Adab jeung sopan santun lamun diteuleuman mah mémang kaasup kana ranah filsafat praktis. Disebut asup kana ranah filsafat, da anu ngaranna sopan-santun mah teu dibatesan ku umur, ku hal-hal anu kongkrét. Siga dédépéan handap asorna hiji jalma teu kudu ka saluhureun wungkul, ogé ka papada manusa, ka papada alam, jeung kana hal-hal anu aya di luar réalita. Anu matak, adab jeung sopan santun asup kana filsafat praktis, hiji sikep, kabiasaan anu teu dibatesan ogé ku waktu jeung tempat. Atuh sapagodos pisan jeung tugas utama diutusna Rasulullah téh keur nyampurnakeun akhlaq manusa.
Datangna teu ujug-ujug. Pangna penting ayana adab jeung sopan santun ogé sangkan jalma nyaho kana pagawéan anu anu sabenerna kudu dilakonan. Cicero pernah nulis Non Nobis Solum Nati Sumus,kabéh jalma hirup lain keur ngalumangsungkeun hirupna séwang-séwangan sosoranganan, ti sagigireun éta aya anu séjén nyaéta papada manusa. Di dinya pentingna adab jeung sopan santun dibiasakeun.
Ayeuna, zaman anu ceuk Heydi Toffler mah mangrupa zaman anu dipinuhan ku kamelang, nalika adab jeung sopan santun anu geus diwariskeun ku karuhun tuluy diganti ku kabiasaan anyar, gaya hirupanyar, jeung asimilasi étika, bakal ngalahirkeun loba kamelang t anu jadi i kolot ka anu jadi budakna. Ti taun 70-an, mimiti runtuhna senioritas (ngahormat ka saluhureun) , di mana niléy-niléy peradaban jeung sopan santun geus beuki cair. Budaya patriarki anu nempatkeun kakawasaan kaum Adam dina kahirupan geus dirugrugkeun. Ngan geus tangtu aya ceda, da sagala rupa teu bisa dijauhkeun tina dua sisi akibat: Budaya permisif beuki ngangsreg, keur ngalakonan hiji hal , jalma teu kudu mandang deui kana étika jeung sopan santun, da ayeuna mah geus zamanna budaya global.
Meureun, ieu pisan anu ngaranna Cultural Shock téh. Sakumaha Huntington nyebutkeun, budaya anu datang di mana mendi tuluy ngumpul di hiji tempat bakal ngalahirkeun hiji lini. Hal-hal anu dipandang anéh antukna makalangan dina kahirupan tapi jadi musuh utama senioritas. Antukna ngalahirkeun hiji pasoalan anyar, teu sinkronna sopan santun, kabiasaan anu diwariskeun ku karuhun jeung budayakontémporér anu ngawujud dadak sakala di masyarakat.
Rasa melang ieu mangaruhan lain ka generasi 90an, tapi gedé pisan pangaruhna ka jalma-jalma generasi 60-70-jeung 80-an. Naon sabab? Tilu generasi éta ngarasa asa hiji hal anu dirampas jeung dirampog dina kahirupanna. Handap asor ka saluhureun geus robah jadi pandangan darajat manusa mah sarua, hadé ku basa goréng ku basa ogé geus dirempak jeung dilarang da anu timbul nyaéta ngomong ku cara kumaha baé ogé sarua, anu penting intisari jeung maksudna katepikeun.
Tilu generasi saméméh generasi 90-an tangtu boga rasa kamelang anu pohara nalika étika jeung niléy-niléy anu diwariskeun ku karuhun ka éta generasi kari-kari dikonfrontasikeun jeung budaya kiwari anu lolobana disebut bébas niléy. DIsebut bébas niléy téh hartina, sagala rupa tingkah polah teu kudu ngarujuk kana étika téologis hiji agama. Éstu kudu ngébréhkeun kabébasan jeung kamerdekaan hirup hiji jalma. Nu katénjo ku tilu generasi téa, lahirna generasi anu béda jeung alam baheula tapi sarua jeung kaayaan di nagara-nagara maju taun 70an.
Conto leutik, konsér musik, live concert, acara ngumpul-ngumpul di lapang sabenerna di Éropah mah geus mahabu di taun 6–70an ogé. Kumaha histerisna para Beatle Mania waktu nénjo idolana konsér di Wimbledon? Jadi keur ukuran Éropah mah budaya jeung gaya hirup kitu téh mangrupa budaya heubeul. Anéhna, budaya taun 60-70an téh sumebar jeung ditarimana ka nagara urang béh dieu pisan, saba’da réformasi. Hartina, aya hiji hal anu leungit di nagara urang. Nyaéta stabilitas politik jeung kakawasaan.
Kalalajoan ku urang ogé, kumaha beuki mahabuna konsér musik anu disuguhkeun langsung ku Média-média TV, teu bulan Reuwah teu Puasa, angger wé ari kana konsér mah anu ngalalajoan téh pinuh baé, nu béda téh kumaha cara ngemasna. Sakapeung sok teu nénjo kana kaayaan anu beuki heureutna kahirupan anu dialaman ku rahayat di urang. Panggung pentas konsér baé nepi ka aya anu waragadna 1 Milyar. Ieu anu jadi alesan beuki melangna para kolot kana cara gaul anu jadi budak.
Di imah jeung di sakola mah diatik ku adab jeung sopan santun, tapi pangaruhna teu nepi ka dinya, barudak leuwih percaya kana budaya umum anu keur ngetrénd. Siga kieu, lamun taun 70-80an asa éra paradah lamun awéwé katénjo bitis, asa éra paradah deuih lamun katénjo ku anu jadi kolot keur paduduaan jeung lawan jinis komo lamun jeung anu sajinis. Hartina, étika téologis jadi panglima kahirupan sapagodos tur nyekrup jeung budaya harita. Zaman ayeuna, budak sakola Kelas 3 SD ogé geus diékpliotasi ku anu ngaranna industri musik jeung film, nepi ka mangaruhan ka penggemarna. Budak umur 7 taun , ku mangsa kiwari mah geus bébéléhéman begér, geus wani ngirim surat atawa SMS bari ngébréhkeun rasa nyaahna ka anu dipibogoh.
Keur anu jadi kolot bari gedé pisan perhatian ka anu jadi anak mah ieu mangrupa tangtangan, kumaha carana anu jadi kolot bisa nyeterilkeun barudak tina pangaruh-pangaruh nu karitu. Anu ku kuring dihanjakalkeun ngan hiji, nyaéta leupasna institusi étika téologi dina kahirupan urang. Saburaong-buraongna ogé barandalan taun 70an asa moal leuwih angot ti batan préman zaman kiwari. Kusabab institusi étika téologi masih bener-bener mangaruhan kana kahirupan jalma. Baheula mah sieun teu jujur, sieun teu junun, sieun teu bisa ngaji, sieun teu bisa ngarti,sieun teu bisa ngomong lemes. Ayeuna? Sieun teu beunghar, sieun teu bisa komputer, sieun teu bisa ngomong Inggris, jeung kasieun-kasieun anu sabenerna mémang dirancang ku hiji sistem.
Hasilna, kusabab institusi étika téologi geus teu mangaruhan kana kahirupan. Zaman kiwari antukna kaluar Polisi Téologi, anu mana hiji kelompok nyebarkeun sikep konfrontatif kana kahirupan zaman kiwari anu ceuk maranéhna geus méngpar jauh tina pituduh Pangéran, saolah teu bisa dibéréskeun deui, teu bisa dibenerkeun deui. Polisi téologi, ti batan ngajak jalma sangkan asup deui kana instutusi étika téologi karah beuki méngparkeun jauh masyarakat tina cekelan agama anu bener.