Mohon tunggu...
Muhammad Ali Reza
Muhammad Ali Reza Mohon Tunggu... Guru - belajar sepanjang hayat

Setiap penulis akan mati. Hanya karyanyalah yang abadi. Maka tulislah sesuatu yang membahagiakan dirimu di akhirat nanti. (Imam Ali Kw.)

Selanjutnya

Tutup

Humaniora

Muharram: Syahidna Putu Nabi Saw. di Karbala

13 November 2014   16:19 Diperbarui: 19 Agustus 2021   09:51 103
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Humaniora. Sumber ilustrasi: PEXELS/San Fermin Pamplona

Ku: Muhammad Ali Reza

Bismillahirrahmanirrahim.Assalamu’alaika Yâ Abâ Abdillah wa ‘ala arwah allatî hallat bifinâik, ‘alaika minnî salamullahi abadan, mâ baqitu wa baqiya al-lail wa annahâr.

Halbwachs, saurang pemikir kawit Perancis, anjeunna ngembangkeun konsep ngeunaan memori kolektif atawa ingetan kolektif. Ingetan eta kabentuk ku ayana dialog dina jumplukan sosial, sapertos perkawis dina hiji ingetan anu pangbadagna (nu dipika inget) atawa bagian tina kenangan anu kuat, anu engkena janten ingetan anu resmi dina jero jumplukan eta. Contona, urang sunda miboga ingetan kolektif ngenaan pertistiwa Bubat atawa perang Bubat. Dina peristiwa Bubat teh, anu nganteurkeun putri Dyah Pitaloka Citraresmi ti tatar Sunda (nu bade dinikahkeun ka Prabu Hayam Wuruk, ti karajaan Majapahit), dina perjalanan eta anu nganteurkeun putri teh dibunuh ku balatentara Majapahit, parentah ti Gajah Mada. Seueur nu pupus, boh eta ti pihak prajurit atanapi menteri. Ku kaayaan kitu, ningali prajurit jeung menteri parupus (harita pasukan ti pihak Sunda sakedik, bénten jeung pasukan ti pihak Majapahit nu seueur), Dyah Pitaloka ngarasa berduka ningali kaayaan kitu, terus anjeunna ngalakukeun “bela pati” (bunuh diri jang ngabela kahormatan bangsa jeung kerajaannana). Eta conto ngenaan ingetan kolektif di tatar Sunda: Dina peristiwa Bubat. Urang Sunda tangtu apal.

Husein bin Ali bin Abi Thalib, anjeunna putu kanjeng Nabi Saw., putu Nabi nu dipikacinta, dipikadeudeuh, dipikanyaah ku Kanjeng Nabi. Dugi dina sabdana, “Gusti, kawula mikacinta ka duanana (Hasan sareng Husein), cintai sing saha jalmi anu mikacinta ka duanana.” (Mustdrak al-Hakim, Shahih Muslim). Pernah dina hiji waktos, kanjeng Nabi ngalamikeun waktos sujud pas nuju netepan (tiasa dibaca:Allah), kulantaran Hasan, Husein naek ka pungkurna.

Dina sasih Muharram tahun 61 H, Sayyidina Husein, kulawargi, sareng sahabatna anu jumlahna teu langkung ti tujuh puluh dua jalmi, angkat ka Kufah. Tapi di tengah perjalanan, di tempat nu disebat Karbala rombongan ieu ditahan ku pasukan Ibn Ziyad, panguasa Bani Umayyah. Harita, Sayyidina Husein alim baiat ka Yazid bin Muawiyyah kulantaran sikap panguasa zaman eta anu despotik,  nu teu nyerminkeun Islam. Jeung oge Sayyidina Husein alim baiat oge sanes ku haus kakuasaan, tapi sikep anjeunna nu ngajaga izaah (kamuliaan). Saur Sayyidina Husein, “mitslî yubayyi’u mitslah?” (kula kudu baiat ka jelema sapertos anjeun?). Sayyidina Husein ngajaga kamuliaan, anjeunna alim baiat ka pamingpin anu sipat jeung watakna goreng nu teu ngabela jumplukan mustadh’afin. Sayyidina Husein ngemban misi nu diajarkeun ku akina, yen ajaran Islam nu hakeki; anu nyejahterakeun rahayat, negakeun kaadilan tur ngabela jumplukan mustadh’afin. Tapi rombongan eta teh kalahkah dihadang, dihadepkeun ka pasukan anu jumlahna puluhan rebu. Jumlah nu teu sabanding. Rombongan putu Nabi dikepung, jeung oge di padang Karbala eta teh, kulawargi sareng sahabatna teu dipasihan nginum (nyandak cai) di sungai. Sayyidina Husein, kulawargi sareng sahabatna kahausan. Hiji-hiji, sahabat Sayyidina Husein gugur tur syahid di eta tempat. Nu bade nyandak cai ka eta sungai kalahkah dipasihan lesatan panah nu nyebabkeun eta sahabatna syahid. Di waktos nu sami, orok nu masih beureum (nu yuswana bulanan keneh) ceurik kulantaran haus. Ningali kitu, Sayyidina Husein nyandak eta orok ditingalikeun (diangkat) eta orok yen pasukan Yazid teh meh naringali. Lainna ningali prihatin, komo deui masihan cai mah, eta orok teh kalah dipasihan lesatan panah ku salah sahiji tentara Yazid. Ningali kajadian kitu, Sayyidina Husein ceurik ngagukguk..ceurik getih ningali kalakuan tentara nu teu manusiawi. Dina riwayat, eta getih orok teh henteu muncrat turun ka taneuh tapi ngapung ka langit. Orok eta teh putra Sayyidina Husein, namina Ali Asgar. Sayyidina Husein, langsung ngurebkeun putrana di eta tempat. Ningali ka sakitar, rerencangan nu sanes tos garugur—syahid, tinggal Sayyidina Husein nyalira. Pas eta Sayyidina Husein cumarios, “Hal min nâshir yanshurni..?” (Aya teu nu bade nulungan kawula?) sakabeh sahabatna tos syahid ti payun, dina jero tenda ngan ukur aya istri (awewe), barudak leutik, sareng Ali bin Husein (Ali Zainal Abidin As-Sajjad) anu nuju teu damang. Sahabatna pas sateu acan pupus, ngahadep ka arah kemah ngacungkeun pananganna ningali ka putu Nabi bari ngucapkeun, “assalamu’alaika yâ abâ abdillah” (Salam ka anjeun, duh  putu Nabi).

Sayyidina Husein ngalawan eta tentara nu kacida seueurna nyalira. Ku kaayaan kitu nu teu sabanding, Sayyidina Husein syahid. Seueur lesatan panah nu nanceb ka awakna, acan deui tombak. Keur kitu teh datang Syimr bin Dzil Jausyan, ngangkat pedangna tur bade mancung mastaka putu Nabi Saw. tenggek Sayyidina Husein, bade ditebas ku pedang Syimr, tapi eta teh henteu mempan (dina riwayat mah, eta tenggek teh tenggek nu sok dicium ku Nabi), ku apal teu mempan, Syimr nebas bagian tenggek nu lian. Prak we.., mastaka putu Nabi papisah sareng awakna. Ku kaayaan kitu, Syimr nu teu manusiawi nancebkeun eta mastaka putu Nabi dinu tombak. Ningali putu Nabi diperlakukeun kitu, istri (awewe) nu aya di jero tenda teh ceurik ngagukguk..ceurik sajadi-jadina, ningali para tentara nu merlakukeun putu Nabi nu kacida teu manusiawina. Mastaka putu Nabi sareng kulawargi tur sahabatna, diarak dinu tombak ti Karbala ngaliwat ka kota-kota sakitarna dugi ka Damaskus, tempat dimana pamarentahan Yazid nu despotik, tirani, nu ngabantai putu Nabi sareng sahabatna di Karbala. 

Carita ieu, jarang diinget aya oge meureun nu teu apal. Tragedi Karbala teh kaping 10 Muharram 61 H. Carita nu nyieun manah saha bae oge nyeri ningalina, ngagukguk ceurik. Sayyidina Husein ngalakukeun perlawanan ka panguasa nu despotik; tirani. Sapanjang zaman, Sayyidina Husein jadi simbol kawanian ngalawan penindasan; kawanian ngalawan panguasa dholim; kawanian demi tegakna agama akina, Muhammad Saw.; pangorbanan demi tegakna nu hak. 

Dina wanci sapuluh muharram oge, perjuangan Sayyidina Husein sareng sahabatna salawasna diinget dina acara Asyuro. Asyuro akar kata tina bahasa Arab, ‘asyarotun nu ngandung hartos sapuluh; kaping sapuluh dina sasih muharram. Di urang oge dina sasih muharram, disebat oge sasih suro. Sepuh kapungkur mah sok nyebat muharram teh sasih suro. Dibalik nami sasih suro, dina wanci eta, putu Nabi nu dipikanyaah ku Nabi dibunuh  ku panguasa dholim. Di urang oge upami lebet sasih muharram sok aya tradisi ngadamel bubur suro, bubur bodas bubur beureum, di daerah sumatera tepatna di Bengkulu aya oge tradisi nu disebat tabut. Eta sadayana perkawis tradisi jang mieling putu Nabi, anu saur pamikir kawit Perancis, Halbwachs disebat ingetan kolektif atawa memori kolektif. Ayana eta ku perkawis kenangan nu kuat anu engkena janten ingetan dina jumplukan, masyarakat, tur urang Islam khususna.

Pandang ieu carita ku cinta; ku kasucian; ku rasa. 

Akhirul kalam..

Salam ka anjeun duh putu Nabi: al-maqtul, al-madzlum. Al-Fatihah.. []

 

 

 

Hal min nâshir yanshurni..?

12 November 2014

 

 

 

 

 

Mohon tunggu...

Lihat Konten Humaniora Selengkapnya
Lihat Humaniora Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun