Sunan Gunung Djati-Dina hiji riwayat disebatkeun, nalika hiji sohabat tumaros ka kanjeng Nabi saw perkawis naon anu bakal pangpayuna dilelepkeun kana naraka. Anjeuna ngawaler, “Sanes beuteung jeung tarang tapi letah!”. Ari letah didieu ngarupakeun silib tina basa. Waleran Nabi ieu jadi hiji kacindekan rehing letah teh pohara gede pisan pangaruhna dina ulekan kahirupan hiji jalma kaasup kahirupan engke di yaomul jaza. Kena ku paribasa hade gorong ku basa. Dalah apan aya dina paribasa Arab rehna salametna manusa jeung kamanusaan gumantung kana basa. Salamatul insan fi hifdzil lisan. Ku rohaka-rohakana balukar tina basa, tepi ka apan kanjeung Nabi mah ngajantenkeun ngariksa basa teh totonden tina tangkal kaimanan. Man kana yu’minu billahi wal yaomil akhiri fal yaqul khairon au liyashmut. Mun jalma ngaku iman ka Alloh jeung poe ahir, tanwande kudu nyarita hade, mun teu bisa leuwih alus repeh! Nabi ngan ukur masihan dua opsi: nyarita lempeng atawa ngabeuteum! Hartina, mun jalma geus teu bisa ngajaga biwirna, hartina tangkal keimanana geus semplak. Atuh apan aya dina hiji katerangan anu nandeskeun rehna ceunah basa teh ciciren bangsa. Mun hiji jalma hayang apal karakter hiji bangsa tinggal toong we leubah budayana. Ari cara noong badaya anu panggampangna nya ngaliwatan basa. Eta ceunah hayang nyaho ajen pikiran hiji jalma, sarua tinggal tingali cara basa (boh basa tulis atawa basa oral) anu digunakeunana. Mun basa anu digunakeunana pakusut, atuh moal leuwih tidinya pasti jalmana oge cupet. Balukar basa Mun urang ngaleunyepan ayat-ayat al-Quran seueur kacida padika Mantena anu ngajentrekeun kumaha sakuduna urang nyarita. Lain asal padu. Tepi apan saur Mantena ku Anjeun, mun urang biasa nyarita lempeng (qaulan sadida), tinangtu dua kauntungan bakal kahontal: Kahiji, yushlih lakum amalkaum. Pagawean urang moal ngabuntut bangkong sok komo tepi ka cacag nangkaeun. Mun caritaan geus beres, lain wae undak usuk basana tapi oge sapuk jeung bebeneran, meh bisa dipastikeun naon anu ku urang diharepkeun bakal tinekanan. Ceuk dina hiji katerengan baheula Konfusuis pernah mapatahan ka santri-santrina, “Basa anu sieup teh ngarupakeun modal utama dina raraga ngaheyeuk dayeh sangkan adil palamarta. Mun jalma boga patekadan hayang ngawujudkeun nagri anu tengtrem, lawangna taya lian pangeusi etu nagri kudu boga karep pikeun ngariksa basana”. Kadua, Wa yagfir lakum dunubakum. Basa anu hade bisa jadi pangjajap kana menangna magfiroh (pangampura) ti Alloh. Dina sawatara ayat ditandeskeun rehing salah sahiji sababiyah tumpurna umat-umat nabi baheula lantaran maranehnana teu bisa ngajaga basa. Teu baheula-baheula teuing apan, kumaha urang Jerman jadi ngacapruk ‘ka hipnotis’ ku Hitler. Musollani babasaanana bisa ngalantarankeun urang Itali jiga munding di cocok irungna. Modal Soekarno bisa ngamerdekakeun bangsa urang lantaran pinter pidato. Soeharto oge apal basa teh gede pangaruhnu pikeun ngahudangkeun kasadaran jalma, antukna boh radiona, TV na, koran malah forum-forum naon wae wajib dikontrol, mun tea mah tepi ka macem-macem kudu siap unggah balewatangan nyirekeum di pangberokan. Ceuk para ahli mah, kaayaan proses basa anu sasab kieu teh disebutna reifikasi. Mun geus ngarambah budaya katelahna we hegemoni. Tuladan ti Nabi Mun urang ngenteng ka kanjeung Nabi saw, atra pisan rehna salah sawios kasuksesan da’wah Nabi sahingga dina mangsa anu singkat salami 23 taun tos ngarobah watek bangsa Arab anu tadina jahiliah jadi islamiah, taya lian lantaran Nabi salamina tiasa ngariksa basana. Teu acan kantos kasaurkeun hiji jalma rahet hatena ku kanjeung Rosul. Tos puguheun garwa, kulawargi jeung ka para sohabatna, dalah ka deungeun-deungeun oge Nabi mah tetep someah. Ti beh ditu mula apan gelar al-amin disandingkeun ka mantena. Al-Amin mangrupikeun silib tina pribadi anu salamina tiasa ngajaga basana, kapercaya, tara ieuh sulaya ingkar tina tali gadang, pengkuh jeung bebeneran. Nabi dina hiji waktos teu pupuguh disekseukan beak dengkeuk ku urang yahudi, unggal poe nalika anjeuna bade ka masjid teu weuleh dibaledogan, Nabi henteu ieuh riuk riuk samalah nalika dugi iber rehna si yahudi eta katarajang panyakit, nya Nabi ku anjeun anu pangpayuna ngalongok. Atuh nalika anjeuna uih ka bumi kasampak di bumi teu acan aya katuangan, anjeuna dibarung ku imut nguningakeun ka garwana rehna dina dinten eta seja saum. Garwana dicalukan ngangge kecap anu matak kayungyun, “Ya Humairo.” Meureun pibasaeun urang mah, “Neneng geulis, anu damisna koneng umyang” Nabi mangrupikeun pribadi anu salamina tara elat nebarkeun raray anu marahmay. Saur Nabi ku anjeun apan, “Mun teu bisa sodakoh ku duit atuh ku seuri-seuri”. Malah apan nabi kacida benduna ka jalma anu pagaweana ngarahetkeun hate tatanggana. Jalaran Nabi salamina ngajaga basana, sakali deui, naon anu janteun udagan anjeuna nyaeta ngawujudkeun masarakat anu tingtrim tiis ceula herang mata tiasa kalaksanakeun sakumaha kaalaman pisan di Madinah harita. Lain wae urang islam wungkul anu ngaraskeunana tapi oge seke seler sansena. Ngaraos teuteug, nalika Madinah dipingpin ku kanjeung Nabi. Sok padahal can lila wewengkon Arab ditalekeuman watek-watek jahiliah anu kasohor sakumaha didokumentasikeun dina sair-siar jahiliah beunang Tarofah, nyaeta: a) sahaok kadua gaplok; b) peperangan jadi kacapangan sok sanajan alesan teu pira; c) fanatisme kaom (asobiyah) dina wates anu teu asup akal; d) hirup ngan ukur memerik dunya (teu mibanda udagan anu puguh); e) Riba jadi pakasaban; f) naon wae dirandapan paduli kudu tunggul dirarud catang dirumpak ; g) mabok meh jadi adat kabiasaan; h) martabat wanoja ditincak; i) Kapercayaan mikung kamusyrikan jadi ceuceukeulan Adat mahiwal anu geus ka kurung ku iga tetela ku kanjeung Nabi mah tiasa dirungkadkeun. Dilempengkeun deui sangkan payus jeung lelembutan (pitroh). Diseketan supaya henteu mengpar tina iger-igeran. Dirautan kalayan pinuh kasobaran sangkan teu mengpar jeung padika Robbul Alamin. Saur mantena nyalira, sakumna jalma nalika gubrag ka alam dunya aya dina kaayaan suci. Nya lingkungan anu kerep ngalantarankeun hiji jalma pindah pilempangan. Mun lingkungan hade, atuh kalolobaan jalma pasti hade. Tapi mun lingkungana geus awuntah, jalma pasti loba anu owah sok komo lamun dipirucaan ku para pamingpina Ceuk Ibnu Holdun mah ceunah, “Agama rayat teh gumantung kana agama para pamingpina”. Nya didieu pisan Nabi saw tampil da’wah ngagunekun metode uswah (tuladan) kalebet dina cara nyariosna. Urang kiwari Meureun ku naon bangsa urang tepi ka kawiri masih keneh can bisa ojah tina krisis, salah sahiji jawabana lantaran bangsa urang pangpangna para pamingpina teu pernah ngajaga basa. Prestasi Reformasi teh anu puguh mah ngan ukur ngabalukarkeun bangsa urang sakumna jaradi pengamat. Paawong-awong ngomongkeun batur. Ceuk itu kudu kieu. Ceuk ieu kudu kitu. Tiap lima taun sakali mintonkeun acara ngumbar jangji, bari jangji anu kamari oge eweuh anu ditedunan. Anu kudu digawe jadi pengamat. Pengamat deur dibere pancen ngokolakeun pagawean anu sipatna tekhnis. Antukna sarwa pajurawet. Narapidana manten kiwari boga kasempatan jadi pejabat, atuh pejabat manten loba anu jadi narapidana. Masarakat antukna geus teu percaya deui kana naon anu diomongkeun ku para pamingpina (apatis), da geus mindeng teuing dibobodona. Malah apan aya sabagian masarakat anu kreatip: teu weuleuh nangkep omongan para pamingpin bangsa sacara tibalik. Mun maranehna ngomong hahargaan moal ditaekeun hartina pasti nerekel, mun pidato nyieun itu ieu teh gratis hartina kudu mayar, mun ngaku teu pernah basilat hartina korupsi, mun tea mah ngalaporkeun dina rekeningna teu boga duit pima’naenana duitna ngahunyud, mun ngear-ngear teu boga nu ngora maksudna sisimpeunana di unggal pengkolan. Paradigma komunikasi pulitik anu sarwa ti balik. Bongan sorangan. Jigana sa alam dunya ngan pamingpin di urang anu pangcapetangna. Capetang anu ngahirib-hirib kana ngabustam. Lebah dieu jigana bedana urang jeung bangsa deungeun anu geus maraju teh: loba teuing peketrok huntu. Teu bisa ngariksa basa. Ku pinter-pinterna ngabustam apan tepi ka kiwari eweuh koruptor anu dijagrageun ka pangadilan sok padahal dina panaluntikan bangsa urang teh kaasup bangsa anu pangkorupna. Aya korupsi bari eweuh koruptorna. Aneh. Kapungkur jaman Holipah Umar bin Khotob, nalika para menteri jeung gupernurna hot-hat madungdengkeun hiji pasualan anu dina angkehanana bener, sayidna Umar biantara, “Keur naon aranjeun nyawalakeun bebeneran mun bebeneran eta henteu pernah jadi kanyataan. Bebeneran teh kudu jeung prungna lain ukur dina undang-undang.” Kasauran sayidan Umar ieu sabenerna kritik keur urang. Da kabuktian pisan apan, geus eweuh anu kurang dina undang-undang mah, jalma palinter pabalatak, anu baroga gelar amayatak, ulama geus teu kaitung, tinggal prungna ngalaksanakeun undang-undang eta. Ngajaga basa hartina nyurupkeun supaya basa eta payus jeung bebeneran sangkan lakuning lampah urang henteu mengpar. Naon deui?! [ASEP SALAHUDIN, Pengasuh Kolom Kesundaan Sunan Gunung Djati yang terbit setiap hari Kamis]
Baca konten-konten menarik Kompasiana langsung dari smartphone kamu. Follow channel WhatsApp Kompasiana sekarang di sini: https://whatsapp.com/channel/0029VaYjYaL4Spk7WflFYJ2H