maca, nulis, ngahitung, ngagambar sareung ngawarnai. sedengkeun TPQ na ngajar muridna maca iqra sareng al quran, diajar elmu tajwid, nulis arab, ngahafal quran jeung dua dua lainna.

Mimiti didirikeun na al mubarok ngan guru anu ngabangun TK ieu nu ngajar. ayeuna parantos gaduh tilu guru anu ngabantuan ngajar di tk sareung tilu guru tpq anu beda guru ti guru TK.

Ti kisah ieu, hiji guru nu ngan ngajar ngaos dibumina dugi ka ngawangun sabuah TK jeung TPQ ieu mangrupakeun kisah inspirasi anu tiasa dijieun panutan jeung conto pikeun urang sadayana. Katekunana pikeun ngajar murangkalih dugi ka seueur sepuh anu mercayakeun murangkalih na diajar ku anjeuna dugi mampu ngawangun sabuah TK Jeung TPQ sabab usaha anu leres leres jeung tekun pasti bakal nyandak ka jalan kasuksesan.

Mohon tunggu...

Lihat Konten Ilmu Sosbud Selengkapnya
Lihat Ilmu Sosbud Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun