Mohon tunggu...
Abah Epoy
Abah Epoy Mohon Tunggu... karyawan swasta -

Buruh pabrik makanan ringan, tinggal di Bandung, tertarik pada hal-hal bersifat ide kewirausahaan, isu-isu sosial budaya, dan bahasa...mudah berteman tapi agak pendendam jika disakiti...

Selanjutnya

Tutup

Dongeng

Kunaon Tarzan Isinan?

3 November 2011   06:05 Diperbarui: 26 Juni 2015   00:07 127
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Bagikan ide kreativitasmu dalam bentuk konten di Kompasiana | Sumber gambar: Freepik

Kacaturkeun di leuweung tiis, teu jauh ti Lebakjero, beh ditueun Nagreg, wadia balad Tarzan, nyaeta sarupaning sasatoan nu aya di dinya gujrud guling gasahan ku lantaran aya beja nu haneut tur ceuyah pisan teu sirikna impotenmen di tipi.

Sabab musababna nyaeta guneman sakadang beruk nu rada teu uyahan make jeung ngajejeleh Tarzan, public figure di Leuweung tiis tea.

Ceuk si beruk ka jinisna, “teu ngarti ka si kang Tarzan teh uing mah…ongkoh geus teu wanoh jeung urang-urang, ka ditu ka dieu layeut, naha bet tara daek mandi bareng nya…”

“Boa-boa aya nu disumputkeun ka urang-urang…”

Kitu cenah ceuk si Beruk muka carita, persis  biang gossip di tipi. Katingali pisan Beruk ngadon mancing komentar  barudak ngora kaum monyet tur owa jeung sato lainna nu ngarahul di sisi jalan ngadon gigitaran ngaganggu nu ngaliwat. Poe eta oge kitu peta tah si beruk teh ngadon ngagosipkeun Tarzan… Maklum unggal renghap tina pagawean ngala cau di kebon batur (maok cau meureun di kebon batur mah nya lur?), langsung campego hareupeun tipi sieun teu kaagehan impotenmen.

”Ke heula, naha enya kang Tarzan tara daek mandi bareng, pan ti heula kungsi ngojay bareng jeung sakadang kuya?” tembal sakadang munding panasaran.

“ah, atuh ngojay mah biasa, ieu mah mandi, dasar maneh mah sato teu nyaho bedana ngojay jeung mandi…”ceuk Beruk asa pang aingna. “Naha tah kang Tarzan mun mandi bet tara daek babarengan…pasti aya nu disumputkeun, nu teu meunang katingali ku urang-urang,” ceuk si Beruk mapanas nu aya di dinya…

“Sst..ngarah teu panasaran, kumaha mun urang intip pas kang Tarzan keur mandi?” sakadang uncal nu ti tadi ngan ukur ngaguher api-api teu ngadenge ngagerentes usul.

Ngadenge usul Uncal kabeh nu keur ngagosip ngarandeg, kulantaran teu nyangka Uncal wani usul kitu peta.

“Usul hade, ngarah urang kabeh teu pansaran deui. Ngan omat, kahade ulah nepi ka kanyahoan ku kang Tarzan, da moal aya nu sanggup mun kang Tarzan bendu,” ceuk Beruk siga nu kaduhung rumasa nu ngamimitian ngagosip.

Kacaturkeun kabeh mupakat sakadang monyet nu ngawakilan balarea ngadon rek ngintip Tarzan mandi dina hiji sore.

Teu kungsi lila sakadang monyet ngagidig ti pipir tangkal awi tempat Tarzan biasa mandi, nyampeurkeun riungan bari gugulitikan teu kuat nahan seuri.

“beu, aya beja naon ieu teh eta silaing monyet seuri nepi ka gugulitikan kitu,” ceuk sakadang Kuda bari tetejeh keuheul ningali kalakuan si monyet…

“Kieu baraya, urang tadi geus keketeyepan noong kang Tarzan, urang ayeuna nyaho naon matakna kang Tarzan tara daek mandi bareng…” ceuk si monyet baru seuri koneng imut pisan.

“Naha kunaon kitu,” ceuk sakabaeh sato bareng bakating ku panasaran….

“Kang Tarzan tara daek mandi bareng kulantaran era…” ceuk si monyet bari teu kuat nahan seuri…

“Era kunaon, na ari maneh ngomong teh bet teu anggeus kitu atuh,” ceuk Biruang kolot teu kuat nahan panasaran hayang nyaho gossip sobatna, nyaeta kang Tarzan tea.

“kang Tarzan teh era jigana mah mun mandi tara daek bareng, kulantaran kang Tarzan gaduh buntut ngan napel di hareup eta buntutna teh, salian ti di hareup buntut kang Tarzan teh geningan pondok deuih….ngan sagede curuk,” Ceuk si monyet bari ngabarakatak seuri….

Kabeh sato ngabarakatak bari silih pelong teu kuat nahan seuri: ?&*$%^#@!*(gujrud ku eta beware…..)

Mohon tunggu...

Lihat Dongeng Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun