Mohon tunggu...
ziki Syahrul fatah
ziki Syahrul fatah Mohon Tunggu... Guru - Guru

Hobi : suka jalan jalan, mendaki ataupun berkemping adalah hobi yang sampai saat masih dijalankan...

Selanjutnya

Tutup

Puisi

Ulah Poho Ka Purwadaksi

24 Oktober 2022   12:20 Diperbarui: 24 Oktober 2022   13:06 552
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Puisi. Sumber ilustrasi: PEXELS/icon0.com


Kiwari anjeun diugung ugung diagung agung kunu ngadukung
dipiajrih kunu ngiring ngiring
dipusti pusti kunu maruji
ngarasa punjul ku loba batur

Tengetan ku anjeun
satemenna nalika anjeun gumelar
ka alam dunya
ngan sorangan
pon nyakitu deui nalika anjeun mulang ka alam asal
bakal balik sorangan
datang madep ka Alloh sorangan
tanggungjawab sorangan
(Al-An'am : 94/Q.s : 6 : 94)

nalika anjeun kaluar tina rahim
nu jadi indung
"laa ta'lamuuna syai-an"
luhur ku elmu jembar ku pangabisa
ringkih ginding ku pangarti
sakabeh eta titipan amanat
ti Dzat Nu Maha Uninga

Mangkahade ulah disalahgunakeun
dipake pikeun minteran ummat
pikeun neangan kauntungan dunya
dalil jadi dalih pikeun kasenangan
nu teu lana sarta teu sabaraha
saestuna jaga
elmu bakal ngadakwa
(An-Nahl : 78/ Q.s. 6 : 78)

Anjeun di yugakeun ku Alloh Swt
dina kaayaan lemah
gubrag lahir ka alam dunya
ukur bisa ceurik
leungeun ukur bisa roroesan
suku can bisa dipake lumpat
komo dipake ngejat

sababaraha bulan lilana
ngan ukur bisa nangkarak
jeung nyangigir
dahar masih kudu dihuapan
kiih ngising masih kudu diisangan
mandi masih kudu dimandian
lantaran lemah tacan boga kakuatan
sawatara lilana kakuatan nambahan
karunia tinu Maha Ngagaduhan Kakuatan

Kakuatan anugerah ti Alloh
lain pikeun nandasa anu lemah
lain pikeun kumawasa lantaran
kuat
ramo bisa ngeupeul
lain pikeun meureupan nu mere kakuatan
suku bisa ngejat
lain pikeun nyingkahan nu mere kakuatan.

raga badag ti luhur sausap rambut
nepika handap sausap dampal
lain pikeun takabbur
kanu mere kakuatan
lantaran dina ahirna
Anjeun moal bisa nyanghareupan
kakuatan nu Kagung Papasten.
(Ar-Rum : 54/ Q.s. 30 : 54)

Uar Pangajak.
Mangga urang pulangkeun kadadaran urang sadaya, yen urang salaku manusa, sabeunghar beungharna manusa, sakawasa kawasana manusa, sapinter pinterna manusa, sadigjaya digjayana manusa, sakuat kuatna manusa  "Antumul fuqoroo-u ila lLohi"
(Fathir : 15/Q.s. 35 : 15)

Mohon tunggu...

Lihat Konten Puisi Selengkapnya
Lihat Puisi Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun