Indung abdi namina Sri Wahyuni.
Biasana sok dicalukan mimih,
ayeuna anjeuna nincak yuswa ka 41 langkung 9 sasih.
Timimiti nincak sma, anjeuna parantos tiasa milari artos nyalira.
boh ngiringan unit produksi anu aya di sakolana atanapi ngiringan lomba sareng sanggar seni kamamana.
Waktos sma anjeuna lebet ka sakola khusus kajuruan seni (Baheulana disebut KOKAR, jadi SMKI, ayeuna mah kakoncara ku sebutan SMKN 10 Bandung). Nu dipilihna bahagian seni partunjukan khususna seni musik.Â
Lulus ti sma panjang carita nu teu tiasa dijabarkeun kana kalimah saalit hahaha...
Mimih nincak ka sakola nu leuwih luhung deui dugi ka lulusna tapi teu sami sareng jurusan anu sateuacanna nyaeta perhotelan.
Anjeuna nikah di yuswa 24 langkung 8 sasih sareng garwana anu gaduh nami Dias Wisynu Herlambang. Gaduhan putri di yuswa 25 taun anu dipasihan nami Tahalina Tahgrid nu migaduh hartos manuk cing caruwak ngahaleuang.Â
Mung hanjakal pisan rumah tanggina teu tiasa dipertahankeun dugi ka kiwari pegat di jalan.