Huma baraya na jeung sawah
Lalab antanan lain runtah
Jalma sadunya ayeuna keur goyah
Kusabab kakeunaan wabah
Katimus Ma Ina ngeunah kacida
Tina sampeu dijieun na
Virus Corona ngaran wabah na
Nu asalna ti nagri Cina
Jajan lemper di Mang Karna
Dua rebu harga pas hijian na
Bulan desember mimiti ayana
Dua rebu salapan welas taun na
Pel kina kawas saliara
Aya nu beda-beda bentuk na
Ti Cina terus nyaliara
Ka nagara-nagara sejen na
Taneuh porang bodas warna na
Lemes kacida tur alus rupa na
Teu kurang dua ratus nagara
Nu geus keuna ku virus Corona
Cocodot direrab tempatna
Terus dirarata imah na
Nu maot ku sabab Corona
Geus ngajuta jumlah na
Hayang tereh naek kuda
Sabab kuda tarik lumpatna
Urang kabeh kudu waspada
Sabab Corona bahaya kacida
Aya lele napel na calana
Turun bari jeung disada
Saha wae bisa keuna Corona
Mun teu ati-ati jeung waspada
Lalab leunca biasa diatah
Lauk lele ngeunah tur murah
Kusabab ayana wabah
Kudu gawe jeung ibadah di imah
Jambu asak beda jeung korma
Buah naga seger karasana
Kudu jaga jarak jeung sasama
Ngarah teu keuna ku Corona
Nila hirup sing kolepat Â
Lauk bandeng  laluncatan
Pola hirup kudu sehat
Kudu mindeng cuci tangan