Mohon tunggu...
Yeni Handayani
Yeni Handayani Mohon Tunggu... -

mencoba meluapkan inspirasi yang tersimpan tak tersusun dalam pikiran. dan hati ini. :)

Selanjutnya

Tutup

Puisi

Kahudang...

31 Juli 2010   01:37 Diperbarui: 4 April 2017   17:15 183
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Puisi. Sumber ilustrasi: PEXELS/icon0.com

Srangenge masih nyumput na langit janari, basa Mira kahudangkeun ku impenannana. Impenan sarupa anu ngahudangkeun anjeuna dina wengi-wengi samemehna. Dina impenan eta manehna ngumpul na hiji tempat  eung jalma-jalma anu terus ngagorowokeun kalimah “Allah Huakhbar!! Allah Huakhbar!! Allah Huakhbar!!”

Kayaan dina eta tempat panasna teu katulungan. Lamun digambarkeun matak ngajerit maratan langit ku teu kuat ngarasakeu panasna panon poe anu asa aya na eumun-eumunan. Bari terus leumpang, Mira ngusapan cai kesang na beungetna bari nengetan jalma-jalma nu aya na gigirieunana.

“Na meni panas-panas teuing ieu teh, dimana ieu…….?? Tanya Mira dina hatena. Mira lempang terus....terus.... jeung terus taya tujuan. Mira ngusapan kesang na awakna nu terus ngucur taya eurena. Manehna  ereun dina hiji tangkal bari terus nyarande. Hanaang, cape, katambah kaayaan sakuriling anu panas nambahan kalungse.

Mira neruskeun lempang na bari terus nengetan jalma di sakurilingna. Nepi ka manehna papanggih jeung hiji jalma nu teu lain indungna sorangan.

“Ema……leres ieu teh ema ??” Tanya Miraka awewe kolot nu ngajanteng di hareupeunnana.

Si awewe kolot teu ngawalon, ngan saukur imut bari unggek ngaenyakeun pananya

“Ema…… !” ceuk mira bari terus ceurik terus nangkeup indungna. Lamun ningali sakareretan, eta awewe kolot teh mirip pisan jeung Mira. Lain ngan saukur kulit awakna nu sarua bodas jeung Mira, tapi na keuretan beungetna katingali pisan yen anjeuna teh sarua pisan jeung Mira. Mata mira nu curileung, irung Mira nu mancung jiga ekek, tur gado endog sapotongna sarupa pisan jeung eta awewe kolot. Jigana lamun umur si awewe kolot sarua jeung Mira disangka kembar meureun.

Bari terus ngageunggeuik na dada indungna, Mira ngedalkeun sagalarupa kakeuselna. Kakeusel anu ngakibatkeun manehna bendu ka Gusti Alloh. Tur teu deui ngalakonan sholat, sabab pipikir manehna eta walesan

“Ema…… naha ema ninggalkeun Mira sorangan?. Ema teu nyaah ka Mira !?.Apan ema teurang Mira teu gaduh sasaha deui iwal ti ema nyalira. ” tanya Mira.

“Hampura ema geulis… lain teu nyaah… lain teu karunya. Ema yakin hideup geus dewasa. Tangtu nyaho kanu ngarana takdir. Sabeneurna ema oge alim ninggalkeun Mira, tapi ieu tos takdir ti Gusti Alloh. Takdir anu teu busa diembung-embung. Ieu cocoba ti Alloh kanggo hideup ningkatkeun kamandirian.” Walon indung na bari ngusapan buuk Mira.

“Lamun ieu takdir naha Alloh beut mere cocoba anu kawas kiu ka Mira?. Naha Alloh teu nyaah ka Mira?” tanya Mira deui ka indungna.

“Astaghfirulloh haladzim …… tong kitu geulis. Ieu ciri Alloh nyaah kahidep. Ieu tanda yen Alloh hoyong Mira tambah dewasa. Inget anaking, jaga hidep bakal ngarasaan nu ngaran maot. Lain ngan saukur hidep tapi kabeh jalma bakal ngarasaan nungarana maot. Teu bisa di ulah-ulah…… teu bisa di embung-embung, sabab eta geus katangtuan ti Gusti Alloh. Sabar anaking…… sabar…… eta pesen ti ema. ” tambah indung na.

Mira ngahuleng salila-lila mikiran ucapan indung na. kasadarkeun ku oyagna awak indungna nu ngalepaskeun lengeun Mira na awakna.

“Ema kudu indit geulis, jaga kahormatan hidep.” Ucap indung na bari leos ninggalkeun Mira.

Tapi Mira teu cicing bae. Manehna ngudag indungna nu asup ka hiji gerbang nu caangna jiga bulan tanggal opat welas.

“Ema tong ninggalkeun Mira …… Mira ngiring…… Mira hoyong sareung ema…” jorowok Mira bari terus ngudag indungna anu geus rada mnngajauhan.

Mira ngilu asup ka gerbang eta, ari pak nyampak jambatan anu dihandapeunana seuneu ngabebela. Mira bingung lamun teu di teruskeun manehna moal papanggih deui jeung indungna. Tapi lamun diteruskeun manehna sieun tigebrus kana eta seuneu. Ku tekadna hayang tetep jeung indungna, manehna neruskeun langkahna. Tapi teu disangka-sangka mira tikosewad tigebrus kana seuneu anu ngabebela.

“Ampun… Ampun… panas… Ema tulung… ema… tulungan Mira!!!” gorowok Mira ka indungna menta tulung.

Teu lila ti eta kadenge sora indungna nu nyugema.

“Hampura anaking Ema teu tiasa nulungan hidep. Jaga hidep bakal ngarasanan eta kapanas lamun hidep terus nyalahkeun Gusti Alloh, sabab maneh nyangka Alloh geus teu adil ka diri hidep anu geus mundut ema ti alam dunya. jeung lamun hideup, terus teu ngalakonan parentah-Na. inget pesen ema geulis sabar… sabar…”

Mira nyarande na enggon, bari terus mikiran omongan indungna na impian tadi.

“duh… Gusti naon maksud Anjeun ngirimkeun eta impian dina panguleman kuring…?. Naha Anjeun ngambek ka kuring anu geus nyalahkeun Anjen? Atawa ngambek sabab kuring geus lila teu ngalakonan parentah Ajeun??” tanya Mira na hatena.

Mira emang geus lila teu ngalakonan sholat. Sabab, pundung tur ambek ka Alloh anu geus mundut indungna ti alam dunya.

“Naha kuring ulah ambek ka Anjeun? Padahal Anjeun geus nyokot Ema kuring. Sangkan kuring jadi sorangan di alam dumya ieu?? Kuring masih tumarima lamun kuring teu biusa ningali raray bapa sabab maot saacan kuring lahir. Tapi kuring teu bisa tarima lamun ema kuring nu di pundut.” Gerentes mira na hatena.

“Naha? Nahaaaaaaaaaaaa…!?” tanya Mira bari satengah ngagorowok.

Ari ngong adzan subuh kadenge. Mira nengetan sora adan. Sora anu geus lila teu di palire salami ieu saprak indungna maot. Mira ceurik ngagenggeuik dina sela-sela sora adzan. Mira tungkul satengah teu sadar. Manehna nginget-nginget kajadian dina impiannana. Anu mantak ngagetkeun ulu hatena nyaeta omaongan indungna, anu matak ngageuri dadana.

bersambung.........

Mohon tunggu...

Lihat Konten Puisi Selengkapnya
Lihat Puisi Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun