Mohon tunggu...
Sunan Gunung Djati Blogger UIN SGD Bandung
Sunan Gunung Djati Blogger UIN SGD Bandung Mohon Tunggu... -

Sunan Gunung Djati adalah Harian Online Blogger Sunan Gunung Djati. Semula berawal dari Komunitas Blogger Kampus UIN SGD Bandung yang terbentuk pada tanggal 27 Desember 2007. Sejak 9 Februari 2009 dapat mengudara di Jagat Internet. Staff Redaksi: Pimpinan Umum: Ibn Ghifarie| Pimpinan Redaksi: Sukron Abdilah| Pengelola dan Keamanan Website: Badru Tamam Mifka, Zarin Givarian, Ahmad Mikail| Desain: Nur Azis| Kontributor Tetap: Pepih Nugraha (Senin-Ngeblog), Neng Hannah (Selasa-Gender), Bambang Q Anees (Rabu-Filsafat), Asep Salahudin (Kamis-Kesundaan), Afif Muhammad (Jumat-Teologi), ASM Romli (Sabtu-Media) Tim Susur Facebook: Cecep Hasanuddin, Reza Sukma Nugraha Tim Susur Blog: Amin R Iskandar, Jajang Badruzaman, Dasam Syamsudin, Dudi Rustandi. Seputar Redaksi: redaksi@sunangunungdjati.com Ayo Ngeblog, Ayo Berkarya! Selengkapnya klik www.sunangunungdjati.com

Selanjutnya

Tutup

Filsafat

Ti Haji Jadi Pangaji (Surahna Haji Hasan Mustapa)

31 Desember 2009   07:48 Diperbarui: 26 Juni 2015   18:41 312
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Filsafat. Sumber ilustrasi: PEXELS/Wirestock

Sunan Gunung Djati-Kalima haji ka Mekah, tepi ka betah, ti haji tepi ka aji, geus aji tepi ka uji tepi ka wiji, geus tepi jadi pangaji (HHM) Ungkara di luhur teh menang nyutat tina hiji guguritan yasana Haji Hasan Mustapa, manusa Sunda (1852-1930) anu geus teu bireuk deui, filsuf jeung sufi agung nenggang anu taya babandinganana. Hiji ungkara anu dina emprona mah miang tina kahariwang rehing loba jalma anu indit munggah haji ka baetulloh ngan saukur ngudag gelarna wungkul. Balik ti tanah suci lajuning laku lampah beh taya bedana jeung samemehna. Jigana teuing geus jadi pangadatan bangsa urang, di urang mah apan ajrih pisan moro sabangsaning gelar teh. Estu reueus kacida mun gelar akademik diberendelkeun paduli teu pernah boga karya anu jadi bahan pangcatur balarea. Eta deui gelar teh diameng: masih mending mun keur kapentingan akademik dalah apan ieu mah di lingkungan RT wae gelar oge apan masih dicacandak. Pon kitu gelar haji. Meuruen nya di lembur urang kalolobaan jalma leuwih ngaheulakeun cangkang (formalitas) tibatan eusi (substansi). Ambuing-ambuing sasat saalam dunya jamaah haji panglobana ti wewengkon urang, teu sirikna mun seg teu di watesan ku kuota mah jigana moal katampung. Bakal mudal. Masih wajar mun nu kakara, ieu mah apan geus ngadua kali malah tilu kalian sagala masih keneh pasered-sered jeung nu munggaran. Masih keneh kumerot namprak jatah malah lamun perlu demo ka pamarentah sakumaha anu lumangsung taun kumari ti sawatara KBIH sapedah kuwotana dikurangan. Ku anehna, nya di lembur urang oge pangpabalatakna jalma balangsak sakumaha laporan Bang Dunya. Sok sanajan amayatak jalma walurat tapi apan oge jalma anu pangjegudna sa Asia Tenggara sakumaha hasil riset Globe Asia (Mei 2008) dumuk di nagara urang. Saha deui lamun lain pupuhu partey Golongan Karya Aburizal Bakrie, taun 2008 pakayana tepi ka Rp 49,7 triliun (5,4 miliar dolar AS), sok padahal taun 2006 ukur 1,2 miliar dolar AS. Totalna mah ceunah ngajul angka 9,2 miliar dolar AS (Rp.84,6 triliun). Eta Wapres manten kitu, Yusuf Kalla urutan ke-30 bandana kurang leuwih Rp 2,1 triliun. Nya bangsa anu resep formalitas ieu anu ngabalukarkeun urang jadi bangsa tukang basilat. Korupsi meh walatra ti hilir tepi ka girang. Taya nu kasingsal. Ti departemen sekuler tepi ka departemen anu sapopoena ngokolakeun atikan jeung agami Nya meureun urang mun ngenteng kana bukuna Stanislav Andreski, Kleptocracy or Corruption as a System of Government (1968) geus kaasup nagara kleptokrasi. Jalaran cirina-cirina geus nyampak, nyatana praktek korupsi anu dilakukaun kalayan berjamaah: pajabat negara, aparatus birokrasi, anggota parlemen, jeung sektor swasta (pengusaha). Padahal ceunah urang teh nagara religius dalah sila kahiji wae tandes pisan Ketuhanan Yang Maha Esa. Urang teh kasebut negara pancasila anu saeutik oge teu mere omer pikeun sumebarna paham ateis, tapi estuning pamustunganana loba talajak anu ngahirib-hirib kana watek badis jalma anu teu boga Pangeran: tunggul dirarud catang dirumpak. Geus puguheun etika dalah agama oge apan mimindengna mah diruang kerepes lebah rohangan sosial mah, agama di urang mah ngan ukur aub dina lebah urusan privat-ritual wungkul. Haji enas-enas namah ‘ideologi kritik’ kana sarupaning laku lampah urang anu mikung. Jalma digupay sangkan eling. Balik ti tanah suci supaya mibanda jati diri anu walagri, bisa silih pikaheman jeung papada. Dina basa Haji Hasan Mustapa tea mah: Mipir bukit Palasari, tanjakan maraga cinta, apik ka ati nyaah ka tanaga, udara cangreud tina beuheung, tina cangreud loba biheung. Jeung sasama silih papatahan silih pikaheman. Nu matak sok pedor jodo panjang duriat, jodo menang jodo, jadi opat modalna kasukaan, jadi kalimana. Mun ku urang diimpleng tetela manasik jeung tempat-tempat haji teh pinuh ku silib: Kabah, Miqot, Towaf, Hajar Aswad, Maqom Ibrohim, Shofa Marwah, Arofah, Masy’ar, Mina, Jumroh, jeung sajabana. Misalna bae ngabalang jumroh pangeling-ngeling keur urang sangkan meruhkeun napsu anu teu weuleh ngagulidag umpal-umpalan; sai tanda tina diri sangkan mibanda etos rancage; wukup di Aropah ngelingan sangkan urang sadar kana pentingna ngawangun tali mimitran; atuh jarah ka Kabah jadi monumen anu ngahudangkeun kainsapan sangkan ngumawula ka Pangeran. Hiji lakuning jarah supaya urang salilana imet kana purwadaksi, eling sangkan, paraning dumadi, rehna hirup jeung hurip ngan saukur ngumbara anu kawengku ku awal jeung ahir sakumaha kalawan gemet ditulis ku panyajak Sayudi anu dijudulan Pangumbaraan: Satemena Ieu pangumbaraan teh lir walungan Nu teu kendat ngagelenggeng Ka hilirkeun Dina kadali tali wanci anu pasti Ngamuara ka sagara pakandangan Nu ayem langgeng Pasambungan langit jeung bumi Nu tanpa sisi Pamungkas, yu urang kutip hiji seratan benangna al-Hujwiri dina kitab Kasyful Mahjub anu pantes pisan dijadikeun bahan leunyepanen urang: “Kuring heran ka jalma-jalma anu tibuburanjat ngalet ngengkey ngabandalet neangan Kabah di dunya. Ku naon maranehna henteu ngotektak Kabah anu namper dina bayah. Ku naon maranehna henteu ngabina cinta jeung Mantena dina sukma? Tempat suci kadangkala bisa dijug-jug, waktuna beak kudu paturay tineng. Tapi mungguhing katresna cinta anu liket jeung Mantena dina hate salilana bakal ngempur. Mun tea mah jarah ka Kabah ngan saukur sataun sakali tapi ‘Kabah’anu aya dina dada bisa dijorag tilu ratus genep puluh kali sapoe sapeting. Sajatina satiap lengkah mistikus eta teh simbol tina lampah nyorang Kabah, jeung nalika maranehna anjog ka Tanah Suci tinangtu kahormatan bakal kahontal, satiap rengkak paripolahna eunteung tina kamabruran.” ***[ASEP SALAHUDIN, Pengasuh Kolom Kesundaan Sunan Gunung Djati yang terbit setiap hari Kamis]

Baca konten-konten menarik Kompasiana langsung dari smartphone kamu. Follow channel WhatsApp Kompasiana sekarang di sini: https://whatsapp.com/channel/0029VaYjYaL4Spk7WflFYJ2H

Mohon tunggu...

Lihat Konten Filsafat Selengkapnya
Lihat Filsafat Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun