Sunan Gunung Djati-Puguh ge matak teu kaharti ku akal. Ongkoh urang teh hirup di wewengkon anu ku batur mah disebutna ge sorga dunya tapi pangeusina estuning kalolobaan malarat.
Jalma miskin sakumaha dina laporan Bang Dunia pangeuyeubna di urang. Oyek kiwari di sababaraha tempat dijadikeun kadaharan utama. Barudak loba anu pegat sakola di tengah jalan.
Meh di tiap pengkolan mobil jeung motor di gembrong kunu baramaen. Sakalieun naek beus, pasesedeuk jeung tukang ngamen katut tukang asong. Geus puguheun hahargaan loba nu teu kahontal, da orokaya hargana ngajaul.
Meuerun matak kitu oge, nagara urang teh geus salah urus. Adil palamarta ngan ukur aya dina pawayangan da dina buktina mah jauh tanah ka langit. Geus kacapangan, para pamingpin di urang mah loba anu owah gingsir. Pindah pilempangan. Kalolobaan gumenak: anu kuduna ngabdi ka rahayat, malah hayang diladenan. Ayana birokrasi lain urusan jadi gampang, anggur leuwih hese. Nyieun KTP jeung Kartu Kulawarga mun can ngaluarkeun leuleueur pamohalan bakal lungsur langsar. Di urang mah sarwa ti balik, “Mun bisa dipersulit keur naon dipermudah”. Matak lieur ngabandunganana.
Atuh panyakit anu geus jadi bibit buit tikusrukna bangsa urang, nya naon deui ari lain sakadang korupsi mah lain eureun ceunah kalahka beuki meuweuh. Walatra ti hilir tepi ka girang. Taya anu kasingsal. Otonomi teh anu puguh mah ngawalatrakeun korupsi. Ceuk hiji laporan: ku kacida motekarna, tepi ka urang mah rengking hiji di Asia Tenggara lain lebah hadena tapi dina urusan babadog rarampog duit nagara. Nomer tilu sa alam dunya. Malah aya hiji karikatur anu matak nyeuleukit: ceunah mun di Amerika Latin korupsi teh di lakukeun di kolong meja, di Cina di luhureun Meja, di urang mah di ringkid jeung meja-mejana koredas tepi ka teu nyesa.
Rahaytna kitu na mah. Teu pernah aya sangsi sosial ka jalma tukang basilat. Malah mindeng kajadian manehna teh geus sabiwir hiji tukang curaling, eh pas aya pamilihan diparilih deui. Eta sok pedah ngawur-ngawur kaos, ngabagi-bagi duit teu pira. Dak sakala jadi berehan.
Fa aena tadzhabun? Mun urang pareng ti Bandung ka Tasikeun atawa ka Garutkeun, pas palebah Paslon sangges beak pudunan Nagreg aya masjid camperenik ngarana katelah Uswatun Hasanah. Dina gapura masjid eta ngajeblag tulisan anu di cutat tina Ayat al-Quran. Faaena Tazhabun. Hartina: aranjeuna rek lumaku kamarana?
Hiji pertanyaan anu geus tangtu jawabana lain nunjuk kana lebah wewengkon anu sipatna fisik-geografis. Tapi hiji patarosan anu ngabutuhkeun jawabana anu sipatna dalit pancakakina jeung tujuan urang hirup kumelenang di alam dunya ieu, patali jeung orientasi sikep urang. Hiji pertanyaan sangkan urang bisa salilana hirup dina galur padika Mantena. Jajauheun tina sikep-sikep tunggul dirarud catang dirumpak.
Dina ajaran al-Quran tandes pisan rehna hurip jeung hirup urang estuning lilla ta’ala sakumaha ku urang diikrarkeun waktu ngucapkeun doa iptitah. Inna solati wa nusuki wa mahyaya wa mamati lillahi robbil a’alamin. Solat urang, ibadah urang, hirup jeung paeh diancokeun estuning seja babakti kanu kawasa, lillahi ta’ala. Alloh jadi tempat miang jeung tempat urang mulang. Inna lillahi wa inna ilaihi roji’un.
Jawaban tina faaena tadhabun anu bakal jadi obor urang dina sagala widang. Mun jalma geus nancebkeun rasaning eling dina sukmana atuh diharepkeun pangaruhna nemrak dina palataran hirup sapopoe. Asana jalma anu eling jiga kieu manehna bakal dibeuweung diutahkeun mun rek migawe hiji perkara. Mikir sarebu kali mun seg tea mah rek ngalakuken pagawean lacut. Heueuh jalma bisa dibobodo, tapi Pangeran pamohalan bisa dilejokeun. Moal katohyaan ku papada, tapi ku Pangeran moal aya hiji perkara oge anu bisa moncor.
“Jeung saestuna Kami geus nyiptakeun manusa jeung kami apal kana naon anu dikeretegkeun ku hatena jeung Kami leuwih deukeut ka manehna tibatan urat behengna sorangan” (QS. Qaf/50: 16)