Mohon tunggu...
Wiwin Zein
Wiwin Zein Mohon Tunggu... Freelancer - Wisdom Lover

Tinggal di Cianjur

Selanjutnya

Tutup

Fiksiana

Pantun (Bahasa Sunda): Waspada Virus Corona

26 Juni 2021   09:28 Diperbarui: 26 Juni 2021   09:33 3223
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Sumber: pixabay.com

Limus asak murag tina tangkalna
Ninggang kana hulu kuda
Virus corona aya di mana-mana
Kukituna urang kudu waspada

Jalma sombong sok loba gaya
Hirup na awuntah jeung foya-foya  
Rek percaya atawa  teu percaya
Fakta na virus corona memang aya

Aya gaang dina kembang aglonema
Ngegelan tangkal sarta akarna
Lain saurang dua urang jalma
Tapi geus jutaan nu jadi korban corona

Kudu hormat jeung ajrih ku ulama
Nurut kana sagala  nasehatna
Virus corona teu pilih-pilih jalma
kolot atawa  budak jadi mangsa na

Sangu liwet ditumpangan ku peda
Angseuna nyambuang ka mana-mana
Kukituna urang kudu waspada
Supaya teu kakeunaan virus corona

Ulah sok ngalamun kamalinaan
Komo bari cicirihilan
Jaga imun badan sorangan
Terapkeun protokol kasehatan

Ka Cijoho malipir leumpang sorangan
Mawa salak jeung buah rambutan
Ulah poho make masker jeung cuci tangan
Oge jaga jarak jeung kerumunan

Ajengan mah cerdas jeung tegas
Jauh tina sipat heuras
Kurangan aktivitas jeung mobilitas
Ulah ngarasa sagala bebas

Kudu adil mun jadi pamingpin
Kudu nyaah ka fakir miskin
Jalankeun ikhtiar lahir jeung batin
Ulah embung lamun divaksin

Poe rebo sanggeus salasa
Buah cangkudu pait rasa na
Tapi kade poho ka Nu Kawasa
Kudu nyalindung ka Manten na

Mohon tunggu...

Lihat Konten Fiksiana Selengkapnya
Lihat Fiksiana Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun