Mohon tunggu...
Kang Warsa
Kang Warsa Mohon Tunggu... Administrasi - Sering menulis budaya, filsafat, dan kasundaan

Sering menulis budaya, filsafat, dan kasundaan

Selanjutnya

Tutup

Cerpen Pilihan

Carpon: Bati Pilprés

29 Oktober 2014   20:04 Diperbarui: 17 Juni 2015   19:16 96
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

Sumber Photo: shnews.co Di lembur Cihérang keur meujeuhna ramé ku omongan. Urang lembur ngaromong, boga kamandang sorangan-sorangan. Bérés Pilprés ogé geus ahéng, ayeuna ditambah ku bérés Présiden anyar ngumumkeun menteri-menterina. Lembur anu boga ngaran Cihérang téh antukna kiruh ku paloba-loba omong. Teu jauh béda jeung gunem caturna para politisi anu sok disiarkeun dina tivi. Éwuhna téh di warung Mang Ujang. “ Moal enya menteri awéwé ngaroko jeung ditato, asa teu payus jadi picontoeunna ogé!” Si Ocim ngamimitian. “ Masih nyeri hate meureun manéh mah, pédah éléh cekelan dina Pilpres, nya? Kamari ogé waktu Présidén dilantik pan ngomong kieu: moal enya boga Présidén téh dikopéahna méngplé jeung doplo!” Témbal Abah Uko. “ Lain kitu, da bener atuh, anu ngaranna menteri téh pan jabatan luhur. Hadé goréng, tagog, tata, jeung kalakuanna pasti kaukur ku batur, ku sanagara deuih ieu mah. Béda jeung déwék, maok lauk Haji Huro ogé paling kanyahoan ku salembur.” Si Ocim embung éléh. “ Salah kitu lamun ngaroko? Tuh siah, nini silaing Ma Engkan ngaroko baé unggal poé ogé, malah buyut manéh mah baheula sok nyisig pan?” Abah Uko ngomong deui. “ Da nini-nini éta mah, jaba rahayat biasa deui, teu boga kalungguhan nini jeung uyut kuring mah!” “ Tetep baé siah, nini-nini ogé awéwé jeung sarua jelema pan?” Jempling sakeudeung. “ Kumaha ceuk manéh, lamun aya menteri awéwé ngaroko, Ohi?” “ Ah, teu kunanaon. Da lain ditangtukeun ku roko alus jeung goréngna jalma mah. Tiru wé naon anu geus katénjo hasilna. Ceuk kuring mah, maranéh téh tong pipilueun kanu garering, maraséakeun paisan kosong… nepi ka ngabulaéh ngomongkeun batur ogé keukeuh baé ari béas euweuh mah aseupan nangkub!” Pokna bari ngaroko. “ Haha, déwék ieu ngaroko, tuh silaing ogé éta ngaroko geuning, Ocim!” “ Baé, da déwék mah lalaki, jeung rahayat biasa ongkoh…!” “ Ngacapruk siah, émangna ménak teu meunang ngaroko?” Si Kéméd milu ngomong. Mimiti diadeugkeun lembur Cihérang ku jenat Haji Sulaeman, dina taun 1890, masarakat hirup kalawan tingtrim, can pernah aya paloba-lona omong komo nepi ka paraséa jeung pacéntal-céntal omongan. Sahandapeun ngahormat ka saluhureun, kitu ogé sabalikna. Kaayaan samodél kitu nyurup jeung kaayaan alam Cihérang harita. Matak dibéré ngaran Cihérang ogé kusabab cai cur-cor hérang, ngamalir di wahangan. Sanggeus alam kamerdékaan, kira-kira lima taun méméh Soekarno diganti ku Soeharto, loba urang lembur anu asup jadi anggota partéy politik. Lolobana mah ditulis tonggong, malah aya anu jadi anggota PKI sagala, padahal teu apal nanahaon. Atuh dina mangsa Orde Baru kumawasa mah tiap taun kudu lapor ka kantor Désa jeung Kecamatan. Kudu diputihkeun cenah. Lolobana mah jadi anggota Masyumi, da Haji Sulaeman sorangan diistrénan jadi ketua Masyumi tingkat Kecamatan. Orde Lama bubar, ampir kabéh masarakat asup jadi anggota Partai pamaréntah. Ti ajeungan nepi ka rahayat biasa. Aya éta ogé anu tetep satia kana idéologi partai heubeul siga Abah Uman, cenah arék nyekel pageuh naon anu geus dicekel ku Haji Sulaéman. Ganti jaman, Cihérang mimiti ramé. Sababaraha urang ditéwak ku aparat nagara, da diduga jadi anggota Partéy Komunis. Lolobana mah henteu nyangka, lamun Mang Didin asup jadi anggota PKI. Atuh éar salembur malah nepi ka lembur tatangga, lamun Cihérang dianggap saying komunis. Méh unggal isuk pulisi jeung tentara udar-ideur di tengah lembur. Cenah réh nyisir jeung ngabersihan lembur tina gorombolan anti agama jeung pancasila. Nya, saréngséna Soeharto diistrénan jadi présidén mah, éta lembur dipimpin wé ku Kuwu Jamhadi. Dipilih sacara aklamasi ku masarakat. Beuki ramé nalika usum pemilu sanggeus 20 taun Orde Baru manggung. Tatangga jeung tatangga pabaeud-baued, anu itu mah make kaos pulas héjo anu ieu mah warna konéng. Masarakat di kelompok anu pro ka Soeharto mindeng ngomong, “ Jalan diaspal ku saha? Anak maranéh bisa sakola kusaha? Ku Pak Harto! Tuh SD Inprés di ieu lembur éta jasa Soeharto. Lamun lembur hayang diwangun jeung maju kudu milih partéy Soeharto!” Nya, anu geus ngagurat jagat mah, ceuk paribasa moal gedag kaanginan, tetep pageuh nyekel masyumi, sanajan Masyumi sorangan dina jaman Orde Baru mah apan difusikeun jadi Partai Persatuan Pembangunan. Dina waktu kampanye, Kuwu Jamhadi sok omat-omatan sangkan masarakat henteu salah pilih dina waktuna nyolok. Lamun salah milih akibatna bisa dirasakeun langsung salila lima taun, jalan moal dioméan, sakola bakal diantep, jrrd. Masarakat ogé sieun, ucapan Kuwu bener. Sataun sakali, di kantor désa diayakeun Penataran P4 ku pamaréntah kabupatén. Ti mimiti nonoman anu geus meujeuh umur nepi ka aki-aki jeung nini-nini diabringkeun ka balédésa. Ditatar sangkan nyekel pageuh kana idéologi nagara. Norma jeung niléy anu aya dina pancasila kudu diapalkeun, butir-butir pancasila ti A nepi ka Z dibacakeun, dijéntrékeun hiji-hiji kalawan daria ku nara sumber. Lamun aya masarakat anu henteu milu panataran geus pasti dibawa ka koramil, ditanyaan itu-ieu. Masarakat ogé ditungtut sangkan bisa rempug jukung sauyunan, gotong royong jeung kerja bhakti kudu digedékeun. Keur ngajaga lingkungan kudu diayakeun Siskamling , tiap RT kudu nyiapkeun 10 urang calon Hansip anu arék dididik jeung dilatih di lapang koramil. Keur ngabiayaan meuli seragam Hansip, masarakat kudu udunan, ngayakeun pérélék. Euweuh saurang ogé anu wani tatanya komo nolak mah, da nerap dina diri masarakat Cihérang, aya Siskamling jeung Hansip téh lain keur sasaha, tapi keur kapentingan masarakat sorangan. Beuki harénghéng nalika jaman geus asup ka réformasi. Ti mimiti pemilihan Bupati nepi ka pemilihan RT kudu dipilih langsung ku masarakat. Ku ayana ieu hal, beuki kaciri kumaha rongkahna adu rényom alatan béda pilihan jeung béda dukungan. Dina pemilihan RT mah méhméhan kelompok Cep Bambang garelut jeung kelompok Mang Lukman, dina hal henteu sapira, silih sebutan. Geus puguh nalika Pilkada mah, dukungan ogé nepi kana opat kelompokna. Anu ieu masang baligho, dituar ku anu itu. Paagul-agul kaos carang. Tukang bubur ogé pipilueun ngomong pasoalan-pasoalan politik, leuwih kahot alabatan koméntator politik tingkat pusat. Kaciri beuki ramé waktu pilprés Kamari. Nya paagul-agul calon anu dirojong. Anu ieu ngomong; naon calon présidén téh begang kitu! Anu itu ngomong: daripada calon présidén teu boga pamajikan. Padahal lamun dipikir kalawan jero mah, naha ulah kitu anu begang jadi présiden jeung saha anu ngulahkeun duda jadi pamingpin nagara? Di Arab mah apan loba pamingpin anu nyarandung. Kaayaan model kitu téh lain di Cihérang wungkul, ampir di sakuliah nagara jigana. “ Toh conto menteri anyar, enya ogé ngan saukur lulusan SMP bisa kapilih jadi menteri!” Ceuk Si Kemed dina hiji poé di warung Mang Ujang. “ Ah, henteu kudu nyonto ka batur, Tanya baé kana diri sorangan. Siralaing geus bisa jadi naon?” Ceuk Abah Uko. “ Jadi ketua RT ogé can kalakonan geus kumawani ngarasa aing leuwih suci tibatan Susi!” “ Pro-Susi, nya?” Ceuk Si Ohi. “ Henteu, ngan déwék mah pro kana bebeneran…!” Témbal Abah Uko. “ Kudu bener nganiléy jalma, ténjo ti sisi ti gigir. Lain ngan hareupna wungkul.” “ Ah, pro-Susi, nya?” “ Déwék nanya ka silaing, Ohi.” Abah Uko ngarénghap. “ Silaing pan Kamari nyalég, naha teu meunang euy?” “ Geus takdirna kitu wé meureun!” “ Lain kitu, sabab silaing teu katiléy ku masarakat.” “ Jeung kurang duit!” Si Ohi jebi. “ Kapok, moal nyalég-nyalég deui déwék mah, loba katipu, Si Kunyud wé tim saksés déwék kos anu enya, majar boga massa nepi ka 4.000. buktina, di TPS manéhna baé ngan meunang dua sora…!” Ceuk Si Ohi. “ Ulah Kapok, lima taun deui mah manéh mending nyalonkeun jadi anggota DPD wé, siga Si Oni…!” “ Tah, kapilihna Néng Susi ku Jokowi téh meureun geus takdir, ari sababna mah loba. Da diurang mah araranéh, can ogé katénjo gawéna geus dipeupeuh diteunggeul.” “ Ahh , kalieur-lieur mikiran batur, ngahasilkeun duit moal. Mending ka sawah ah…!” Si Kéméd cengkat. “ Bayar!” Ceuk Mang Ujang. “ Catet wé, asupkeun kana buku hutang!” “ Geus dua lembar kertas. Bayar heula, ga ada titik ga ada komaaa!” “ Lah, nyieun wé lembaran anyar. Engké usum panén dilunasan.” “ Cak, kadé ulah saukur jangji, kos politisi silaing mah hirup téh!” ### Hawa peuting karasa tiris. Si Ocim keur ngudud bari ngopi. Torojol Kang Endang. “ Mana duit sésa kompanyeu téh?” Kang Endang ngomong. “éléh pilprésna gé!!!” “ Meunang atawa éléh tetep wé duit mah ngalir. Mana, jangji Kamari waktu usum kompanyeu!” “ Euweuh! Geus béak….!” “ Ditilep ku sorangan?” “ Teu kudu ngomongkeun duit ayeuna mah, mending urang ngobrolkeun kabinét anyar! Nahaon aya menteri ngaroko, ditatto , jeung lulusan SMP deuih!” “ Duit… déwék mah teu penting ngomongkeun muntra-mentri, arék menteri lulusan SD atau TK ogé sabodo.. Duit, mana duit!” “ Ngan duit wé silaing mah anu diomongkeun téh!!!” Si Ocim ngodok saku calana. “ Ieu, lima puluh rébu wé heula…!” “ Nuhun!” Kang Endang ngojéngkang. Si Ocim asup ka imah. Muka laci, duit lima gepok saratus rébuan diusapan. “ Hayang teuing bulan hareup aya Pilprés deui da. “ Gerentes haténa, golédag ngagolér dina korsi. Kang Warsa

Baca konten-konten menarik Kompasiana langsung dari smartphone kamu. Follow channel WhatsApp Kompasiana sekarang di sini: https://whatsapp.com/channel/0029VaYjYaL4Spk7WflFYJ2H

Mohon tunggu...

Lihat Konten Cerpen Selengkapnya
Lihat Cerpen Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun